Memang rada aheng. Tapi supaya rada saimbang informasina, coba diilikan anu ayeuna keur rame dipadungdengkeun. Hasil panalungtikan anu anyara tiasa dipariksa di dieu:
http://nasional.vivanews.com/news/read/286338-gunung-padang--wonders-dari-4-700-sm Naha Gunung Padang teh piramid? Can tangtu. Ngan, teu kudu rurusuhan nolak, teu kudu gagancangan ngaenyakeun. Urang dagoan wae terus hasil panalungtikanana. Salam, Oman A. 2012/2/14 [email protected] <[email protected]> > ** > > > asa teu percaya aya piramida di Sunda. naha kitu aya turunan ti Firaun > Mesir? > > --- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote: > > > > Gunung Padang situs Megalitikum di Cianjur, pundan berundak nyaeta batu > anu ngarupakeun anak tangga ti handap sampe ka luhur. Mun ningali > situs-situs anu tos kapendak ku para ahli, situs Gunung Padang pastina > henteu jauh jeung urut tempat Istana Raja atawa tempat-tempat ibadah. Tapi > wallahu alam bentuk wangunan naha jiga piramida. Mun ningali pagunungan > lain di nusantara, model pagunungan anu nyarupaan bentuk piramida oge > seueur, naha eta oge jieunan leungeun manusa. Ieu meureun bacaeun pikeun > manusa anu ahli dina widangna pikeun ngagunakeun utekna dina raraga > ngembangkeun elmu panganyahona. > > > Terus barita ngenaan pagunungan di Garut anu bentukna jiga piramida, mun > enya eta ahli arkeologi jeung geologi nyidikkeun yen eta hasil jieunan > leungeun manusa, kumaha jeung gunung tangkuban parahu anu jiga parahu oge > eta jieunan leungeun manusa? > > > > > > ________________________________ > > Dari: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> > > > Kepada: urangsunda urangsunda <[email protected]> > > Cc: "[email protected]" <[email protected]> > > Dikirim: Selasa, 14 Februari 2012 11:33 > > Judul: [kisunda] Gunung Padang Ceuk Ahli Arkeologi > > > > > > > >  > > > > Waktos KIBS II kamari, aya sesi dimana Mang Hasan (ahli Arkeologi) > ngadadarkeun perkara Gunung Padang. Malihan mah harita oge aya wakil > arkeologi (?) ti Provinsi Jawa Barat, anu netelakeun, Gunung Padang > dirarancang jadi salah sahiji tempat wisata, ngaaktipkeun deui jalur kareta > api anu ngaliwatan torowongan...... > > Mang Hasan harita teh teu nyabit-nyabit eta gunung mangrupa hiji > piramid. Almarhum Mang Ayat oge dina buku memoarnya heunteu netelakeun aya > piramid. Tapi anu jelas mah tempat neangan jodo. > > > > Duka ahli dina widang naon, jol aya wae urang LIPI anu netelakeun Gunung > Padang teh di handapna aya wangunan piramida. Sok sanajan masih hiji > hipotesa anu perlu dibuktikeun, tapi upama maca di media, mani siga nu > yakin pisan aya piramid. Duka tah, naha para peneliti LIPI anu "ceroboh" > atawa media anu rek neangan sensasi, atawa aya pihak-pihak anu ngahaja > "mempolitisir" perkara ieu. > > > > mrachmatrawyani > > > > >
