Gunung Padang situs Megalitikum di Cianjur, pundan berundak nyaeta batu anu 
ngarupakeun anak tangga ti handap sampe ka luhur. Mun ningali situs-situs anu 
tos kapendak ku para ahli, situs Gunung Padang  pastina henteu jauh jeung urut 
tempat Istana Raja atawa tempat-tempat ibadah. Tapi wallahu alam bentuk 
wangunan naha jiga piramida. Mun ningali pagunungan lain di nusantara, model  
pagunungan anu nyarupaan bentuk piramida oge seueur, naha eta oge jieunan 
leungeun manusa. Ieu meureun bacaeun pikeun manusa anu ahli dina widangna 
pikeun ngagunakeun utekna dina raraga ngembangkeun elmu panganyahona.
Terus barita ngenaan pagunungan di Garut anu bentukna jiga piramida, mun enya 
eta ahli arkeologi jeung geologi nyidikkeun yen eta hasil jieunan leungeun 
manusa, kumaha jeung gunung tangkuban parahu anu jiga parahu oge eta jieunan 
leungeun manusa?
 

________________________________
 Dari: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Kepada: urangsunda urangsunda <[email protected]> 
Cc: "[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Selasa, 14 Februari 2012 11:33
Judul: [kisunda] Gunung Padang Ceuk  Ahli Arkeologi
  

 
   
 
Waktos KIBS II kamari, aya sesi dimana Mang Hasan (ahli Arkeologi) ngadadarkeun 
perkara Gunung Padang. Malihan mah harita oge aya wakil arkeologi (?) ti 
Provinsi Jawa Barat, anu netelakeun, Gunung Padang dirarancang jadi salah 
sahiji tempat wisata, ngaaktipkeun deui jalur kareta api anu ngaliwatan 
torowongan......
Mang Hasan harita teh teu nyabit-nyabit eta gunung mangrupa hiji piramid. 
Almarhum Mang Ayat oge dina buku memoarnya heunteu netelakeun aya piramid. Tapi 
anu jelas mah tempat neangan jodo.

Duka ahli dina widang naon, jol aya wae urang LIPI anu netelakeun Gunung Padang 
teh di handapna aya  wangunan piramida. Sok sanajan masih hiji hipotesa anu 
perlu dibuktikeun, tapi upama maca di media, mani siga nu yakin pisan aya 
piramid. Duka tah, naha para peneliti LIPI anu "ceroboh" atawa media anu rek 
neangan sensasi, atawa aya pihak-pihak anu ngahaja "mempolitisir" perkara ieu.

mrachmatrawyani
   
      

Kirim email ke