Wooow 27 meter mah atuh Buta nya? 

Rada kurang make sense euy, dina kurun waktu 5872-4942 SM nepi ka jaman mesir 
kuno 3000-an masehi pan teu pati jauh jangka waktuna keur ukuran evolusi 
jelema, bedana ngan sakitar 3000 taun-an. 

Ngabandingkeun logikana Mummy jelema 3000-an tahun SM jeung jaman Isa anu 1 M 
pan teu pati beda dina ukuran jangkungna.

27 meter mah edun mahiwal kanyutna segede nanahaon tah hahaha. 

Tapi memang dina ajaran Hindu anu umurna 3000-an tahunan pan aya anu disebut 
Buta tea lin? Mun teu salah Pamajikan Bima teh Buta Arimbi ngarana. Emana Gatot 
Gaca? Teuing matching atawa henteu. Tapi didinya disebutkeun si Butha eta bisa 
berubah jadi awewe geulis. 

Tah Bima oge mun teu salah lamun keur mapatkeun ajianna sok jadi Buta lin?

Ceuk Wiki: Istrina Bima Hidimbi? Ari ceuk Asep Sunandar Sunarya mah Arimbi 
hehehe.  

Hidimbi bertemu dengan Bima saat ia berkelana dalam hutan bersama Pandawa 
bersaudara dan ibu Kunti. Kakak Hidimbi yang bernama Hidimba, menyuruhnya untuk 
membawa daging manusia, namun ketika menjumpai Bima yang sedang duduk di tengah 
hutan, ia jatuh cinta dan tidak tega membunuhnya. Ia berubah menjadi wanita 
cantik, tinggi, berkulit gelap, dan menghampiri Bima. Ketika Hidimba datang 
untuk membunuh Bima, ia mencoba untuk menyerang Hidimbi namun Hidimbi 
dilindungi oleh Bima, yang kemudian membunuh Hidimba. Kemudian Bima melamar 
Hidimbi. Hidimbi tinggal di hutan bersama para Pandawa dan kemudian memberi 
Bima seorang putera bernama Gatotkaca. Saat Pandawa meninggalkan hutan, Bima 
harus meninggalkannya sebab mereka dalam persiapan perang. Bertahun-tahun 
kemudian mereka bertemu kembali.

Dengan kemiripan nama, Hidimba dan Hidimbi dianggap merupakan saudara kembar.

Sumber: http://id.m.wikipedia.org/wiki/Hidimbi

Rada cangcaya euy lamun memang Adam 6000-an tahun SM disebut manusa anu mimiti. 
Tapi lamun disebut Khalifah mimiti rada masuk akal saperti anu disebutkeun Mang 
Yadi hehehe.

Mun teu salah peradaban Mesopotamia oge sakitar 5500-an tahun SM oge berarti 
kurang leuwih sajaman tah jeung Adam. 

Lamun tea mah peradaban Gunung Padang 25000 SM taun katukang berarti ajiiib tah 
jauuh leuwih kolot pisan hehehe. 

Lamun make teori Adam tiap 3000 tahun nambah jangkungna 25meter berarti jelema 
umur 25rb tahun SM sabaraha meter tah hehehe. Meureun kana 100 meter leuwih mah 
:D. 

Tah nu rada teu make sense deui ti 27 meter anakna atawa incu/ turunanna Adam 
turun ka 2 meter jadi asa drastis pisan euy. 

Dina turun na oge meureun siga ucok Baba satengah tinggi jelema normal. Jadi 
lamun Adam 27 meter maka anakna lamun cebol paling kana 10 meter-an. 

Teuing ketang :).

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: "mang jamal" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 18 Jul 2013 13:42:50 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: 
Sawarga)



Di wikipedia rada kumplit soal nabi adam kaasuap jangkungna nu cenah 27meteran 
sumberna hadist. Anak2na kembar jeung dikawinkeun ka dulurna keneh nu 
sakembaran. Incest ieu ngagambarkeun teu aya deui manusa klasifikasi 
adam+anak-anakna diwewengkon adam diturunkeun.

Dina wiki ieu pandangan nu standar nu oge nyutat ayat quran jst. Mangga diilo

http://id.m.wikipedia.org/wiki/Adam
 Copas sapalih:

Adam (Ibrani: אָדָם; Arab:آدم, berarti tanah, manusia, atau cokelat muda) 
(sekitar 5872-4942 SM)[1] adalah dipercaya oleh agama-agama Samawi sebagai 
manusia pertama, bersama dengan istrinya yang bernama Hawa. Menurut Agama 
Samawi pula, merekalah orang tua dari semua manusia yang ada di dunia. Rincian 
kisah mengenai Adam dan Hawa berbeda-beda antara agama Islam, Yahudi, Kristen, 
maupun agama lain yang berkembang dari ketiga agama Abrahamik ini.

Adam menurut Islam
Adam hidup selama 930 tahun setelah penciptaan (sekitar 3760-2830 SM), 
sedangkan Hawa lahir ketika Adam berusia 130 tahun. Al-Quran memuat kisah Adam 
dalam beberapa surat, di antaranya Al-Baqarah [2]:30-38 dan Al-A’raaf [7]:11-25.

Menurut ajaran agama Abrahamik, anak-anak Adam dan Hawa dilahirkan secara 
kembar, yaitu, setiap bayi lelaki dilahirkan bersamaan dengan seorang bayi 
perempuan. Adam menikahkan anak lelakinya dengan anak gadisnya yang tidak 
sekembar dengannya.

Menurut Ibnu Humayd, Ibnu Ishaq, dan Salamah anak-anak Adam adalah: Qabil dan 
Iqlima, Habil dan Labuda, Sith dan Azura, Ashut dan saudara perempuannya, Ayad 
dan saudara perempuannya, Balagh dan saudara perempuannya, Athati dan saudara 
perempuannya, Tawbah dan saudara perempuannya, Darabi dan saudara perempuannya, 
Hadaz dan saudara perempuannya, Yahus dan saudara perempuannya, Sandal dan 
saudara perempuannya, dan Baraq dan saudara perempuannya. Total keseluruhan 
anak Adam sejumlah 40.

Wujud Adam
Menurut hadits Muhammad yang diriwayatkan oleh Imam Bukhari, Adam memiliki 
postur badan dengan ketinggian 60 hasta (kurang lebih 27,432 meter).[2] Hadits 
mengenai ini pula ditemukan dalam riwayat Imam Muslim dan Imam Ahmad, namun 
dalam sanad yang berbeda.[3]

Sosok Adam digambarkan sangat beradab sekali, memiliki ilmu yang tinggi dan ia 
bukan makhluk purba. Ia berasal dari surga yang berperadaban maju. Turun ke 
muka bumi bisa sebagai manusia dari sebuah peradaban yang jauh lebih maju dan 
jauh lebih cerdas dari peradaban manusia sampai kapanpun, oleh karena itulah 
Allah menunjuknya sebagai `khalifah` (pemimpin) di muka bumi.

Dalam gambarannya ia adalah makhluk yang teramat cerdas, sangat dimuliakan oleh 
Allah, memiliki kelebihan yang sempurna dibandingkan makhluk yang lain 
sebelumnya dan diciptakan dalam bentuk yang terbaik. Sesuai dengan Surah Al 
Israa' 70, yang berbunyi:

“...dan sesungguhnya telah Kami muliakan anak-anak Adam, Kami angkat mereka di 
daratan dan di lautan, Kami beri mereka rezeki dari yang baik-baik dan Kami 
lebihkan mereka dengan kelebihan yang sempurna atas kebanyakan makhluk yang 
telah Kami ciptakan (Al Israa' 17:70)”
Dalam surah At-Tiin ayat 4 yang berbunyi:

“sesungguhnya Kami telah menciptakan manusia dalam bentuk yang sebaik-baiknya. 
(At Tiin 95:4)”
Menurut riwayat di dalam Al-Qur'an, ketika Nabi Adam as baru selesai diciptakan 
oleh Allah, seluruh malaikat bersujud kepadanya atas perintah Allah, lantaran 
kemuliaan dan kecerdasannya itu, menjadikannya makhluk yang punya derajat amat 
tinggi di tengah makhluk yang pernah ada. Sama sekali berbeda jauh dari 
gambaran manusia purba menurut Charles Darwin, yang digambarkan berjalan dengan 
empat kaki dan menjadi makhluk purba berpakaian seadanya.


Powered by du'a indung bapa

-----Original Message-----
From: "mang kaby" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 18 Jul 2013 12:54:21 
To: UrangSunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: Sawarga)

Hahahaha hadee tah teori Alien teh ... Persis siga dina pilem Prometheus tea 
wkkk. 

Malahan bodor si Alien na teh mangrupakeun parasit anu hirup dina awak siga 
manusa wkkkk. 

Tapi anger "kasimpulan" dina pilem eta can kajawab kumaha nyiptakeun manusa... 
Malah rek ngapung deui make pesawat luar angkasa ka tempatna asalna si Alien 
sugan kapanggih ceunah wkkk.

Nu di sungai Tigris mun teu salah kasebutna Mesopotamia tea nya.

Nu di Trinil... Palaelojavanicus asana mah hehehe.

Asana Bah Willy pernah ngirim imel didieu ceunah naona jelema (gen atawa naon 
poho) anu mirip jeung Monyet, Bagong, jeung Anjing lin? Hahaha.

Jadi Memang beneran aya Missing Link samemeh 7000 tahun pas Jaman Adam Hawa 
hirup kumaha na teu jelas soalna meureun harita can aya tulisan hehehe.

Karek aya bentuk gambar atawa hurup siga sumeria tea hurup paku tea lin?

Tah ngomong-2 ngeunaan Hawa anu pajauh jeung Adam... Bener oge euy... Bisaan 
papangihna kumahanya hehehe. 

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: "mang jamal" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 18 Jul 2013 12:42:54 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: 
Sawarga)


Nuhun kang Yadi. Rumasa teu wani nyukcruk jero soal eta. Paling sok 
dipatalikeun jeung ayana planet sejen. Mun diturunkeun langsung kitu boa2 adam 
hawa teh ti planet sejen siga clark kent superboy.

Kungsi maca sikep nu kritis dina bagean hawa papisah jeung adam alatan nuang 
buah khuldi tea- ieu teh aya dina quran kitu?  (beh dieu apal eta teh apel, 
tapi nya ti carita agama batur).

Mun seug enya hawa/eva diturunkeun di hiji tempat jauh ti adam, meureun perlu 
pangabisa nu rongkah cara xena. Sabab alam harita, kebon atawa leuweung 
geledegan. Atawa padang pasir. Meureun nu nulis nenjo kabisa wanoja nu sacara 
fisik sok dianggap lemah dibanding lalaki. Kecuali hawa gaduh pakakas jeung 
tanaga rongkah.

Terus dina tv atawa bacaan loba bangsa nu peradabanana geus maju tapi loba oge 
nu tinggaleun-sebut we primitif. papakean ngan ukur koteka. Matak watir jeung 
asa era jadi manusa teh da gening peradaban manusa teh  beda-beda. 

Dina sajarah peradaban manusa kuno asana nu kungsi kabaca  harita nu kapanggih 
teh sumeria, antara dua walungan di irak asana tigris jeung eufrat, mohenjo 
daro harapa di india.
Mesir kuno (artefak situsna aya cara piramid tea), inca aztek di amerika 
latin/peru asana. Di inggris aya stone henge nu masih misterius. Di kalerna 
viking tea nu geus nepi ka amrik jauh saacan columbus manggihan amerika. Acan 
urang eskimo, jrrd.

Beh dieu di urang ge aya fosil manusa pondok/kate asana di lombok. Aya deui 
pitecantropus erectus (erectus sigana hartina nangtung, tegak, teu bongkok cara 
monyet atawa gorila)  javanicus naon cenah di trinil. Di gua pawon padalarang, 
kapanggih artefak titinggal manusa purba. Beh dieu gunung padang nu nembongkeun 
peradaban jaman batu.

Sok aya dina buku atawa ayeuna internet gambaran raray manusa purba meunang 
rekonstruksi tina tangkorakna nu kapanggih ti hiji situs arkeologi. Sacara umum 
sok dianggap deukeut ka raray orangutan gorila monyet wkwkwkw.

Bodor favorit uing soal teori darwin:
 "Maneh percaya yen  manusa turunan monyet?" Cek ibro ka suhadma.
"mun nyangkut uing mah teu satuju, tapi mun teori eta diterapkeun ka  ente, 
uing 100 persen satuju. we wkwkwkwkw.

Powered by du'a indung bapa

-----Original Message-----
From: YADI supriadi wendy <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 18 Jul 2013 15:43:46 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re:
 Sawarga)

On 2013-07-18 15:33, Abbas Amien wrote:
> Naha kang Yadi cangcaya ka na Kun Fayakun ?
>
>
Percaya!
Mung bae kuring mah percaya oge yen sunatullah teu pernah robah. Jadi 
ngahartikeun kun fayakun lain siga sulap, tapi peryogi proses.
>
>
> Carita penciptaan Adam ieu
> ge nyaurkeun teciptana manusia awal tea ! Cing iraha atuh awal manusa
> teh ? Ti amuba heula ?
>
>
Cobi dina kalimah mana yen Adam salaku manusa munggaran? Nu aya ge 
salaku KHALIFAH! Alquran teu pernah ngabahas perkawis asal muasalna 
manusa munggaran. Carita Adam manusa munggara asal muasalna tina carita 
kitab-kitab agama sanes nu tos dibebeskeun kana uteuk sareng polo manusa 
kaayeunakeun. Dugi ka tos siga bener kitu kajadianana. Ieu hubunganana 
sareng dosa munggaran, dikaitkeun sareng penebusan dosa nu kedah 
dilakukeun ku anak manusa pikeun ngabebaskeun tina dosa warisan tea.

Kitu manawi, mugi janten waspaos
--
Wassalam,

Yadi Supriadi Wendy
.: dikirim ku kadeudeuh :.


------------------------------------

ngala dollar >> 
http://profitclickers.info/buburuh-ngeklik.php?urang=sundaYahoo! Groups Links



Kirim email ke