Punten Kang Oman, ieu barita rada heboh, komo hal ieu ceunah hasil temuan Staf 
Khusus Presiden Bidang Sosben - A. Arief. Kuring rada mikir saeutik, aya 
komentar yen Piramida anu di Garut umurna leuwih kolot dibanding Piramida Giza 
di Mesir. Ceuk pikiran kuring, situs-situs anu geus kapanggih di nagara urang 
dumasar kana bukti ilmiah saperti wangunan Candi-candi diwangun abad 7 M. Ceuk 
catatan sajarah mangsa Piramida Giza di Mesir, kaayaan nagara urang masih 
mangsa prasejarah, naha bisa nyimpulkeun yen bentuk wangunan Piramida di Garut 
leuwih kolot?.
Nuhun Kang, kuring ngantos barita salanjutna ngenaan Piramida di Garut, 
mudah-mudahan hasil panaluntikan sacara ilmiah ieu mere informasi anu akurat.
   

________________________________
 Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Cc: urang sunda <[email protected]> 
Dikirim: Selasa, 14 Februari 2012 14:26
Judul: Re: Bls: [kisunda] Gunung Padang Ceuk Ahli Arkeologi
  

 
   
 
Memang rada aheng. Tapi supaya rada saimbang informasina, coba diilikan anu 
ayeuna keur rame dipadungdengkeun. Hasil panalungtikan anu anyara tiasa 
dipariksa di dieu:

http://nasional.vivanews.com/news/read/286338-gunung-padang--wonders-dari-4-700-sm

Naha Gunung Padang teh piramid? Can tangtu. Ngan, teu kudu rurusuhan nolak, teu 
kudu gagancangan ngaenyakeun. Urang dagoan wae terus hasil panalungtikanana.

Salam,
Oman A.


2012/2/14 [email protected] <[email protected]>

 
>  
>asa teu percaya aya piramida di Sunda. naha kitu aya turunan ti Firaun Mesir? 
>
>--- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
>>
>> Gunung Padang situs Megalitikum di Cianjur, pundan berundak nyaeta batu anu 
>> ngarupakeun anak tangga ti handap sampe ka luhur. Mun ningali situs-situs 
>> anu tos kapendak ku para ahli, situs Gunung Padang  pastina henteu jauh 
>> jeung urut tempat Istana Raja atawa tempat-tempat ibadah. Tapi wallahu alam 
>> bentuk wangunan naha jiga piramida. Mun ningali pagunungan lain di 
>> nusantara, model  pagunungan anu nyarupaan bentuk piramida oge seueur, naha 
>> eta oge jieunan leungeun manusa. Ieu meureun bacaeun pikeun manusa anu ahli 
>> dina widangna pikeun ngagunakeun utekna dina raraga ngembangkeun elmu 
>> panganyahona. 
>
>> Terus barita ngenaan pagunungan di Garut anu bentukna jiga piramida, mun 
>> enya eta ahli arkeologi jeung geologi nyidikkeun yen eta hasil jieunan 
>> leungeun manusa, kumaha jeung gunung tangkuban parahu anu jiga parahu oge 
>> eta jieunan leungeun manusa?
>> 
>> 
>
> ________________________________
>>  Dari: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...>
>
>> Kepada: urangsunda urangsunda <[email protected]> 
>> Cc: "[email protected]" <[email protected]> 
>> Dikirim: Selasa, 14 Februari 2012 11:33
>> Judul: [kisunda] Gunung Padang Ceuk  Ahli Arkeologi
>> 
>> 
>> 
>
>   
>
>> 
>> Waktos KIBS II kamari, aya sesi dimana Mang Hasan (ahli Arkeologi) 
>> ngadadarkeun perkara Gunung Padang. Malihan mah harita oge aya wakil 
>> arkeologi (?) ti Provinsi Jawa Barat, anu netelakeun, Gunung Padang 
>> dirarancang jadi salah sahiji tempat wisata, ngaaktipkeun deui jalur kareta 
>> api anu ngaliwatan torowongan......
>> Mang Hasan harita teh teu nyabit-nyabit eta gunung mangrupa hiji piramid. 
>> Almarhum Mang Ayat oge dina buku memoarnya heunteu netelakeun aya piramid. 
>> Tapi anu jelas mah tempat neangan jodo.
>> 
>
> Duka ahli dina widang naon, jol aya wae urang LIPI anu netelakeun Gunung 
> Padang teh di handapna aya  wangunan piramida. Sok sanajan masih hiji 
> hipotesa anu perlu dibuktikeun, tapi upama maca di media, mani siga nu yakin 
> pisan aya piramid. Duka tah, naha para peneliti LIPI anu "ceroboh" atawa 
> media anu rek neangan sensasi, atawa aya pihak-pihak anu ngahaja 
> "mempolitisir" perkara ieu.
>> 
>> mrachmatrawyani
>>
>
>   
  
      

Kirim email ke