Nuhun infona kang, jadi resep ngalenyepan ieu barita.....
________________________________ Dari: oman abdurahman <[email protected]> Kepada: [email protected] Cc: urang sunda <[email protected]> Dikirim: Rabu, 15 Februari 2012 11:06 Judul: Re: Bls: [kisunda] Gunung Padang Ceuk Ahli Arkeologi Baraya, Hadena mah keun wae elmu (sains) sina maju, sabab memang Gn Sadahurip teh rada "aheng", dina harti henteu gampang dijelakeun kitu wae salaku fenomena gn api purba atawa dome piroklastik. Salian ti eta, anu kabandungan ku kuring, IAGi sacara formal tacan ngumumkeun sikep atawa pamadeganana (naha bentukan alam atawa aya unsur man-made) boh pikeun Gn Sadahurip atawa Gn Padang. Lamun sabagean anggota IAGI atawa Pengda IAGI (khususna anu di Jabar) mungkin enya geus netepkeun statusna eta dua gunung. Di handap ieu sababaraha postingan ti kang Danny (DHN, emailna: [email protected]) & p Awang (emailna: [email protected]) anu diposting ku aranjeunna ka milis IAGI dina thread ngeunaan Gn Sadahurip & Gn Padang. Duana aoge, henteu siga kuring, lain ahli geologi jore-jore. Duana peneliti kahot di bidang geologi. Tina eusining email aranjeunna (dibandingkeun jeung pamadegan sabalikna) katingal kumaha henteu sederhanana "tangtungan" Gn Sadahurip teh (catetan: si kuring tos kenging izin ti aranjeunn kanggo posting/fwd eta postingan aranjeunna ka ieu milist). Jadi, keun wae sina hirup diskusi ilmiahna, saha anu nyaho engke bakal tumuwuh elmu anyar anu ngajelaskeun fenomena Gunungapi Sadahurip - atawa - sabalikna, aya papangihan nu sejenna (si kuring moal waka nyebut piramid, bisi nyalahan). Oge, wacana ieu hade pikeun ngamasyaratkeun yen elmu teh mimitina diwangun ku pendapat2 anu berbeda, jadi kaasah: --------- Wilujeng ngilo. Iraha atuh warga milist jalan2 ka Gn Sadahurip atawa ka Gn Padang? manar
