emmmhhh... hampura Mang Je euy...
lain sayah teu daek ngadukung Kang AG...(nepi ka ayeuna masih manghanjakalkeun naha AG teu jadi jeung AR harita)...
ngan nya eta tea, lamun tea mah bebeakan sora sayah ka Kang AG (enya ge ngan 1 sora, padahal mah AG geus pasti eleh, ceuk MJ eta ge), terus Mas Amien-Sis oge eleh (komo mun eleh sorana ipis/saeutik mah), terus nu maraju ka babak kadua teh Ceu Mega jeung Mas Wiranto... pasti si kuring bakal hanjakal 5 taun kahareup, komo mun nu menang ayeuna (mun enya teh goreng, hampura geus su'udzon euy..) terus bisa ngawasa kalayan kuat jeung manjang dina pemilu 5 taun kahareupna... waaaah, aya bakalan kajadian siaran ulangan 32 taun diparentah ku jelema nu sarua (enya ge teu mungkin da ngan menang 2 kali ngawasa, tapi bisa wae geus nyiapkeun boneka keur neruskeun rejim, punten ieu mah ngalamun teh rada jauh...)
tah kitu Mang Je itung-itungan sayah mah...
sakali deui ieu mah lain teu hayang ngarojong ka US, ngan nya kitu lah mun dina mengbal mah "safety first" heula...(meh teu ancrub kana zaman 32 taun jilid II)...
keun sugan kahareup mah aya nu wani maju nyalon jadi RI 1...
 
sakali deui hampura ka Kang AG, Kang MGT, Mang Je jeung sakumna nu ngarojong ka Kang AG...
tong pedah si kuring teu nyoblos Kang AG, si kuring jadi teu diaku di KUSNET hehehehehe...
 
 
^_^
 
 
----- Original Message -----
From: mj
Sent: Monday, June 07, 2004 4:57 PM
Subject: [UrangSunda] sms:AGUM PASTI ELEH....


kenging SMS ti kang Maman Gantra (MGT). saurna ti tim sukses AG, sangkan ditepikeun kanu lian....kieu unggelna:

Eleh mah geus pasti. Ngan tong nepi ka ngerakeun (eleh) di lembur sorangan (tatar Sunda).

tah kitu cenah. mun urang ngaku Urang Sunda, nyaah ka sarakan, ka dulur sasunda,  asana teu kudu mikir sarebu kali. jaradi bobotoh gan Agum. ngan nya da Urang Sunda mah geus aredun. alam pikirna geus hebring bin maraju. jadi we.....


Mj

http://geocities.com/mangjamal



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke