asa teu percaya aya piramida di Sunda. naha kitu aya turunan ti Firaun Mesir? 

--- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
>
> Gunung Padang situs Megalitikum di Cianjur, pundan berundak nyaeta batu anu 
> ngarupakeun anak tangga ti handap sampe ka luhur. Mun ningali situs-situs anu 
> tos kapendak ku para ahli, situs Gunung Padang  pastina henteu jauh jeung 
> urut tempat Istana Raja atawa tempat-tempat ibadah. Tapi wallahu alam bentuk 
> wangunan naha jiga piramida. Mun ningali pagunungan lain di nusantara, 
> model  pagunungan anu nyarupaan bentuk piramida oge seueur, naha eta oge 
> jieunan leungeun manusa. Ieu meureun bacaeun pikeun manusa anu ahli dina 
> widangna pikeun ngagunakeun utekna dina raraga ngembangkeun elmu panganyahona.
> Terus barita ngenaan pagunungan di Garut anu bentukna jiga piramida, mun enya 
> eta ahli arkeologi jeung geologi nyidikkeun yen eta hasil jieunan leungeun 
> manusa, kumaha jeung gunung tangkuban parahu anu jiga parahu oge eta jieunan 
> leungeun manusa?
>  
> 
> ________________________________
>  Dari: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...>
> Kepada: urangsunda urangsunda <[email protected]> 
> Cc: "[email protected]" <[email protected]> 
> Dikirim: Selasa, 14 Februari 2012 11:33
> Judul: [kisunda] Gunung Padang Ceuk  Ahli Arkeologi
>   
> 
>  
>    
>  
> Waktos KIBS II kamari, aya sesi dimana Mang Hasan (ahli Arkeologi) 
> ngadadarkeun perkara Gunung Padang. Malihan mah harita oge aya wakil 
> arkeologi (?) ti Provinsi Jawa Barat, anu netelakeun, Gunung Padang 
> dirarancang jadi salah sahiji tempat wisata, ngaaktipkeun deui jalur kareta 
> api anu ngaliwatan torowongan......
> Mang Hasan harita teh teu nyabit-nyabit eta gunung mangrupa hiji piramid. 
> Almarhum Mang Ayat oge dina buku memoarnya heunteu netelakeun aya piramid. 
> Tapi anu jelas mah tempat neangan jodo.
> 
> Duka ahli dina widang naon, jol aya wae urang LIPI anu netelakeun Gunung 
> Padang teh di handapna aya  wangunan piramida. Sok sanajan masih hiji 
> hipotesa anu perlu dibuktikeun, tapi upama maca di media, mani siga nu yakin 
> pisan aya piramid. Duka tah, naha para peneliti LIPI anu "ceroboh" atawa 
> media anu rek neangan sensasi, atawa aya pihak-pihak anu ngahaja 
> "mempolitisir" perkara ieu.
> 
> mrachmatrawyani
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke