Upami nilik ka na dasar lalakon ... rupina ieu Jalma teh ngalalakon keun taun2 1800an tah ? Jadi tebih keneh teuing ka na 1945 mah. Punten we kang Yani.
--- In [email protected], MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote: > > Sigana Jalma disiapkeun pikeun nyanghareupan musuh anu luhung elmuna. Moal > sagawayah tanaga jero Jalma anu bisa nyedot tanaga batur, upama teu aya > mangpaatna. Sigana carita bisa tambah rame. Saha musuh/lawan jalma anu elmuna > luhung? > Kumaha jujutanana jeung Noni Walanda? Naha Jalma bakal nyanghareupan tangtara > Walanda, masih jadi tanda tanya. Tapi sigana mangsa harita (tahun 1928 -1945) > anu ngagedur sumanget nasionalisme, bakal kaalaman oge ku Jalma. Naha Jalma > bakal jadi salah sahiji tangtara Hisbullah atawa tangtara rahayat? Asana > bakal leuwih rame upama Jalma asup kana periode romantisme revolusi. Kumaha > Bah AA, naha tiasa carios Jalma digilekkeun ka masa revolusi. Mangkaning > sakedap deui teh dugi sasih Oktober sareng November. Pan dua sasih eta teh > pikeun urang Indonesia mah sasih anu bersejarah. > > > Baktos, > > mrachmatrawyani > > > > ________________________________ > From: Abbas Amin <abas_amin08@...> > To: kisunda <[email protected]>; urangsunda > <[email protected]> > Sent: Monday, September 10, 2012 9:36 PM > Subject: [kisunda] Cersil Sunda 283 > > >  > > > Jalma, teu > nanya naon onjoyna teh; da yakin Ki Padmarasa bakal ngajelaskeun masalahna. > Jalma ngabandungan we bari saregep. Hal ieu > ngalantarankeun Guru nu sakitu waskitana teh resep ka ieu si Jalma. > > âJang Jalma; > bapa teh geus mariksa elmu nu dicekel ku sampeyan; bapa kaget oge lantaran > elmu > nu dicekel ku sampeyan teh tanagna kuat pisan; jadi salian ti memang geus > ditulungan mimiti ku Nyi Padmini, oge tanaga Jang Jalma geus ngabentengan diri > sampeyan sorangan; tapi ku sabab harita teu ngahaja tarung jeung Ki Busro; > jadi > we eta pertahanan kabobol; lantaran dipake ngalayanan Ki Busro. Di na hal ieu > Ki Busro teu salah, da teu apaleun yen sampeyan geus kakeunaan ku tapak sakti > Jaya Ludira .â > > Ki Padmarasa > nyaritana enya ge panjang; tapi sakecap sakecap; bari sabar jeung eureun > eureunan , nempo kaharti henteuna ku Jalma; sedengkeun Jalma terus we saregep > ngabandungan, naon nu keur diucapkeun ku Ki Padmarasa. > > âEta Elmu > teh nu dicekel ku sampeyan, ku sabab geus milu perang ngalawan tanaga Jaya > Ludira; jadi sacara ajaib ngagulung ngahiji jeung eta Ilmu Jaya Ludira; di > dieu Bapa hese nerangkeunana. Ku sabab sakitu, salian ti obat nu dibikeun ka > Ujang > â¦â Ki Padmarasa eureun heula sakeudeung . > âSalian ti > Ujang diubaran ku Bapa di dieu â¦â Ki Padmarasa nuluykeun > caritana.âUjang ge > geus dibantu ku bapa waktu ujang keur sare tibra lantaran pangaruh ubar, jadi > ujang mah teu sadar.â Ki Padmarasa eureun deui nyaritana. Jalma tetep teu > riuk2, teu tatanya, saregep we terus. > > âTah Bapa > mah ngan saukur ngalempengkeun supaya ulah lila teuing diaduna; da eta dua > tanaga nu aya di diri Ujang teh, masih neruskeun tarung; mimitina tanaga Ujang > kadesek pisan; tapi ku pangaruh ubarâ¦â Ki Padmarasa eureun deui > sakeudeung. > > âTanaga jero > Ujang ngalawan deui; tanaga Jaya Ludira rada katahan; beuki diubaran , tanaga > Jaya Ludira beuki ngorotan, sabalikna tanaga Ujang beuki kuat.â >  > > Ki Padmarasa eureun deui, Jalma ayeuna kakara > sadar, naon sababna waktu mimiti ngalatih napas, kacida hararesena; rupana mah > enya eta tanaga teh ngabahayakeun pisan. > > âTah waktu > ku Bapa dibantu ⦠â Ki Padma rasa eureun deui, narik napas. Eta dua > tanaga teh > ayeuna mah ngalawan ngahiji ngahalangan tanaga Bapa !â eureun deui Ki > Padmarasa. > > Ku sabab > panasaran, bapa terus we nambahan tanaga deui ! Tapi ih â¦. Bapak kaget > pisan ⦠> malah tanaga bapa jadi milu abus nyampur jeung tanaga eta nu dua ! Bapa Kacida > kagetna; untung we ahirna eureun sorangan; lantaran bapa ngeureunan oge > nyalurkeun tanaga jero.â > > HANCA > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
