Urang panjangkeun ngimpina, bari ngantosan hasil panalungtikan, nu duka teuing terus ditalungtik atawa henteuna mah. Ari nu dikarawang kumaha wartosna Kang Oman?
2012/2/14 oman abdurahman <[email protected]> > ** > > > Sami kuring oge teu ngarti. Urang antosan wae kang engke hasil akhirna. > Ngan, ari teori dasarna (anu jadi kasangtukangna) mah aya (sanes teori ti > abdi, tapi teori ti anu ngalakukeun panalungtikanana) > > Oge hiji informasi anu perlu diinget yen model "piramid" teh lain ukur > model anu di Giza (anu tungtungna mengkerucut). Aya oge model piramid Machu > Picchu anu puncakna teh disopak (dipapas) anu disebut punden berundak, eta > oge kaasup model piramid. > > manar > > > > 2012/2/14 Sp Saprudin <[email protected]> > >> ** >> >> >> Punten Kang Oman, ieu barita rada heboh, komo hal ieu ceunah hasil temuan >> Staf Khusus Presiden Bidang Sosben - A. Arief. Kuring rada mikir saeutik, >> aya komentar yen Piramida anu di Garut umurna leuwih kolot dibanding >> Piramida Giza di Mesir. Ceuk pikiran kuring, situs-situs anu geus kapanggih >> di nagara urang dumasar kana bukti ilmiah saperti wangunan Candi-candi >> diwangun abad 7 M. Ceuk catatan sajarah mangsa Piramida Giza di Mesir, >> kaayaan nagara urang masih mangsa prasejarah, naha bisa nyimpulkeun yen >> bentuk wangunan Piramida di Garut leuwih kolot?. >> Nuhun Kang, kuring ngantos barita salanjutna ngenaan Piramida di Garut, >> mudah-mudahan hasil panaluntikan sacara ilmiah ieu mere informasi anu >> akurat. >> >> >> *Dari:* oman abdurahman <[email protected]> >> *Kepada:* [email protected] >> *Cc:* urang sunda <[email protected]> >> *Dikirim:* Selasa, 14 Februari 2012 14:26 >> *Judul:* Re: Bls: [kisunda] Gunung Padang Ceuk Ahli Arkeologi >> >> >> Memang rada aheng. Tapi supaya rada saimbang informasina, coba diilikan >> anu ayeuna keur rame dipadungdengkeun. Hasil panalungtikan anu anyara tiasa >> dipariksa di dieu: >> >> >> http://nasional.vivanews.com/news/read/286338-gunung-padang--wonders-dari-4-700-sm >> >> Naha Gunung Padang teh piramid? Can tangtu. Ngan, teu kudu rurusuhan >> nolak, teu kudu gagancangan ngaenyakeun. Urang dagoan wae terus hasil >> panalungtikanana. >> >> Salam, >> Oman A. >> >> 2012/2/14 [email protected] <[email protected]> >> >> ** >> >> asa teu percaya aya piramida di Sunda. naha kitu aya turunan ti Firaun >> Mesir? >> >> --- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote: >> > >> > Gunung Padang situs Megalitikum di Cianjur, pundan berundak nyaeta batu >> anu ngarupakeun anak tangga ti handap sampe ka luhur. Mun ningali >> situs-situs anu tos kapendak ku para ahli, situs Gunung Padang pastina >> henteu jauh jeung urut tempat Istana Raja atawa tempat-tempat ibadah. Tapi >> wallahu alam bentuk wangunan naha jiga piramida. Mun ningali pagunungan >> lain di nusantara, model pagunungan anu nyarupaan bentuk piramida oge >> seueur, naha eta oge jieunan leungeun manusa. Ieu meureun bacaeun pikeun >> manusa anu ahli dina widangna pikeun ngagunakeun utekna dina raraga >> ngembangkeun elmu panganyahona. >> >> > Terus barita ngenaan pagunungan di Garut anu bentukna jiga piramida, >> mun enya eta ahli arkeologi jeung geologi nyidikkeun yen eta hasil jieunan >> leungeun manusa, kumaha jeung gunung tangkuban parahu anu jiga parahu oge >> eta jieunan leungeun manusa? >> > >> > >> > ________________________________ >> > Dari: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> >> >> > Kepada: urangsunda urangsunda <[email protected]> >> > Cc: "[email protected]" <[email protected]> >> > Dikirim: Selasa, 14 Februari 2012 11:33 >> > Judul: [kisunda] Gunung Padang Ceuk Ahli Arkeologi >> > >> > >> > >> >  >> > >> > Waktos KIBS II kamari, aya sesi dimana Mang Hasan (ahli Arkeologi) >> ngadadarkeun perkara Gunung Padang. Malihan mah harita oge aya wakil >> arkeologi (?) ti Provinsi Jawa Barat, anu netelakeun, Gunung Padang >> dirarancang jadi salah sahiji tempat wisata, ngaaktipkeun deui jalur kareta >> api anu ngaliwatan torowongan...... >> > Mang Hasan harita teh teu nyabit-nyabit eta gunung mangrupa hiji >> piramid. Almarhum Mang Ayat oge dina buku memoarnya heunteu netelakeun aya >> piramid. Tapi anu jelas mah tempat neangan jodo. >> > >> > Duka ahli dina widang naon, jol aya wae urang LIPI anu netelakeun >> Gunung Padang teh di handapna aya wangunan piramida. Sok sanajan masih >> hiji hipotesa anu perlu dibuktikeun, tapi upama maca di media, mani siga nu >> yakin pisan aya piramid. Duka tah, naha para peneliti LIPI anu "ceroboh" >> atawa media anu rek neangan sensasi, atawa aya pihak-pihak anu ngahaja >> "mempolitisir" perkara ieu. >> > >> > mrachmatrawyani >> > >> >> >> >> >> > >
