|
Punteun ah, AG kantos di Metro TV.
Salam,
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, June 08, 2004 6:44
AM
Subject: Re: [UrangSunda] sms:AGUM PASTI
ELEH....
Kuring satuju kana pamendak ti kang MH (beda
sakedik sareng MJ ... he .. he ... )
Salila ieu mun hayang apal kana program2 capres
cawapres noongan di Liputan6 dot com, sanajan sanes real time, lumayan lah aya
lalajoan. Capres SBY, Amin pernah diwawancara ku radio IPDF, radio mahasiswa
di dieu, ti heula aya rek wawancara AG, ngan duka kunaon da geuningan teu
jadi.
Nepi ka wanci kiwari asa can aya wawancara atawa
kompanye ti AG teh, sugan atuh lamun di teleconference mah jadi apal kumaha
anu sabenerna ...
Wassalam,
BS
- nurutan ah disingkat oge
----- Original Message -----
Sent: Monday, June 07, 2004 11:46
PM
Subject: Re: [UrangSunda] sms:AGUM
PASTI ELEH....
Hua ha ha ha, eta MJ mani keukeuh ngabobotohan Kang AG. Nepi
kanyenyerian kitu, majar US mah geus 'aredun' jeung 'hebring'
sagala.
Ayeuna mah kieu we atuh. Lamun capres lain mah ngaprak ka
pasar, ka terminal, ka sawah, ka sakola, ka pasantren, sarta ka rumah
sakit - ngadon silaturahmi ka rahayat - tah kumaha mun Kang AG sina ulin
ka Kusnet geura. Sina nulis tah Kang AG teh di Kusnet. Atawa nyieun
acara teleconference, make chating YM oge cukup jigana.
Mun bisa
mah, ieu ide kuring teh tepikeun tah ka tim sukses AG, supaya manehna
nagmangpaatkeun IT. Rek nulis di milis pek, rek make teleconference
heug, atawa make media chating. Da teu kudu lila
meureun, paling-paling oge sajam. Terus ku MJ bewarakeun ka balarea,
dulur-dulur nu aya di satungkebing langit satangkaraking jagat, yeh rek
aya pasamoan jeung inohong Sunda.
Sugan we atuh, ari kaalaman
sorangan mah ku dulur-dulur - jiga kumaha dedeg pangadeg Kang AG teh
- bakal mangaruhan kana pilihan dulur urang sarerea anu geus 'aredun'
jeung 'hebring' teh.
Sok tah wani teu! Da ieu mah jigana teu kudu
ngamodal sagala. Teu kudu mere kaos, nasi bungkus, ongkos kampanye
sagala. Cukup ku niat hade we, jeung aya kahayang wanoh ka dulurna.
Lamun tea mah eta ideu teh kalaksanakeun, hebat lah Kang AG teh,
bakal aya kesan ngarakyat geura.
Der
ah! MH
__________________________________ Do you Yahoo!? Friends.
Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger. http://messenger.yahoo.com/
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|