mj wrote: > kenging SMS ti kang Maman Gantra (MGT). saurna ti tim sukses AG, sangkan ditepikeun > kanu lian....kieu unggelna: > > Eleh mah geus pasti. Ngan tong nepi ka ngerakeun (eleh) di lembur sorangan (tatar > Sunda). > > tah kitu cenah. mun urang ngaku Urang Sunda, nyaah ka sarakan, ka dulur sasunda, > asana teu kudu mikir sarebu kali. jaradi bobotoh gan Agum. ngan nya da Urang Sunda > mah geus aredun. alam pikirna geus hebring bin maraju. jadi we..... > > Mj >
Assalamualaikum ww... Mang MJ, Sakali agum tetep AG nya.......hehehe... Sikuringge didieu rek milih AG..... keur alternatif bisi rubah kapaksa ka AR....., ari kamarimah arek LUNANG rencanateh.... kumargi rada lieur. Asa pernah maca kamari-kamarimah pas AG di tanya Urang mana jawabna Urang Indonesia... tapi ari maca sababaraha bulan katukang waktu milih Jabar 1 aya wacana masalah US, salah jawaban kitu teh... kudunamah : 2. UPAMA KU BATUR DISEBUT YEN MANEHNA TEH URANG SUNDA Upama nurutkeun ukuran anu ieu, nu disebut Sunda atawa urang Sunda teh kumaha ceuk tetelahan ti batur. Ieu sipatna leuwih obyektif. Biasana pangna disebut kitu teh kulantaran indung-bapana urang Sunda, atawa dumeh cicing di tatar Sunda. Sok aya urang Sunda pribadi anu sigana era upama disebut urang Sunda ku batur teh da geuning upama aya nu nanya kieu: "Kamu orang Sunda yah?" Ari dijawabna teh " Bukan saya mah Orang Indonesia " Eta jajawaban ngagambarkeun kateusadaran jeung henteu tumampi jadi urang Sunda (ieu patojaiah jeung eusina Ar.Ruum ayat 22). Saenyana kudu dibedakeun antara harti kecap BANGSA jeung harti kecap RAYAT (Rakyat). Ari "Bangsa" mah nuduhkeun kana sistem budaya (kultur jeung peradaban); ari "rayat (rakyat)" mah nuduhkeun kana cacahjiwa (penduduk) dicirian ku nomer KTP. Jadi kuduna ngajawab teh kieu: "Benar saya orang Sunda yang menjadi Rakyat Indonesia" - Kitu kuduna mah, ngan geus salah kaprah tea. Padahal ari nu salah mah kapan kudu dibebener deui, diomean. Kumaha tah MJ ? salam hendra ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

