--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> kenging SMS ti kang Maman Gantra (MGT). saurna ti
> tim sukses AG, sangkan ditepikeun kanu lian....kieu
> unggelna:
>
> Eleh mah geus pasti. Ngan tong nepi ka ngerakeun
> (eleh) di lembur sorangan (tatar Sunda).
>
> tah kitu cenah. mun urang ngaku Urang Sunda, nyaah
> ka sarakan, ka dulur sasunda, asana teu kudu mikir
> sarebu kali. jaradi bobotoh gan Agum. ngan nya da
> Urang Sunda mah geus aredun. alam pikirna geus
> hebring bin maraju. jadi we.....
Hua ha ha ha, eta MJ mani keukeuh ngabobotohan Kang
AG. Nepi kanyenyerian kitu, majar US mah geus 'aredun'
jeung 'hebring' sagala.
Ayeuna mah kieu we atuh. Lamun capres lain mah ngaprak
ka pasar, ka terminal, ka sawah, ka sakola, ka
pasantren, sarta ka rumah sakit - ngadon silaturahmi
ka rahayat - tah kumaha mun Kang AG sina ulin ka
Kusnet geura. Sina nulis tah Kang AG teh di Kusnet.
Atawa nyieun acara teleconference, make chating YM oge
cukup jigana.
Mun bisa mah, ieu ide kuring teh tepikeun tah ka tim
sukses AG, supaya manehna nagmangpaatkeun IT. Rek
nulis di milis pek, rek make teleconference heug,
atawa make media chating. Da teu kudu lila meureun,
paling-paling oge sajam. Terus ku MJ bewarakeun ka
balarea, dulur-dulur nu aya di satungkebing langit
satangkaraking jagat, yeh rek aya pasamoan jeung
inohong Sunda.
Sugan we atuh, ari kaalaman sorangan mah ku
dulur-dulur - jiga kumaha dedeg pangadeg Kang AG teh -
bakal mangaruhan kana pilihan dulur urang sarerea anu
geus 'aredun' jeung 'hebring' teh.
Sok tah wani teu! Da ieu mah jigana teu kudu ngamodal
sagala. Teu kudu mere kaos, nasi bungkus, ongkos
kampanye sagala. Cukup ku niat hade we, jeung aya
kahayang wanoh ka dulurna.
Lamun tea mah eta ideu teh kalaksanakeun, hebat lah
Kang AG teh, bakal aya kesan ngarakyat geura.
Der ah!
MH
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/