Kumaha lamun pertanyaannya rada dirobah saeutik:

- Di Mesir jeung di Sunda aya piramida, titinggal saha nya?



On 02/14/2012 02:12 PM, [email protected] wrote:

asa teu percaya aya piramida di Sunda. naha kitu aya turunan ti Firaun Mesir?

--- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>, Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
>
> Gunung Padang situs Megalitikum di Cianjur, pundan berundak nyaeta batu anu ngarupakeun anak tangga ti handap sampe ka luhur. Mun ningali situs-situs anu tos kapendak ku para ahli, situs Gunung Padang pastina henteu jauh jeung urut tempat Istana Raja atawa tempat-tempat ibadah. Tapi wallahu alam bentuk wangunan naha jiga piramida. Mun ningali pagunungan lain di nusantara, model pagunungan anu nyarupaan bentuk piramida oge seueur, naha eta oge jieunan leungeun manusa. Ieu meureun bacaeun pikeun manusa anu ahli dina widangna pikeun ngagunakeun utekna dina raraga ngembangkeun elmu panganyahona. > Terus barita ngenaan pagunungan di Garut anu bentukna jiga piramida, mun enya eta ahli arkeologi jeung geologi nyidikkeun yen eta hasil jieunan leungeun manusa, kumaha jeung gunung tangkuban parahu anu jiga parahu oge eta jieunan leungeun manusa?
>
>
> ________________________________
> Dari: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...>
> Kepada: urangsunda urangsunda <[email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>> > Cc: "[email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>" <[email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>>
> Dikirim: Selasa, 14 Februari 2012 11:33
> Judul: [kisunda] Gunung Padang Ceuk Ahli Arkeologi
>
>
>
> Â
>
> Waktos KIBS II kamari, aya sesi dimana Mang Hasan (ahli Arkeologi) ngadadarkeun perkara Gunung Padang. Malihan mah harita oge aya wakil arkeologi (?) ti Provinsi Jawa Barat, anu netelakeun, Gunung Padang dirarancang jadi salah sahiji tempat wisata, ngaaktipkeun deui jalur kareta api anu ngaliwatan torowongan...... > Mang Hasan harita teh teu nyabit-nyabit eta gunung mangrupa hiji piramid. Almarhum Mang Ayat oge dina buku memoarnya heunteu netelakeun aya piramid. Tapi anu jelas mah tempat neangan jodo.
>
> Duka ahli dina widang naon, jol aya wae urang LIPI anu netelakeun Gunung Padang teh di handapna aya wangunan piramida. Sok sanajan masih hiji hipotesa anu perlu dibuktikeun, tapi upama maca di media, mani siga nu yakin pisan aya piramid. Duka tah, naha para peneliti LIPI anu "ceroboh" atawa media anu rek neangan sensasi, atawa aya pihak-pihak anu ngahaja "mempolitisir" perkara ieu.
>
> mrachmatrawyani
>



Kirim email ke