Katawisna mah pak Abdurrohman sakulawargi teh kataji pisan ku buku-buku Agus Mustafa.
Sumuhun sae, da eta saurna best-seller sareng sering di sebat-sebat buku sufisme kontemporer saurna buku-buku Agus Mustafa teh. Sim kuring mung nembe maca 1 buku tulisan Agus Mustafa teh, 2 tahun kapengker jalan-jalan ka toko Gunung Agung teras macaan sakilas sababaraha buku Agus Mustafa, tapi seueurna mah sim kuring memang kirang tertarik, tapi nyobian hoyong maca dugi ka tamat salah sawios bukuna. Ku sim kurim dipilih buku ngeunaan Isra' Mi'raj. Eusi bukuna memang progressif, berani upami dina bahasa indonesia mah. Mung khusus kana kajian isra mi'raj mah kanggo sim kuring eta buku teh pinuh ku spekulatif. Maksad sim kuring kieu: ari isra miraj teh hiji pangalaman kangjeng Nabi anu pinuh ku pangalaman ruhani anu jero. Tah, biasana upami cendekiawan sapertos Agus Mustafa sareng nu sanesna, kanggo ngadamel hiji hipotesa alam biasana aya dasar awalna heula. Dina kajantenan isra miraj sahenteuna atuh eta kajian teh beurat pisan: kajadian dimensi alam sareng kajian dimensi batin anu ngahiji dina hiji peristiwa nyaeta isra miraj. Tah saena upami bade ngaguar jero fenomena dimensi alam, atuh kedah aya dasar awal anu tos tiasa dibuktoskeun. Oge kajian dimensi batin, saena kedah aya dimensi batin dasar anu tos dialaman kunu nulis buku. Janten misalna: (1) Kajian dimensi alam: aya hiji teori dimensi alam anu tos kabuktoskeun. teras urang usaha kanggo ngaguar teori anyar anu langkung luhur berdasarkeun kana teori anu tos kabuktoskeun nyaeta teori anu langkung dasar/handap. (2) Kajian dimensi batin: aya pangalaman dimensi batin dina level handap, urat hoyong ngahabas dimensi batin anu langkung luhur ku cara referensi ti pangalaman dimensi batin anu dihandapna. tah dina buku isra miraj Agus Mustafa ku sim kuring ditingali teh sadayana spekulasi. Teu aya dasar teori anu kiat anu ngadukung boh kajian dimensi ruang/alam oge dimensi batin. Anu ditulis ku Agus Mustafa dina kajian isra miraj hampir sadayana implengan 100%. Tapi kanggo anu kataji teu sawios-wios eta oge sae kanggo pertimbangan sareng kanggo arah tafakur ka payunna. Buku Agus Mustafa anu kadua sempet ku sim kuring diaos tapi luluncatan teu tamat sadayana. Eta anyar keneh waktos 1 bulan kepengker sim kuring milari hiji buku kukulintingan di gramedia bintaro, blok M, nembe mendak bukuna di Gramedia Grogol. Sambil milari buku anu ku sim kuring dimaksad, sempet maca-maca buku anu judulna kontroversial: nabi Ibrahim pun Pernah Atheis; tulisan Agus Mustafa. Ku sim kuring dibaca luncat-luncat hoyong uninga dasar pokok tulisanna. Dina buktosna atuh Agus Mustafa teh nafsirkeun perjalanan ruhani Ibrahim anu ningali bintang, matahari jeung bulan sacara leterlek, nyaeta pangalaman ibrahim bener-bener nganggap eta bintang, matahari jeung bulan teh TUHAN tea, dina masa-masa pencarian ruhani ibrahim. Sim kuring teu satuju pisan, walau buku eta pada dasarna ngajak ka jalma-jalma anu nolak ayana TUHAN, oge anu ragu jeung skeptis (agnostik), pikeun ulah eureun nyiar hikmah jeung kayakinan, ulah cape nepi ka kapanggih anu hakekat, nyaeta TUHAN. Sae maksad na mah, oge alur tulisanna menarik ku bahasa populer. Tapi Ibrahim dicontohkeun pernah atheis eta tos kaleuleuwihi. Dina tahun 1993 waktos sim kuring ngawitan daftar bade kuliah di Munich, jerman, sim kuring mekel Buku Ihyaa Ulumuddin anu teu acan tamat diaos waktos di SMA. Kulantaran eta buku mangjilid-jilid, sawareh mah dikirim ku babaturan ti lemah cai. Dina Ihya Ulumuddin aya tafsiran sufisme ngeunaan pangalaman Ibrahim anu saolah ngaggap yen bintang, matahari, bulan teh TUHAN dina perjalanan ruhani na. Eta saur tafsir sufistik dina Ihya Ulumuddin (sanes pendapat Ghazali, tapi pendapat salah sahiji sufi sanesna), simbolik eta carita teh. Eta teh ngagambarkeun kayakinan kana hakekat anu dina hiji tingkatan Ibrahim yakin yen geus kahontal hakekat anu sabenerna; tapi dina perjalanan hirup hakekat anu dianggap sampurna poe kamari teh nyatana oge naif, aya deui hakekat anu leuwih caang, tapi eta oge nyatana can sampurna, terus aya deui hakekat kana jero batin kalawan leuwih caang deui, ibarat bedana cahaya bintang, bulan jeung matahari. Eta moal mungkin jalma hanif saperti nabi Ibrahim cara pencarian hakekat Tuhan saperti jalma pagan anu ngamimitian tina wujud alam raya saperti bintang, bulan jeung matahari. Ku urang saeutik lobana oge pasti kaalaman. Kabijaksanaan pikiran 10 atawa 20 taun katukang pasti poe ayeuna katingalina geus heureut. Ayeuna mudah-mudahan urang ngahontal kabijaksanaan anu lewuih jero, leuwih lega, leuwih caang. Jadi lamun ningali kana kabijaksanaan diri di waktu anu geus kaliwat jadi katingali naif kabijaksanaan urang anu kamari teh. Lamun teu kitu, cilaka, artina urang euweuh kamajuan. Kitu oge Agus Mustafa. Geus kagok nulis buku. Komo upami leres aya 35 seri. Eta sae, tapi saena deui kedah sadar yen dina waktos kapayun tiasa robah pandangan batin kanu langkung jero. Janten buku anu ditulis dina poe kamari tiasa jenten katingali naif. Atuh milist ieu, nya da memang tempatna ngabejaan bulu tuur atuh panginten. Itung-itung diajar basa sunda, utamina sim kuring. Sapertos mang Kaby tah, hayoh weh ngomongkeun nyandung. Atuh kunu tos nyandung leres mah di milist ieu meureun mang Kaby teh diseungseurikeun, dianggap loba carita tapi can boga pangalaman,. Tah panginten sim kuring seueur nulis oge sami, pasti aya saderek anu ngagaduhan elmu jeung pangalaman anu langkung jero. Anggap wae ngabejaan bulu tuur, supados aya bahan obrolan. Da upami kedah berdasarkan referensi sapertos tulisan formal mah memang bakal beurat, engke dipiwarang namatkeun heula Al-Hikam, Bukhari-Muslim, Ihya Ulumuddin sareng anu sanesna teu kawilang. Nya ieu mah ngadu bako weh... he.. he.. he.. Wallahu'alam Wassalaamu'alaikum wr. wb. Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: "[email protected]" <[email protected]> An: [email protected]; "[email protected]" <[email protected]> Gesendet: 11:31 Freitag, 26.Juli 2013 Betreff: Re: [kisunda] Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul sajarah manusa Tah geuning hasil tina silih asah silih asuh sareng silih asih di antara baraya kisunda, karaos beuki nambihan wawasan sareng pangaweruh. Naon rupi anu dipagunemkeun ku baraya dina hal asal usul manusa, DNA sareng rante informasi parantos dikupas ku sdrk. Agus Mustopa tingawitan seri ka 1 dugi ka 35. Geura cobi we ngagaleuh teras diaos kalayan nganggo pikiran sareng akal sehat. Nembe dipadungdengkeun. Naha urang tiasa nampi metoda tafsir Al Quran sapertos anjeunna. Ulah ngadu argumentasi hiji perkara anu tos dibahas ku anu sanes kalayan leuwih jero. Hartosna pikiran urang "kasiangan", padahal mun maca heula mah hasil pikiran batur anu tos aya dina bukuna, bisa jadi sami, sihoreng eta teh tos teu aneh teu sing.... Mangga lajengkeun.
