[Urang Sunda] Assalamu'alaikum...

2008-02-06 Terurut Topik pupung permatasari
Tadi wengi abdi kenging wartos ti pun Emang yen  Pa Ading (kapi rakana pun bapa 
Alm) ngantunkeun, emutan baluweng teu tiasa mondok dugi ka enjing-enjing.
Muka internet, teras we milarian wartos perkawis almarhum (maklum tebih ti 
lembur,culang-cileung bingung...) anu kapendak ngawitan blog na Kang Yusran anu 
ngiberkeun perkawis Pa Ading pupus teh, teras ku abdi dipostingkeun ka milis 
urang sunda, teu ngemut heula ka ditu ka dieu.
Nembe diperhatoskeun, geuning di milis teh aya kuncenna Tribun, anu nyerat 
perkawis Pa Ading, janten ararisin ieu teh- kumargi mostingkeun henteu permios 
heula kanu kagungannana.. 
 
Haturnuhun ka parawargi kusnet oge  kanggo sadaya redaksi Tribun Jabar anu 
parantos merhatoskeun Pa Ading sakulawargi.
Hapunten bilih aya kecap anu kirang merenah. 
 
baktos,
Pupung Permatasari
Kashiwazaki-Japan


  

Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

[Urang Sunda] Re:Pa Yogi SM pupus

2007-06-07 Terurut Topik pupung permatasari
Innalillahi wa inna Illaihi Roji'uun
  Mugia Allah Swt. nampi sagala rupi amal ibadahna, dicaangkeun alam kuburna..
  Amiiin ya... Robbal Alamiin.
   
  Pupung  Kel. 

   
-
Sick sense of humor? Visit Yahoo! TV's Comedy with an Edge to see what's on, 
when. 

[Urang Sunda] Re: Baraya US di Jepang

2007-05-30 Terurut Topik Pupung Permatasari

Wa'alaikumsalam, Wr.Wb.

Asa wanoh,  upami teu lepat mah aya anu jenengannana Kang Ono Taryono
waktos abdi di Nagoya (1998-2003) , leres kitu ieu teh kang Ono anu eta?
dupi ayeuna di mana di Nihon na?

Ayi Budhi, Teteh mah di KusNet mung aktif macaan wungkul, komo upami tos
kaluar si Jay mah, dh, matak deudeuieun macana teh Hiburan
di pangumbaraan. Kang Irwan oge anggota Millist? salam sono atuh
kanggo Teh Hanni, Alif.., sareng anu bungsu... (teu acan kantos
kalongok)

Baktos,

Pupung, Niigata


O. Taryono [EMAIL PROTECTED] wrote:

 Assalamualaikum Wr. Wb.

 Wilujeng patepang deui baraya US sadaya sareng abdi wargi lami nu
 langki ngalongokan babakan tea. Numawi bade seja tumaros manawi aya
 baraya US nu nuju bubuara di nagri sakura. Da raraosan mah kapungkur
 kantos aya nu posting ka ieu babakan nu nyebatkeun yen anjeunna
 linggih di Jepang. Hoyong manjangkeun tali silaturahmi weh. Dumeh sok
 ngaraos sono...
 Sono ka batur sa-sumur...
 Sono ka batur sa-lembur...
 Sono ka batur sa-gubernur...

 Sakitu heula panginten. Hatur nuhun sateuacanna.



 Baktos,
 OTA Thea






[Urang Sunda] Re: Baraya US di Jepang

2007-05-30 Terurut Topik Pupung Permatasari

Hapunten atuh Kang upami lepat mah..., tapi- leres, kapungkur kantos aya
di Nagoya Jenengan anu sami, namung asana mah sanes ti Subang, hehehe...

Hanjakal atuh tebih, Niigata (Kashiwazaki Shi) - Kawasaki mah... 250 Km
an...  Kawasaki - Tokyo  caket, upami kagungan waktos mah amengan we ka
Balai Indonesia/SRIT di Meguro caket KBRI, utamina- upami Juma'ahan--
osok ngempel

Baktos,

Pupung



  O. Taryono [EMAIL PROTECTED] wrote:

 Sanes Abdi Teh Pupung. Da Abdi mah nembean ayeuna nyaba ka nagri
 sakura teh. Duka Ono nu mana heuheuheu...
 Sarengna deui Abdi mah linggih di Kawasaki, sanes di Nagoya.

 Abdi nuju milari baraya nu caket ti Kawasaki ieu teh. Salam wanoh
 weh atuh ti Abdi.



 Baktos,
 OTA






[Urang Sunda] Re: Baraya US di Jepang

2007-05-30 Terurut Topik Pupung Permatasari

Meni asa kenging kahormatan dibageakeun ku si Jay, eh ku Kang
Ndoell, maklum atuh penggemar berat, hehehe

Haturnuhun ah..., ke ku abdi bade ditoong  lemburna si Jay teh...,
kacipta..

Pupung


--- In urangsunda@yahoogroups.com, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:

 ceu Pupung..
 bilih sono ka si Jay mah, mangga toong :
 http://ndoell.multiply.com/journal






[Urang Sunda] Re: Wilujeng, cep Bagja adian euy!

2007-05-16 Terurut Topik Pupung Permatasari

Aya ku bagja nya. Kang Deny bade gaduh putra deui, wilujeng ah..,
ngiring bingah.

Kumaha, Teh Enung na tos di rumah sakit? atanapi tos babar orok teh?
Mugi-mugi wae sing lungsur langsar

Pupung


--- In urangsunda@yahoogroups.com, Deny Suwarja [EMAIL PROTECTED]
wrote:

 Wilujeng ka Bagja, anu rek adian euy! Alhamdulillah





[Urang Sunda] Re: Keur naon ari Ujian Nasional?

2007-04-19 Terurut Topik Pupung Permatasari
Sampurasun..., punten ah- bade ngiring ilubiung

Aeh aeh, geuningan dunia pendidikan di Indonesia kiwari teh masih
keneh siga kitu??? euweuh kamajuan atuh ?? Kabeneran Jumaah minggu
anu kaliwat kuring ngobrol jeung babaturan ti keur kuliah, balad urang
tea Den, Susi--, Guru SMA di Sukabumi, curhat anu sarua siga Kang Deny
ieu, Anjeuna oge nyarios yen taun ayeuna mah teu purun/ngundurkeun diri
ngiluan ngawas UN teh... Harita  Susi teh ngomong kieu ; Ah
meureunan pung, anu kieu teh di Sukabumi wungkul-- sigana di kota-kota
lian mah henteu.. Syukur Pupung mah bisa nyakolakeun budak teh di
luar Indonesia cenah. (budak kuring 2- awewe, anu cikal karek 2
minggu nincak SMP, anu ka dua karek naek ka kelas 5 SD, duanana di
sakola umum/negeri Jepang kulantaran ka SRIT/Sekolah RI Tokyo mah
jauh 250 Km an...)

Ku hasil ngahaminan sagalarupi cariosan perkawis eta, kuring boga
pamadegan anu sapuk jeung kang Deny-- yen penyelenggaraan UN teh alusna
mah tong diayakeun deui !!  Katingalina teh ngan saukur ulinan-
wawayangan, siga KaBuKi/wayang orang Jep. Standarisasi kualitas hasil
pendidikan anu saenyana  mah atuh bisa dilaksanakeun ku cara sejen bari
jeung henteu kudu nyuntrungkeun anak didik. Ari hayang kawentar sakolana
jeung guruna anu sukses mah atuh ti samemeh pelulusan murid, ngajar
soson-soson bari jeung mintonkeun kaluhungan budi pekerti/naon nya
b.sundana(?), lain ieu mah-- barudak  teh dibekelan conto anu garoreng
patut kitu  (kunaon ieu teh jadi nasteung kieu, hehehe..
punten ah!)

baktos ka sadaya baraya kusnet dimana wae ayana,

*kuring- anu belasan taun ka tukang pernah ngalaman ditegor jeung
dibaeudan ku kepala sakola kulantaran cenah ketat teuing ari ngawas
ujian- /cenah teh, antepkeun we atuh ari aya budak anu ningali kopean
teh, malah mun bisa mah mere nyaho jawabanana..., haaa??
[#-o]

Pupung,


  denysuwarja2k [EMAIL PROTECTED] wrote:

 Heuheuheu, ieuh�E Bisi harayang nyaho.
 Sabenerna mah UN teh bohong eta the�E Da anu sakanyaho uing mah
anu
 ngerjakeun UN teh tim sukses nyaeta guru2 anu geus ditunjuk ku
kepsek
 Ngerjakeun atawa ngeusian atawan menerkeun jawaban barudakna!


[Urang Sunda] Re: Keur naon ari Ujian Nasional?

2007-04-19 Terurut Topik Pupung Permatasari


--- In urangsunda@yahoogroups.com, waluya56 [EMAIL PROTECTED] wrote:

 trias santosa triassantosa@ wrote:

  Atuh ari kitu masalahna mah lain UN na nu kudu dileungitkeun, tapi
  sistem-na nu kudu dibenerkeun. Jalankeun hukum. Pengawas mungkin
  teu salah da dititah ku atasan, kepala sekolah oge jigana mah
  henteu. Kira kira mah Kepala dinas kaluhurmeureueueun.
  Punten ah

 Upami kanggo standarisasi sakola mah, memang leres UN teh peryogi.
 Ngan masalahna UN ayeuna jadi faktor penentu kanggo lulus henteuna
 murid. Peran Guru nu taunan ngajar budak, dileungitkeun. Kalulusan
 budak ukur ditangtukeun ku waktu 2(dua) poe jeung ukur ku 3(tilu) mata
 pelajaran. Padahal sabenerna guru nu terang sapopoena muridna. Guru
 sabenerna nu gaduh hak naha saurang murid teh bisa diluluskeun atawa
 henteu sanes Menteri Pendidikan ...hehehehe. Pan di Perguruan Tinggi
 oge dosen nu nangtukeun peunteun sabaraha mahasiswana teh ...sanes
 Menteri Pendidikan atawa Rektor.

 Komo ayeuna mah aya rencana UN teh oge diterapkeun keur SD. Tah kumaha
 lamun budak teu lulus? ...pan nabrak UU nu ngawajibkeun sakola 9 taun,
 da budak teu bisa asup SMP tapi teu ngulang deui di SD.

 Ceuk kuring mah bade UN mah mangga, ngan cik atuh kalulusan budak mah
 bikeun ka guru/sakolana, da maranehna sabenerna anu terang pisan mah.

 Baktos,
 WALUYA



h. kutan kitu nya  jadi UN teh nangtukeun kalulusan murid???
(maklum atuh tos lami pisan teu icikibung di sakola Indonesia)

Ieu mah sakadar pangalaman kuring nyakolakeun budak  di nagara deungeun,
susuganan atuh bisa jadi eunteung kanggo urang sarerea...  Di dieu
(Jepang) sami sareng di Indonesia nerapkeun sistim wajib belajar 9 taun.
Sababaraha bulan samemeh nyanghareupan taun ajaran anyar, kabeh orangtua
anu ngabogaan budak nu geus wancina abus sakola- boh SD atawa SMP-
dikiriman surat ku kantor kecamatan/kotamadya bag.dikbud, anu eusina teh
ngabageakeun, putra anjeun tos waktosna sakola, dipiwarang lebet ka
sakola anu ditunjuk (disesuaikeun jeung wilayah tempat tinggal,
berdasarkan radius.), boh orang tua boh budakna teu kudu hese-hese
neangan sakola, tos disayogikeun ku pamarentah. (kecuali anu hoyong
lebet ka sakola khusus/programna jeung sajabina rada benten ti sakola
umum, ieu mah kedah ujian heula...). Barudak SD kelas 6 anu dek
diwisuda,  teu aya nu namina ujian-ujianan., so pasti sakabeh budak
100% lulus !  geus kitu, pasti kabeh bakal bisa asup ka SMP tanpa
aya ujian-ujianan Sual standarisasi sakola, ieu teh diayakeunana
sababaraha kali tiap semester (karek ganti tina catur wulan), barudak
ujian- ti kelas 1 tepi ka kelas 6 (kumaha we siga tes ulangan sapopoe
ngan soalna standar nasional), guru-guruna kabeh konsisten,
tanggungjawab, saaya-ayana kamampuan murid, pedah didieu mah guru-guruna
oge ngarasa yen ku ayana ujian siga kitu teh sarua jeung eukeur ngukur
kamampuan guruna sorangan/evaluasi/introspeksi.Sabadana ujian ieu,
hasilna diumumkeun ka orangtua murid,jadi katingali kumaha posisi sakola
teh dibandingkeun jeung sakola sejen, terus dievaluasi, lamun loba
kakuranganana dibahas babarengan kumaha ngopenannana.  Sagala
rupa ngeunaan sakola, lain ngan ukur tanggung jawab kepala sakola jeung
guru-guruna wungkul, kabeh kum na masyarakat ngarasa tanggung jawab, ku
kituna osok diayakeun Jugyou sankan bi anu hartosna, masyarakat
sabudeureun sakola kalebet orang tua murid dibageakeun dina hiji poe
kanggo inspeksi/kunjungan ka sakola, ningali kaayaannana, ningali kumaha
proses belajar mengajar berlangsung, saatosna diayakeun riungan PTA ,
ngabahas naon-naon bae anu hoyong didugikeun ku orang tua oge ku guru
kanggo ningkatkeun pengajaran. Tah kitu baraya sadaya.., cag
ah..., kaleresan dinten ieu sakedap deui abdi kedah ngadeuheus
Jugyou sankan bi di Hisumi Shogakko

baktos,








[Urang Sunda] Re: Ngalalanyahan iber HBH

2007-03-08 Terurut Topik Pupung Permatasari

Budhi teh Urang Ciamis kitu? hehehe... nembe terang. Muhun-lah abdi ge
satuju pisan di Ciamis- Pangandaran mah, ke tiasa sakantenan nyimpang ka
bumi pun Nini di Cicapar-Banjarsari, jajalaneun pisan ka Pangandaran.
Ari di Garut mah raos teuing kanggo Kang Deny atuuuh.. hehehe,(
punten nya- ieu abdi bet janten pipilueun Duka kunaon atuh ari
Ciamis komo deui Pangandaran kasabit-sabit teh sok ujug-ujug rus ras ka
lembur, emut ka pun Nini anu yuswana tos lebet 100 taun )

Pupung,

Ogimachi 3-16



  Budhi Setiawan [EMAIL PROTECTED] wrote:

 di garut deui ? ah mending oge di ciamis  pangandaran, sisi laut
... heu heu

 budhi
 kurono kopo 241


 On 3/7/07, denysuwarja2k [EMAIL PROTECTED] wrote:
 
 
 
 
 
 
  Kumaha lamun Cipanas Garut!
  apanan jadi barisa ngareueum heheheh!!!
  (Atuh uing mah untung, da jadi deukeut!!!)
 
  Deny
 
 
  --- In urangsunda@yahoogroups.com, ndoell ndoell@ wrote:
  
   oge gampil dijug-jug ...
  
   maksad teh, jug kadituh geura datang ka HBH...
   heu heu
  
  
   -dul-
   tukangteuing
  
   --- In urangsunda@yahoogroups.com, Siddik Wiradireja cikundul3@
   wrote:
   
Para wargi, upami dietang-etang sasih siam kirang langkung
kantun
   6 sasih 7 dinteneun deui, nyakitu boboran siam 1428H kirang
langkung
   kantun 7 sasih tujuh dinteneun deui.
Numutkeun pananggalan mah, boboran siam ninggang dina kaping
   13/14 Oktober 2007.
Leres 7 sasih masih kaetang lami, namung upami urang unggal
   dinten ditapuk kukasibukan sadidinten eta waktos 7 sasih karaosna
   mung sajorelat.
Sapertos biasa, manawi kawidian ku Allah SWT., aya rezekina
   sareng aya umurna, acara Halal Bi Halal diancer-ancerkeun, urang
   ayakeun dina kaping 20/21 Oktober 2007 (aya usulan sanes...??).
Kantun, anu teu acan aya ancer-ancer teh pitempateunana,
   sapertos biasa syarat kanggo pitempateun mah; merenah sareng
mirah,
   teu tebih teuing ti Sunda Kalapa sareng teu tebih teuing ti
Tatar
   Ukur.
Aya anu nawisan di Dago Resort sareng Pangalengan, kumaha
kinten-
   kintena...??,
atanapi aya anu kagungan usul di tempat sanes??
Mangga diantos, bilih aya anu kagungan usul tempat sanes.
   
Pihatur,
ssw
   
   
   
   
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
   
  
 
 
 
 


 --
 budhi at urangsunda dot net





Re: [Urang Sunda] Sang Mentri anu Profesor ....

2007-02-22 Terurut Topik Pupung Permatasari

(Aya kitu 18 taun urang teu patepung paamprok jonghok???) Enyaan geuning
kang Deny teh teu robih- malah mah beuki HEBRING ku heureuyna,  ku
pamadegannana, ku Vocal na. ku sagalarupana... Kuring ngadukung
pisan kana sepak terjangna (ka sadaya wargi- punten upami seueur kecap
anu teu merenah - abdi nembe diajar deui basa sunda teh, hehehe...
[:-$] )

Pupung tea...


  denysuwarja2k [EMAIL PROTECTED] wrote:

 Wa, di jaman ayeuna... di nagari urang mah jelema anu bener dianggap
 salah, jelema cageur dianggap gering, jelema anu eling dianggap gelo.
 Contona nya eta menteri anu profesor tea!
 Conto lainna, rahayat keur ngajerit ku harga beas, jeung banjir,
 bencana mah puguh deui na atuh burudul sarebu urang anggota dewan
 yang terhormat demo... nyuhunkeun gajina tetep naek! nolak revisi PP
 37 kamari!
 Jalmi daramang ari nu kitu sanes wa? Eta ku sedihna teh, aya anggota
 dewan make pakean Kiai hihihihi!


 --- In urangsunda@yahoogroups.com, Reka Gayantika bohay@ wrote:
 
  Hihihihih osok hayang seuri ninggali kalakuan panggede. jiga
 ninggali
  budak anu keur hareureuy. Sandiwara Politik hungkul lah. jelema
lalieur
  hungkul. hehehhe...
 
  -Bohay-
 
  On 2/21/07, Waluya resoma@ wrote:
  
   Aya Mentri dipariksa ku KPK kulantaran nunjuk langsung rekanan
dina
   ngayakeun barang, sang Mentri ngambek, malik ngalaporkeun katua
KPK,
   sabab cenah KPK oge nunjuk langsung rekanan (henteu tender) dina
 ngayakeun
   alat-alat paragi nyadap kalakuan sang koruptor. Ger . wartos
 jadi rame
   sabab KPK ge embung disebutkeun boga standar ganda. Ceuk KPK
 memang leres
   KPK nunjuk langsung rekanan henteu ngaliwatan tender, tapi samemeh
   ngalakukeun eta, KPK menta izin heula ka Presiden ngaliwatan
 Mentri
   Sekretaris Negara, nu mentrina ngadukeun katua KPK soal ieu. Jadi
sang
   Mentri nuduh ka batur, nu manehna sorangan nyaho jeung ngilu
 nanda-tangan
   ...hehehehe
  
   Maca wartos ieu, sirah kuring jadi rieut, rieut ningali kalakuan
para
   politisi di Indonesia, siga nu geus teu boga kaera. Sanajan geus
 kanyahoan
   tutunjuk manehna teh akhirna nunjuk manehna sorangan, hih ...
 angger we
   nyarios bulat-beulit, leueur siga belut. Padahal sang Mentri teh
boga
   pangkat Professor, nu nunjukkeun manehna teh kaum akademisi.
Biasana
   Kaum Akademisi dihormat lain kulantaran ku pangkat jeung harta,
tapi
   kulantaran bebeneran nu dicekel pageuh!
  
   Baktos.
   WALUYA
  
  
 





[Urang Sunda] Re: Test of Sundanesse as Foreign Language!

2007-02-11 Terurut Topik Pupung Permatasari

Assalamu'alaikum Wr.Wb

Nepangkeun, abdi nembe lebet ka ieu millist- kawitna mah mung hoyong
noongan wargi-wargi anu balakecrakan ngalobrol ku basa Sunda, kumargi
kabandang ku jenengan kang Deny Suwarja  (kapungkur waktos abdi
kuliah di IKIP FPMIPA-Biologi angkatan lebet '86,  gaduh rerencangan anu
jenengannana Deny Suwarja/pinter kanu bahasa Inggris, kapungkur bumina
di Batujajar, dupi ieu teh leres kitu Deny Suwarja anu eta??).

Tos ampir 9 taun abdi ngumbara di lembur batur/Jepang, Upami kawit mah
ti Bandung, pun Bapa (Alm) asli Ciamis, pun biang asli Garut 
Disuhunkeun kajembaran manah wargi-wargi sadaya supados abdi ditampi
ngiringan ilubiung ngamumule basa Sunda.

Haturnuhun kana perhatosan sadayana...

-Pupung Permatasari-