Assalamualaikum wr. wb.
Ieu panginten nukilan ayat Al Qur'an anu jadi bahan aguman
إِنَّ مَثَلَ عِيسَى عِندَ اللّهِ كَمَثَلِ آدَمَ خَلَقَهُ مِن تُرَابٍ ثِمَّ 
قَالَ لَهُ كُن فَيَكُونُ
"Saestuna misal (panciptaan) Isa disagigireun Allah, nyaeta saperti 
(panciptaan) Adam. Allah nyiptakeun Adam tina taneuh, tuluy Allah ngadawuh 
kamanehna, "Jadi" (saurang manusa), mangka jadi manehna" (QS. 3:59).
 
Dulur, mun urang nilik elmu tafsir, saestuna ayat ieu turun pikeun ngabantah 
kayakinan kaum nasrani. Allah mere qiyasan yen panciptaan Nabi Isa anu lahir 
tanpa Bapa nyaeta hiji hal anu lain mustahil pikeun Allah. Nabi Adam lahir 
tanpa Indung jeung Bapa, memang aya kamiripan, api henteu sarua. Mun bener Nabi 
Adam prosesna sarua jeung Nabi Isa, mangka kudu diguar saha indungna mun enya 
aya? 
 
Tulisan ngenaan nabi Adam dilahirkeun asa kurang merenah, kusabab proses 
nyimpulkeun ayat Al Qur'an ngagunakeun logika sorangan sababna mangsa ayat Al 
Qur'an dikemukakeun henteu dibarengan ku hadits jeung tafsir ulama mufasirin 
anu mutabar. Jadi ceuk kuring eta tulisan ibarat ngoloyor jalan di tengah jalan 
sangeunahna..........
Ceuk hadits, Nabi Saw. ngadawuh : "Saestuna manusa eta asalna ti Adam jeung Ada 
eta (diciptakeun) tina taneuh" (HR. Bukhori).
 
Sakiti we kuring mah komentarna, moal panjang-panjang, cape...
 
Wassalam,
 

________________________________
Dari: mang kaby <[email protected]>
Kepada: Kisunda <[email protected]> 
Dikirim: Kamis, 18 Juli 2013 19:58
Judul: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: 
Sawarga)

  
Tah sae pamikiran teh... Elmu Dinamis jadi ulah nutup sagala kamungkinan. Eta 
scientist sejati mah hehehe.

nuhuuuuns,mang kabayan
www.udarider.com

________________________________

From: "H. Abdurrohman M.Sastra" <[email protected]> 
Sender: [email protected] 
Date: Thu, 18 Jul 2013 19:07:06 +0800 (SGT)
To: [email protected]<[email protected]>
ReplyTo: [email protected] 
Subject: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: 
Sawarga)
  
Baraya, khusus Bah Oman,Sae pisan ngadamel edisi ngeunaan "Manusia Purba" di 
majalah populer Geomagz. Mung saena tiasa ngawaler kapanasaran para elmuwan 
sareng masyarakat awam kiwari. Sim Kuring tos maca buku karya Sdrk. Agus 
Mustofa, terbitan PADMApres (2007) Seri ka 14 Tasawuf Modern judulna " Ternyata 
Adam Dilahirkan". Mangga paluruh teras disarungsum sareng versi Bah Oman, geura 
bakal rame dibahas dina ieu milis. Sanaos kaetang kasiangan kisunda ngabahas 
topik "Adam vs Manusia Pertama" mung sok we da elmu mah dinamis manawi aya hal 
anu enggal deui anu tiasa "memuaskan" kapanasaran sadaya baraya. Wilujeng...... 

________________________________
From: oman abdurahman <[email protected]>
To: urang sunda <[email protected]> 
Cc: "[email protected]" <[email protected]> 
Sent: Thursday, July 18, 2013 12:55 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: 
Sawarga)

  
Kang Yadi oge baraya sadaya anu aub dina ieu jejer,

Nuhun pedaranana. Kabeneran danget ieu si kuring keur nyiapkeun majalah geologi 
populer Geomagz edisi ngeunaan manusa purba. Sok sanajan guaran dina ieu 
Geomagz ngeunaan manusa purba henteu jero, leuwih museur kana nepikeun ihwal 
nyukcruk lalampahan para panalungtik manusa purba di urang baheula nepi ka 
ayeuna, nya lumayan oge dina nyiapkeunana mah nepi ka kudu diskusi sagala 
sareng ahli fosil hominid ti Badan Geologi nyaeta kersana Prof. Fachroel Aziz 
(anjeunna tos haji :).
Nalika si kuring diskusi sareng Prof. Aziz, betus ti anjeunna kamungkinan Adam 
as teh dilahirkeun sakumaha ilaharna manusa. Patali sareng hal eta, ras si 
kuring inget kana salah sahiji ayat Al Qur'an, surah  (QS) Ali Imran ayat 59 
anu hartina kl kieu: "Saenyana babandingan (B.Indonesia: permisalan) Isa di 
sisi Alloh, sakumaha babandingan Adam. Anjeunna nyiptakeunana (Isa) tina taneuh 
(turab) laju Anjeunna ngadawuh ka inyana (ka taneuh atawa ka Isa ?) : "Jadi 
anjeun, mangka inyana jadi".

Tina ieu ayat, aya sababara hal anu bisa jadi bahan diskusi haneut. Upamana 
wae, numutkeun ayat Al Qur'an di luhur (QS 3:59), penciptaan Isa as teh sarua 
pisan atawa sakumaha penciptaan Adam as (bhs Arab-na make kecap "mistal"). 
Atawa, bisa disebutkeun kieu: penciptaan Adam as sakumaha penciptaan Isa as (ku 
sabab sarua atawa samisal tea). Kukituna, naha teu bisa disimpulkeun yen upama 
Isa as mibanda indung (ibu), tangtu Adam as oge - kusabab sakuma penciptaan Isa 
as tea - boga indung oge?. Anapon hakekatna, duanana nya diciptakeun tina 
taneuh tea kalawan aya proses anu beda jeung penciptaan manusa salian ti Adam 
as jeung Isa as (anu umumna ngagaduhan indung bapa lengkep), nya eta sakumaha 
digambarkeun ngalangkungan ayat "kun fa yakun". Tafsiran anu bieu lain pedah 
aya teori mitokondria Eve. Taya lian kataji ku eta ayat (QS 3:59), naon 
rahasiah disatukangeunana nepi ka disebutkeun penciptaan Isa as samisal sareng 
penciptaan Adam as (padahal Isa as
 jelas-jelas, ceuk dina sajarah, ngagaduhan indung). Kanyataan sejen, sakumaha 
disebutkeun ku kang Yadi, yen teu aya hiji oge ayat Al Qur'an anu nyebutkeun 
sacara teges yen Adam as teh manusa anu munggaran.
Mangga ka anu gaduh tafsiran sanes kana QS Ali Imron ayat 59 diantos pedaranana.

Hatur nuhun.

manar


.  

. 
2013/7/18 YADI supriadi wendy <[email protected]> 
  
>On 2013-07-18 11:43, MRachmat Rawyani wrote:> Berarti ngaheulaan jaman Nabi 
>Adam anu kolotna ngan 7000 taun. Tina> kasus Gunung Padang, naha ieu teh 
>ngabuktikeun yen saacan Nabi Adam> turun ka Bumi geus aya peradaban (manusa) 
>di bumi ieu? Bandingkeun > oge> jeung umur Pitecan Tropus Erectus, 
>manusa-monyet tea? Sacara teori> bisa wae aya peradaban samemeh Nabi Adam 
>turun ka Bumi. Tapi pan > teori> tea sok aya salahna.>>Tos sababaraha kali 
>kuring nulis di dieu yen Nabi Adam as mah mung sekedar nabi nu munggaran. Jadi 
>tegesna Nabi Adam as kagungan puser siga urang (dilahirkeun weh tegesna 
>mah!).Fakta nu kaunggel dina Alquran:1. Dawuhan Pangeran: "Kami rek ngutus 
>KHALIFAH di luhur dunya". Naon hartina khalifah? Khalifah bisa oge hartina 
>"pamingpin". Tah mun pamingpin diutus/dipilih geus tangtu aya nu dipingpinna. 
>Jadi hartina penciptaan Adam harita sanes ujug-ujug diturunkeun ti langit, 
>tapi saperti biasa dipilih ti nu tos aya.2. Para Malaikat: "Naha Anjeun
 bade nyiptakeun mahluk nu sok silih paehan (penumpah darah)?". Cik mangga 
emutan, ti mana para malikat apaleun yen aya mahluk nu sok silih pateni? 
Ningali pasipatining malaikat, PASTI memang malaikat tos ningali kajadian nu 
kitu di alam "mayapada". Jadi hartosna tos aya bungkeuleukan "manusa". Di urang 
ge geuning sok aya paribasa kieu: "Engke ah, rek kawin teh mun geus jadi 
jelema". Tah pananya ti kuring: naha memang harita manehna TACAN jadi jelema 
kitu?3. Aya Filsuf jenenganana Syeh Muhyiddin Ibnu Arrabi (ke referensina pami 
kapendak diguar di dieu), anjeunna netelakeun yen Rasulullah saw nyebatkeun yen 
Allah ta ala tos nurunkeun REBUAN ADAM. Naon maksudna? Maksudna taya lian, 
satacan "Adam" nu pangcaketna ieu (genep rebu - tujuh rebu taun kapengker), 
Allah ta ala tos nurunkeun rebuan Adam-Adam heubeul ka dunya ieu. Tapi ku 
kaayaan jaman kaum/umat silih berganti. Jadi bisa bae artefak Gunung Padang 
mangrupakeun warisan budaya "Adam" nu ti heula.Matak
 lieur nya......Mangga we-- --Wassalam,Yadi Supriadi Wendy.: dikirim ku 
kadeudeuh :.

Kirim email ke