Kang Yadi oge baraya sadaya anu aub dina ieu jejer,

Nuhun pedaranana.

Kabeneran danget ieu si kuring keur nyiapkeun majalah geologi populer
Geomagz edisi ngeunaan manusa purba. Sok sanajan guaran dina ieu Geomagz
ngeunaan manusa purba henteu jero, leuwih museur kana nepikeun ihwal
nyukcruk lalampahan para panalungtik manusa purba di urang baheula nepi ka
ayeuna, nya lumayan oge dina nyiapkeunana mah nepi ka kudu diskusi sagala
sareng ahli fosil hominid ti Badan Geologi nyaeta kersana Prof. Fachroel
Aziz (anjeunna tos haji :).

Nalika si kuring diskusi sareng Prof. Aziz, betus ti anjeunna kamungkinan
Adam as teh dilahirkeun sakumaha ilaharna manusa. Patali sareng hal eta,
ras si kuring inget kana salah sahiji ayat Al Qur'an, surah  (QS) Ali Imran
ayat 59 anu hartina kl kieu: "Saenyana babandingan (B.Indonesia:
permisalan) Isa di sisi Alloh, sakumaha babandingan Adam. Anjeunna
nyiptakeunana (Isa) tina taneuh (turab) laju Anjeunna ngadawuh ka inyana
(ka taneuh atawa ka Isa ?) : "Jadi anjeun, mangka inyana jadi".

Tina ieu ayat, aya sababara hal anu bisa jadi bahan diskusi haneut. Upamana
wae, numutkeun ayat Al Qur'an di luhur (QS 3:59), penciptaan Isa as teh
sarua pisan atawa sakumaha penciptaan Adam as (bhs Arab-na make kecap
"mistal"). Atawa, bisa disebutkeun kieu: penciptaan Adam as sakumaha
penciptaan Isa as (ku sabab sarua atawa samisal tea). Kukituna, naha teu
bisa disimpulkeun yen upama Isa as mibanda indung (ibu), tangtu Adam as oge
- kusabab sakuma penciptaan Isa as tea - boga indung oge?. Anapon
hakekatna, duanana nya diciptakeun tina taneuh tea kalawan aya proses anu
beda jeung penciptaan manusa salian ti Adam as jeung Isa as (anu umumna
ngagaduhan indung bapa lengkep), nya eta sakumaha digambarkeun
ngalangkungan ayat "kun fa yakun".

Tafsiran anu bieu lain pedah aya teori mitokondria Eve. Taya lian kataji ku
eta ayat (QS 3:59), naon rahasiah disatukangeunana nepi ka disebutkeun
penciptaan Isa as samisal sareng penciptaan Adam as (padahal Isa as
jelas-jelas, ceuk dina sajarah, ngagaduhan indung). Kanyataan sejen,
sakumaha disebutkeun ku kang Yadi, yen teu aya hiji oge ayat Al Qur'an anu
nyebutkeun sacara teges yen Adam as teh manusa anu munggaran.

Mangga ka anu gaduh tafsiran sanes kana QS Ali Imron ayat 59 diantos
pedaranana.

Hatur nuhun.
manar


.






* *

.


2013/7/18 YADI supriadi wendy <[email protected]>

> **
>
>
> On 2013-07-18 11:43, MRachmat Rawyani wrote:
>
> > Berarti ngaheulaan jaman Nabi Adam anu kolotna ngan 7000 taun. Tina
> > kasus Gunung Padang, naha ieu teh ngabuktikeun yen saacan Nabi Adam
> > turun ka Bumi geus aya peradaban (manusa) di bumi ieu? Bandingkeun
> > oge
> > jeung umur Pitecan Tropus Erectus, manusa-monyet tea? Sacara teori
> > bisa wae aya peradaban samemeh Nabi Adam turun ka Bumi. Tapi pan
> > teori
> > tea sok aya salahna.
> >
> >
> Tos sababaraha kali kuring nulis di dieu yen Nabi Adam as mah mung
> sekedar nabi nu munggaran. Jadi tegesna Nabi Adam as kagungan puser siga
> urang (dilahirkeun weh tegesna mah!).
> Fakta nu kaunggel dina Alquran:
>
> 1. Dawuhan Pangeran: "Kami rek ngutus KHALIFAH di luhur dunya". Naon
> hartina khalifah? Khalifah bisa oge hartina "pamingpin". Tah mun
> pamingpin diutus/dipilih geus tangtu aya nu dipingpinna. Jadi hartina
> penciptaan Adam harita sanes ujug-ujug diturunkeun ti langit, tapi
> saperti biasa dipilih ti nu tos aya.
>
> 2. Para Malaikat: "Naha Anjeun bade nyiptakeun mahluk nu sok silih
> paehan (penumpah darah)?". Cik mangga emutan, ti mana para malikat
> apaleun yen aya mahluk nu sok silih pateni? Ningali pasipatining
> malaikat, PASTI memang malaikat tos ningali kajadian nu kitu di alam
> "mayapada". Jadi hartosna tos aya bungkeuleukan "manusa". Di urang ge
> geuning sok aya paribasa kieu: "Engke ah, rek kawin teh mun geus jadi
> jelema". Tah pananya ti kuring: naha memang harita manehna TACAN jadi
> jelema kitu?
>
> 3. Aya Filsuf jenenganana Syeh Muhyiddin Ibnu Arrabi (ke referensina
> pami kapendak diguar di dieu), anjeunna netelakeun yen Rasulullah saw
> nyebatkeun yen Allah ta ala tos nurunkeun REBUAN ADAM. Naon maksudna?
> Maksudna taya lian, satacan "Adam" nu pangcaketna ieu (genep rebu -
> tujuh rebu taun kapengker), Allah ta ala tos nurunkeun rebuan Adam-Adam
> heubeul ka dunya ieu. Tapi ku kaayaan jaman kaum/umat silih berganti.
> Jadi bisa bae artefak Gunung Padang mangrupakeun warisan budaya "Adam"
> nu ti heula.
>
> Matak lieur nya......
> Mangga we
> --
> --
> Wassalam,
>
> Yadi Supriadi Wendy
> .: dikirim ku kadeudeuh :.
>
>  
>

Kirim email ke