Woooow juaraaa Kang, ciyuuus eta 25000 tahun tina carbon datingna kitu?

Kolotna juara pisan atuhnya :). Mun ningali tahuna mah berarti jaman 
Paleolithicum nya? Paleolithicum teh asana 100rb - 10rb tahun katukang :).

Waaah mun tea mah bener bisa jadi teori teh bener yen paradaban manusa ti urang 
hehehe. 25rb taun katukang mah leuwih kolot ti Nabi Adam AS malahan hehehe.  

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 17 Jul 2013 21:43:01 
To: [email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: 
Sawarga)

Perkara soal kakolotan, sigana moal aya nu ngelehkeun kolotna situs Gunung 
Padang. Ceuk batur kuring, anu tadina Dekan FIB UI ayeuna jadi Warek I UI, 
contoh taneuh anu dicokot tina jero Gunung Padang, sabada ditalungtik sacara 
kimiawi di Amerika, umurna teh cenah 25 rebu taun. Berarti ngaheulaan jaman 
Nabi Adam anu kolotna ngan 7000 taun. Tina kasus Gunung Padang, naha ieu teh 
ngabuktikeun yen saacan Nabi Adam turun ka Bumi geus aya peradaban (manusa) di 
bumi ieu? Bandingkeun oge jeung umur Pitecan Tropus Erectus, manusa-monyet tea? 
Sacara teori bisa wae aya peradaban samemeh Nabi Adam turun ka Bumi. Tapi pan 
teori tea sok aya salahna. 

mrachmatrawyani






________________________________
 From: mang kaby <[email protected]>
To: [email protected]; [email protected]; 'Baraya_Sunda' 
<[email protected]> 
Sent: Wednesday, July 17, 2013 8:22 PM
Subject: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: Sawarga)
 


  
Wooooow juara lengkep pisan Kang,
Tah eta justru Mamang keur naluntik euy… Timana eta Ibrahim
meunang elmu atawa wangsit monoteismeu eta hehehe. Bo’a-bo’a ti urang kitu
xixixi. Soalna aya hipotesis anu nyebutkeun ceunah Nabi Adam teh lahir di Urang
di Tatar Sunda… naha bener atawa salah kitu?
 
Kana’an ieu Palestina berarti deukeut-2 Yerusalem Kang? Soalna
sigana Kota Suci Umat Ibrahim pan dua nya…. Yerusalem / Masjidil Aqsa jeung 
Ka’bah/
Masjidil Haram tea :).
 
Tah ngeunaan Ka’bah geus dibahas ku Kang Yadi secara detail jadi
bener Ibrahim anu ngabagun Ka’bah tapi samemehna oge geus aya bangunan jadi
tina reruntuhan tea. Ninggikeun pondasi tea bener katulis di Al Baqarah oge. 
 
Tah ngeunaan Buddhismeu… bener pisan mirip oge sih… tah mun teu
salah laina justru Pencetus Budhismeu teh Sidharta Gautama teh laina saurang
Brahmana? Nyambung deui Kang kana Ibrahim ~ Brahm ~ Brahma tea hehehe. Lamun
nempo kronologis Budhism berkembang ceunah ceuk Si Wiki, 6th – 4th Centuries  
berarti 600 – 400 SM, http://en.wikipedia.org/wiki/Buddhism 
Mangga toong hehehe. 
 
Tah lamun nalungtik Hinduismeu … Indus Valley Civilisation and Vedic
period (ca. 3000-1000 BCE),  “The earliest evidence for prehistoric religion in 
India date back to the
late Neolithic in the early Harappan period (5500–2600 BCE).[87][88] The 
beliefs and practices of the pre-classical era (1500–500 BCE) are called
the "historical Vedic religion".” Hinduism
is often called the "oldest living religion"[7] or the
"oldest living major religion" in the world.[1][8][9][10] Since Vedic times, a 
process of Sanskritization or Indo-Aryanization has been taking place, in which
"people from many strata of society throughout the subcontinent tended to
adapt their religious and social life to Brahmanic norms"Tah jadi
Hindu geus aya ti 3000 SM. 
 
Tah lamun Ibrahim / Abraham … The standard
text of the Hebrew Bible places Abraham's birth 1,948 years after the
Creation (1948 AM (Anno Mundi, "Year of the World"). The two
other major textual traditions have different dates, the translated Greek 
Septuagint putting it at 3312 AM and the Samaritan version of the Torah at 2247 
AM. All
three agree that he died at the age of 175.[14] There
have been over two hundred attempts to match the biblical chronology to dates
in history, two of the more influential being the traditional Jewish dates
(Abraham lived 1812 BCE to 1637 BCE), and those of the 17th century Archbishop 
James
Ussher (Abraham lived 1976 BCE to 1801 BCE); but the most that can be said
with some degree of certainty is that the standard Hebrew text of Genesis
places Abraham in the earlier part of the second millennium BCE.[15]
 
Tah coba urang runut ku kronologi-nya:
 
1.       Adam AS n’ Hawa, 7000 – 6000 SM ieu lamun ditinggali jaman Batu/
Megalitik tea hehehe…. Sumber: http://en.wikipedia.org/wiki/Adam_and_Eve
2.       Hinduism 3000 BCE , Sumber: http://en.wikipedia.org/wiki/Hinduism 
3.       Ibrahim / Abraham AS, 1976 BCE, Sumber: 
http://en.wikipedia.org/wiki/Abraham 
4.       Babilonia, 1696 SM, Sumber: http://id.wikipedia.org/wiki/Babilonia 
5.       Musa/ Moses, 1361 BCE, Sumber: http://en.wikipedia.org/wiki/Moses 
6.       Budhism, 600 BCE, Sumber: http://en.wikipedia.org/wiki/Abraham 
7.       Isa AS Tahun 1- 32 M, Sumber: http://id.wikipedia.org/wiki/Isa 
8.       Muhammad SAW 8 Tanggal Juni 632 M, Sumber: 
http://en.wikipedia.org/wiki/Muhammad 
 
Tah mangga tina data-2 eta ternyata mun daftar agama anu kolot
aya Hinduism ti heula terus nu ka dua Abraham/ Ibrahim anu nurunkeun Agama
Samawi…. Dugika abad ka-7 kakara Islam, Rosululloh ngadeg terus ngarunut / 
ngumpulkeun/
Nyumarry sakabeh eta ageman hehehe. 
 
Tah nu menarik didieu… Abraham 1976 BCE… dina Hinduism oge ceunah The beliefs 
and practices of the pre-classical era (1500–500 BCE) ceunah
mulai ramena Hinduism teh di 1500 –an BCE. Jadi rada bersinggungan tah waktu
jaman Abraham jeung Jaman Hinduism 3000 – 1500-an BCE. Lamun nempo sajarahna
ceunah Hinduism oge lain aslina ti India tapi ti Bangsa Arya… disebut diluhur
Indo Aryanization hehehe. 
 
Lamun Abrahamismeu feat Brahma Budhism sigana kolotan Abraham/
Ibrahim kemungkinan badag justru Sidharta Gautama eta kapangaruhan ku
pamikiran-2 Ibrahimiah meureun hehehe.
 
Tah lamun teori MJ nyambung yen eta turunan Adam saling
berinteraksi papanggih terus saling berkomunikasi terus ngembangkeun ka
Tauhidan ku carana masing-2 nya secara teori memungkinkan oge. Pan Lada oge
geus aya di Mummy-na di Mesir tahun 3000-an SM berarti geus aya perdagangan /
hubungan dagang antara Indonesia jeung Mesir/ Jajirah Arab harita. 
 
Tah nu poek teh Jaman Adam AS kaditu hehehe.
 
Tah ayeuna di Gunung Padang ceuk info: 
http://www.tempo.co/read/news/2013/07/12/061495761/Gunung-Padang-Diduga-Lebih-Tua-dari-Piramida-Mesir
 , Ketua Arkelogi Tim Terpadu Riset Mandiri, Ali Akbar, mengatakan kedua
lapisan tersebut memiliki usia berbeda. Berdasarkan hasil laboratorium
sebelumnya, lapisan pertama berusia 500 SM, sedangkan lapisan kedua berusia
4.500 SM. "Lapisan pertama dan kedua itu memiliki usia yang berbeda.
Sedangkan, secara kasat mata terdapat perbedaan cara dalam penyusunan
batu," ujar Ali di Cianjur, Jumat, 12 Juli 2013.
 
Jadi eta Peradaban di Gunung Padang teh dijieun 4500 SM…
lemun nempo kadinya sigana berarti Leuwih kolot Batan Abraham jeung oge
Hinduism palebah dieu si Kang Herwig nyebutkeun yen Ageman Sunda teh nyebut oge
Old Hindu naha berarti Ajaran Karuhun Urang teh kusabab leuwih kolot batan Hindu
artina anu mangaruhan Hindu?
 
Terus Lada anu aya dina Irung Mummy, 3000 SM nu aya di Mesir
anu asalna ti Urang eta teh nunjukeun oge Pangaruh Ti Urang. 
 
Ditambah Hipotesa MJ anu nyebutkeun Pangaruh Hindu oge anu
awal datangna sakitar 3000-an SM eta ngan ukur asup nepi ka Level 3 hehehe…
jadi Nu Ngersakeun jeung Sunan Ambu anu kayakinan awalna tetep aya? 
 
Lamun info-2 anu diluhur bener… teu nutup kamungkinan yen
Adam feat Hawa teh mimiti hirup Ngahuma Berkebun di Tatar Sunda meureun siga
Kabayan jeung Iteung hahaha. Adam geus boga kayakinan ngeunaan Katauhidan dina
bentuk meureun “Nu Gaib, Nu Ngersakeun, Nu Teu Bisa di Definisikeun”.  Tidinya 
ka
Tauhidan Adam ieu sumebar ka sakabeh jalma di dunya ieu… nepika Abad ka-7
sagala Katauhidan eta di rangkum ku Rosululloh Nabi Muhammad SAW jangkelek jadi
Islam. Tah Islam balik deui sumebar ka sakumna Jalma di Dunya nepi ka
Indonesia. Malah mun teu salah mah penyebaran Islam di Indonesia ceuk Mang Edi
S Ekadjati geus asup mulai abad ka-7 hartina… pas Rosululloh atawana meureun
anyar tilar dunya oge Islam teh geus asup ka Indonesia ku cara perdagangan, 
jrrd.
 
Wallohualam hehehe…. Eta karek hipotesa Mamang… perlu
diteangan bukti-2 jeung nya perlu disanggah oge lamun misalna aya pandapat anu
anyar hehehe. 
 
Kunaon Mamang nalungtik ieu… hayang nyaho wae soalna salama
ieu bangsa urang teh jadi Inferior euy… asli mentalna mental bangsa anu dijajah
ku deungeun-2… taaaaah lamun arapal bangsa urang teh geuning sumberna paradaban
dunya… sooook atuh tah geura tandang makalangan, ulah kumeok memeh dipacok,
bangsa Sunda ulah eleh ketak, kudu maju da geuning tah karuhun urang oge
palalinter jeung maraju polapikirna malahan ka Tauhidan nana oge ti awalna geus
aya… atuh ayeuna ngagem Islam atawa ngagem naon wae oge terserah eta mah hehehe
tangtuna nyampurnakeun/ ngembangkeun anu geus ditinggalkeun ku karuhun urang
baheula :). Urang kembangkeun Susundaan bral geura Nyarandung eeeeeh Narindak,
omat ulah ngalieuk katukang hehehe… Maksudna sigana ulah ngalieuk katukang teh
omat kahade ulah ninggali teuing mental anu terjajah tea… tapi kudu boga mental
anu kuat tur maju keur ngamajukeun naon wae anu bisa dimajukeun :).
 
Braaaaal…. Braaaaaal… braaaal geura Nyandung eeeeh Narindak
wkkkkk
 
nuhuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
 
From:[email protected]
[mailto:[email protected]] On Behalf Of Ahmad Hazairin
Sent: Thursday, July 18, 2013 6:16 AM
To: [email protected]; Kisunda
Subject: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: Sawarga)
 
  
Mang Kaby:
"Ceuk si Kang Herwig Kang, kamiripan monoteismeu eta teh asalna ti sumber
anu sarua nyaeta Ibrahim~Abraham~Brahm~Brahma :). Hipotesa na kitu :D."

Mang Kaby, ngeunaan sajarah hirupna Ibrahim teh upami ditingal dina buku-buku
sajarah mah Ibrahim teh hirupna di nagari Kana'an, nyaeta kira-kira sabudeureun
Palestina ayeuna.  Jadi waktos Ibrahim ngancurkeun patekong/patung
sesembahan teh sanes di Ka'bah tapi patung-patung nu aya di kuil nagari
Kana'an. Harita mah Ka'bah teu acan ngadeg. Lamun aya nu nyebut Ka'bah ngadeg
ti jaman nabi Adam nya hese pisan narik tali sajarahna. 

Ibrahim datang ka arab, Mekah ayeuna teh pikeun ngungsikeun bojo kadua nyaeta 
Siti
Hajar kulantaran bojo kahiji nyaeta Siti Sarah timburu kulantaran Hajar
ngabogaan budak cikal lalaki nyaeta Ismail. Saenggeus ngungsikeun Hajar jeung
Ismail ka arab, Ibrahim mah mulang deui ka nagarina di Kana'an.  Sanggeus
Ismail ABG, kulantaran sono, Ibrahim ngalongok eta budakna ka arab deui. tah
diwaktu harita Ka'bah diwangun ku Ibrahim pikeun sarana ibadah ka gusti nu maha
suci di Mekah. Tapi bentukna duka tos kotak jiga ayeuna, duka mung ditandaan ku
batu (mispah) sacara tradisi Ibrahim.  Dina waktu eta oge tradisi ritual
Qurban teh dimimitian.

Ibrahim teh dianggap salaku nabi anu ngamimitian ngadegkeun konsep
tauhid.  Sabenerna konsep tauhid geus aya ti jaman nabi Adam. tapi meureun
ku Ibrahim konsep tauhid eta di-rekontruksi supaya cocok jeung asup kana
kahirupan masyarakat anu geus ngabentuk suku (tribalisme) jeung pamarentahan,
nyaeta ngabentuk syari'at formal.  Tah Ibrahim teh dianggap salaku bapak
para nabi jeung salaku nabi anu ngadegkeun konsep tauhid teh nya dina agama
katurunan anjeuna nyaeta Yahudi, Kristen jeung Islam. Atuh ayeuna eta tilu
agama gede teh pan diagem ku nagara-nagara gede di dunya.  Jadi pan
katingalina salian ti Ibrahim mah can aya di jaman-na anu ngadegkeun konsep
tauhid.  Tapi saur sim kuring mah can  puguh kitu kanyataanana. Bisa
wae di bagian dunya lain di bumi ieu oge geus aya konsep tauhid salain konsep
ti Ibrahim (malahan mah pasti!).  Pan dina Quran disebutkeun, nalika urang
arab dipoyok ku orang kristen jeung yahudi, yen cenah anu bener mah kristen
(ceuk urang kristen) atawa yahudi (ceuk urang yahudi), tah Quran nitah islam
Arab ngawaler yen umat islam iman ngilu lain ka kristen atawa yahudi tapi ngilu
ka ajaran bapak maranehna kabeh nyaeta ajaran Ibrahim. Enya Ibrahim teh bapak
maranehna, tapi pasti lain bapak urang Sunda.  Eta jadi ningalikeun
konteks wahyu teh ku konteks jaman harita waktu diturunkeun ka bangsa Arab.

Mangga geura taliti deui agama saperti Hindu. Enya oge nyarembah dewa-dewa,
tapi tetap aya konsep 'sang maha tunggal', nyaeta hiji realitas anu teu
kahontal ku realitas kaduniawian, realitas anu jadi sebab sagala realitas
lainna. Tapi pan konsep kitu hese pisan kudu ditangkep dina kahirupan sapopoe.
Jadi masyarakat mah geus biasa interaksi jeung konseptual dewa, nyaeta saperti
konseptual malaikat dina Islam anu ngabogaan tugas-tugas parsial ngurus alam
raya ieu.  Tapi biasa pan lamun geus rebuan taun teh hiji konsep sok
ngalaman bias atawa distorsi. Jadi eta dewa anu disembah teh, ari ka 'sang maha
tunggal' mah sok poho. Pan kitu oge kajadian distorsi patung-patung saperti
Latta jeung Uzza di sajarah bangsa Qurays.  Eta Latta jeung Uzza teh
dianggap anak-anak (awewe) gusti Allah.  Da konsep Allah salaku sang maha
tunggal na mah asa jauh teuing teu katewak ku pikiran jelema awam.

Tah saperti na mah anu dimaksud konsep tauhid Ibrahim teh konsep ngadeukeutkeun
'sang maha tunggal' kana kahirupan sapopoe. Pan tingali geura dina tradisi
Yahudi, katingali pisan 'sang maha tunggal' teh saperti raja pangawasa anu bisa
nulungan dina peperangan ngalawan penjajah. Sakaligus anu mere rejeki. 
Padahal dina kapercayaan pagan mah, anu ngabela dina perang jeung anu mere
rejeki teh sok dipisah diwakilkeun ka para dewa anu beda.  Ari dina konsep
tauhid Ibrahim mah dihijikeun langsung ka El-Lohim (Allah). Para malaikat mah
geus teu boga hak disembah jeung dipenta. Posisina ngan saukur tukang babantu
ngurus alam raya.  Kitu oge geningan dina konsep Kristen. Sang maha
tunggal teh supaya deukeut dijieun konsep hubungan 'bapa jeung anak'. Kabeh
umat Kristen teh anak-anak Allah anu maha tunggal.  Kitu deui dina Islam,
anu maha tunggal teh diaranan Allah anu geus biasa dikenal salaku bapa ti Latta
jeung Uzza.  Latta jeung Uzza dianggap geus teu boga kawasa nanaon. Allah
ngabogaan asma-ul-husna, nyaeta ngaran-ngaran anu suci anu nga-representasikeun
sifat-sifat Anjeuna dina ngurus alam raya jeung merhatikeun urang sakabeh
manusa salaku hamba Anjeuna.

Jadi konsep Ibrahim salaku bapak tauhid teh nya ditingali atawa klaim ti
katurunan Ibrahim anu ayeuna ngabentuk tilu agama gede eta.  Tapi lain
artina konsep tauhid sadunya datangna ti Ibrahim.  Da ari konsep tauhid
mah justru datangna ti 'sang maha tunggal' sorangan anu mere wahyu atawa ilham
ka manusa pinilih di mana wae.  Pan dina Quran oge disebutkeun yen euweuh
hiji kaum di dunya ieu kacuali geus pernah dikirim utusan ku sang maha tunggal
pikeun ngabewarakeun tauhid.  Jadi sumberna lain Ibrahim tapi ti sang maha
tunggal.

Tah konsep Ibrahim anu 'membumikan sang maha tunggal' oge geus aya
distorsi.  Nyaeta konsekuensina saperti umat Islam ayeuna sok nganggap
sang maha tunggal teh jiga jelema. Raja jelema. Jadi konsep Allah salaku sang
maha tunggal teh sok jadi proyeksi kabutuhan pangawasa/ego manusa ku alam
pikiran manusa. Misalna, Allah teh Maha Adil; dianggapna adilna jiga adil 
manusa,
nyaeta lamun anu bener dibela, anu salah dihukum. Padahal bener jeung salah di
hareupeun sang maha tunggal mah euweuh bedana. Da sang maha tunggal mah teu
kaiket ku nilai-nilai konseptual jelema. Pan ari bener jeung salah teh
konseptual jelema. Makana rek bener jeung salah tugas jelema sabener na mah
berserah diri, diajar terus pikeun berserah diri.  Jadi 'Inna diina
indallahil islaam' teh lain jalan anu dipikarido teh mung islam, lain islam
salaku struktur agama, tapi islam dina konteks berserah diri.  Jalan
berserah diri anu dipikarido ku sang maha tunggal teh.  Jadi mun aya
jelema salah teh tong hayang pang heulana ngahukum ngawakilan sang maha
tunggal, minculak jiga kitu teh. Keun weh dosa jelema salah mah lain urusan
urang. Masalah hukuman, nya lakukeun weh proses hukum anu geus jadi konvensi
masyarakat satempat. Salah lamun konvensi hukum masyarakat satempat ditarabas
kulantaran rek miheulaan jadi wakil sang maha tunggal ngahukuman jalma salah.
Nu kitu minculak jeung sologoto.

Justru sim kuring mah kaget pisan sanggeus aya kasempetan nalungtik buddhisme.
Kamiripan buddhisme jeung sufisme islam teh eces pisan.  Dina buddhisme
mah konsep sang maha tunggal teh tara sagawayah diasupkeun kana struktur
duniawi. Tapi kabeh jelema dirojong pikeun ngosongkeun diri tina sagala iketan
duniawi.  Lamun diri geus kosong tina iketan duniawi bakal bisa manggihan
hakekat sang maha tunggal ku diri sorangan. Ieu oge anu dimaksud dina ajaran
Sunda yen sang maha tunggal, surga, naraka teh aya dina diri urang sorangan. 
Artina urang moal bisa ngarti kana konseptual surga, naraka jeung sang mah
tunggal lamun urang can bisa neuleuman hakekat diri urang.  Saha diri
urang teh?  Cenah diri urang teh jasad jeung jiwa.  Lamun enya jasad
teh diri urang, naha waktu maot bet ditinggalkeun eta jasad, naha teu dibabawa,
pan jasad teh diri urang.  Lamun enya jasad teh diri urang, sok atuh lamun
dahareun asup kana beuteung parentahkeun eta beuteung pikeun eureun 2 menit mah
tong nga-proses dahareun, engke diteruskeun deui.  Pan teu bisa? 
naha teu bisa marentah beuteung sorangan?  Cenah jasad teh diri urang
lain?  Naha urang teu boga kawasa ka beutueng urang sorangan?  Teu
boga kawasa ka diri urang sorangan anu disebut jasad?  Beu..... eta anu
ngaran jelema! Kana peujit sorangan wae teu bisa marentah, teu nyaho aktifitas
peujit sorangan kumaha, eta geus wani ngaku-ngaku wawuh ka gusti Allah anu sang
maha tunggal? Cing atuh sing introspeksi diri....

Ngan jelema anu geus bisa leupas tina kakaitan dunya anu bisa wawuh ka dirina
jeung bisa wawuh ka sang maha tunggal. Ieu pesen utama 'laa ilaha illallah'
(euweuh kakaitan salian ka Allah).  Eta euweuh kakaitan salian ka sang
maha tunggal teh saenyana ajaran tauhid asli anu aya di sagala budaya. Oge
budaya Sunda.  Tah disabudeureun eta konsep tauhid teh dijieun konstruksi
syariat, nyaeta hukum pikeun ngatur kahirupan masyarakat anu dumasar kana
berserah diri ka sang maha tunggal oge akhirna mah.  Kontruksi syariat ieu
bisa beda-beda unggal nabi unggal tempat.  Tah urang salaku Islam nyekel
syareat Muhammad saw.

Jadi keur panutup, tauhid teh atuh lain sumberna ti Ibrahim. Eta mah anggapan
anu geus jadi kabiasaan ti tilu agama: yahudi, kristen jeung islam. Tauhid mah
sabenerna hakekat utama naha urang sakabeh ngagubrag ka dunya ieu. Di dunya
urang salaku jelema anu boga konsep kognitif anu cerdas terus nyieun konsep.
Misalna konsep cai (sunda), air (indonesia), water (inggris), wasser (jerman).
Pan hakekatna mah eta teh iketan atom-atom anu ngabentuk naon anu diaranan cai.
Lamun cai disebut seuneu sok dianggap salah. Tapi pan eta ngan saukur konsep
jijieunan, jadi lamun sim kuring hayang nyebut cai teh ku ngaran seuneu lain
salah sacara hakekat da maksud sim kuring mah seuneu teh cai tea (versi sim
kuring anu bedegong); ngan nya jadi salah ku konseptual anu geus jadi konvensi
di urang yen eta teh ngarana cai. Tah sabenerna 'laa ilaha illallah' teh bisa
diteuleuman jero pisan lamun uran lesot heula tina koseptual anu dijieun ku
jelema. Kosongkeun diri urang tina sagala konseptual, kulantaran sang maha 
tunggal
mah diluar sagala konseptual. Jadi 'laa illah' heula.... kakara bakal aya Allah
(illallah)...


Cag ah...
Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================





 
 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke