Ajiiiiib Mang Yadi, Palebah dieu sepakat pisan yen sigana kitu Nabi Adam teh Nabi kahiji anu kacatet.
Samemehna loba keneh sigana kitu :). nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: YADI supriadi wendy <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 18 Jul 2013 12:23:22 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: Sawarga) On 2013-07-18 11:43, MRachmat Rawyani wrote: > Berarti ngaheulaan jaman Nabi Adam anu kolotna ngan 7000 taun. Tina > kasus Gunung Padang, naha ieu teh ngabuktikeun yen saacan Nabi Adam > turun ka Bumi geus aya peradaban (manusa) di bumi ieu? Bandingkeun > oge > jeung umur Pitecan Tropus Erectus, manusa-monyet tea? Sacara teori > bisa wae aya peradaban samemeh Nabi Adam turun ka Bumi. Tapi pan > teori > tea sok aya salahna. > > Tos sababaraha kali kuring nulis di dieu yen Nabi Adam as mah mung sekedar nabi nu munggaran. Jadi tegesna Nabi Adam as kagungan puser siga urang (dilahirkeun weh tegesna mah!). Fakta nu kaunggel dina Alquran: 1. Dawuhan Pangeran: "Kami rek ngutus KHALIFAH di luhur dunya". Naon hartina khalifah? Khalifah bisa oge hartina "pamingpin". Tah mun pamingpin diutus/dipilih geus tangtu aya nu dipingpinna. Jadi hartina penciptaan Adam harita sanes ujug-ujug diturunkeun ti langit, tapi saperti biasa dipilih ti nu tos aya. 2. Para Malaikat: "Naha Anjeun bade nyiptakeun mahluk nu sok silih paehan (penumpah darah)?". Cik mangga emutan, ti mana para malikat apaleun yen aya mahluk nu sok silih pateni? Ningali pasipatining malaikat, PASTI memang malaikat tos ningali kajadian nu kitu di alam "mayapada". Jadi hartosna tos aya bungkeuleukan "manusa". Di urang ge geuning sok aya paribasa kieu: "Engke ah, rek kawin teh mun geus jadi jelema". Tah pananya ti kuring: naha memang harita manehna TACAN jadi jelema kitu? 3. Aya Filsuf jenenganana Syeh Muhyiddin Ibnu Arrabi (ke referensina pami kapendak diguar di dieu), anjeunna netelakeun yen Rasulullah saw nyebatkeun yen Allah ta ala tos nurunkeun REBUAN ADAM. Naon maksudna? Maksudna taya lian, satacan "Adam" nu pangcaketna ieu (genep rebu - tujuh rebu taun kapengker), Allah ta ala tos nurunkeun rebuan Adam-Adam heubeul ka dunya ieu. Tapi ku kaayaan jaman kaum/umat silih berganti. Jadi bisa bae artefak Gunung Padang mangrupakeun warisan budaya "Adam" nu ti heula. Matak lieur nya...... Mangga we -- -- Wassalam, Yadi Supriadi Wendy .: dikirim ku kadeudeuh :.
