Tah sae pamikiran teh... Elmu Dinamis jadi ulah nutup sagala kamungkinan. Eta scientist sejati mah hehehe.
nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: "H. Abdurrohman M.Sastra" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 18 Jul 2013 19:07:06 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: Sawarga) Baraya, khusus Bah Oman, Sae pisan ngadamel edisi ngeunaan "Manusia Purba" di majalah populer Geomagz. Mung saena tiasa ngawaler kapanasaran para elmuwan sareng masyarakat awam kiwari. Sim Kuring tos maca buku karya Sdrk. Agus Mustofa, terbitan PADMApres (2007) Seri ka 14 Tasawuf Modern judulna " Ternyata Adam Dilahirkan". Mangga paluruh teras disarungsum sareng versi Bah Oman, geura bakal rame dibahas dina ieu milis. Sanaos kaetang kasiangan kisunda ngabahas topik "Adam vs Manusia Pertama" mung sok we da elmu mah dinamis manawi aya hal anu enggal deui anu tiasa "memuaskan" kapanasaran sadaya baraya. Wilujeng...... ________________________________ From: oman abdurahman <[email protected]> To: urang sunda <[email protected]> Cc: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Thursday, July 18, 2013 12:55 PM Subject: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: Sawarga) Kang Yadi oge baraya sadaya anu aub dina ieu jejer, Nuhun pedaranana. Kabeneran danget ieu si kuring keur nyiapkeun majalah geologi populer Geomagz edisi ngeunaan manusa purba. Sok sanajan guaran dina ieu Geomagz ngeunaan manusa purba henteu jero, leuwih museur kana nepikeun ihwal nyukcruk lalampahan para panalungtik manusa purba di urang baheula nepi ka ayeuna, nya lumayan oge dina nyiapkeunana mah nepi ka kudu diskusi sagala sareng ahli fosil hominid ti Badan Geologi nyaeta kersana Prof. Fachroel Aziz (anjeunna tos haji :). Nalika si kuring diskusi sareng Prof. Aziz, betus ti anjeunna kamungkinan Adam as teh dilahirkeun sakumaha ilaharna manusa. Patali sareng hal eta, ras si kuring inget kana salah sahiji ayat Al Qur'an, surah (QS) Ali Imran ayat 59 anu hartina kl kieu: "Saenyana babandingan (B.Indonesia: permisalan) Isa di sisi Alloh, sakumaha babandingan Adam. Anjeunna nyiptakeunana (Isa) tina taneuh (turab) laju Anjeunna ngadawuh ka inyana (ka taneuh atawa ka Isa ?) : "Jadi anjeun, mangka inyana jadi". Tina ieu ayat, aya sababara hal anu bisa jadi bahan diskusi haneut. Upamana wae, numutkeun ayat Al Qur'an di luhur (QS 3:59), penciptaan Isa as teh sarua pisan atawa sakumaha penciptaan Adam as (bhs Arab-na make kecap "mistal"). Atawa, bisa disebutkeun kieu: penciptaan Adam as sakumaha penciptaan Isa as (ku sabab sarua atawa samisal tea). Kukituna, naha teu bisa disimpulkeun yen upama Isa as mibanda indung (ibu), tangtu Adam as oge - kusabab sakuma penciptaan Isa as tea - boga indung oge?. Anapon hakekatna, duanana nya diciptakeun tina taneuh tea kalawan aya proses anu beda jeung penciptaan manusa salian ti Adam as jeung Isa as (anu umumna ngagaduhan indung bapa lengkep), nya eta sakumaha digambarkeun ngalangkungan ayat "kun fa yakun". Tafsiran anu bieu lain pedah aya teori mitokondria Eve. Taya lian kataji ku eta ayat (QS 3:59), naon rahasiah disatukangeunana nepi ka disebutkeun penciptaan Isa as samisal sareng penciptaan Adam as (padahal Isa as jelas-jelas, ceuk dina sajarah, ngagaduhan indung). Kanyataan sejen, sakumaha disebutkeun ku kang Yadi, yen teu aya hiji oge ayat Al Qur'an anu nyebutkeun sacara teges yen Adam as teh manusa anu munggaran. Mangga ka anu gaduh tafsiran sanes kana QS Ali Imron ayat 59 diantos pedaranana. Hatur nuhun. manar . . 2013/7/18 YADI supriadi wendy <[email protected]> > >On 2013-07-18 11:43, MRachmat Rawyani wrote: > >> Berarti ngaheulaan jaman Nabi Adam anu kolotna ngan 7000 taun. Tina >> kasus Gunung Padang, naha ieu teh ngabuktikeun yen saacan Nabi Adam >> turun ka Bumi geus aya peradaban (manusa) di bumi ieu? Bandingkeun >> oge >> jeung umur Pitecan Tropus Erectus, manusa-monyet tea? Sacara teori >> bisa wae aya peradaban samemeh Nabi Adam turun ka Bumi. Tapi pan >> teori >> tea sok aya salahna. >> >> > Tos sababaraha kali kuring nulis di dieu yen Nabi Adam as mah mung >sekedar nabi nu munggaran. Jadi tegesna Nabi Adam as kagungan puser siga >urang (dilahirkeun weh tegesna mah!). >Fakta nu kaunggel dina Alquran: > >1. Dawuhan Pangeran: "Kami rek ngutus KHALIFAH di luhur dunya". Naon >hartina khalifah? Khalifah bisa oge hartina "pamingpin". Tah mun >pamingpin diutus/dipilih geus tangtu aya nu dipingpinna. Jadi hartina >penciptaan Adam harita sanes ujug-ujug diturunkeun ti langit, tapi >saperti biasa dipilih ti nu tos aya. > >2. Para Malaikat: "Naha Anjeun bade nyiptakeun mahluk nu sok silih >paehan (penumpah darah)?". Cik mangga emutan, ti mana para malikat >apaleun yen aya mahluk nu sok silih pateni? Ningali pasipatining >malaikat, PASTI memang malaikat tos ningali kajadian nu kitu di alam >"mayapada". Jadi hartosna tos aya bungkeuleukan "manusa". Di urang ge >geuning sok aya paribasa kieu: "Engke ah, rek kawin teh mun geus jadi >jelema". Tah pananya ti kuring: naha memang harita manehna TACAN jadi >jelema kitu? > >3. Aya Filsuf jenenganana Syeh Muhyiddin Ibnu Arrabi (ke referensina >pami kapendak diguar di dieu), anjeunna netelakeun yen Rasulullah saw >nyebatkeun yen Allah ta ala tos nurunkeun REBUAN ADAM. Naon maksudna? >Maksudna taya lian, satacan "Adam" nu pangcaketna ieu (genep rebu - >tujuh rebu taun kapengker), Allah ta ala tos nurunkeun rebuan Adam-Adam >heubeul ka dunya ieu. Tapi ku kaayaan jaman kaum/umat silih berganti. >Jadi bisa bae artefak Gunung Padang mangrupakeun warisan budaya "Adam" >nu ti heula. > >Matak lieur nya...... >Mangga we >-- >-- >Wassalam, > >Yadi Supriadi Wendy >.: dikirim ku kadeudeuh :. >
