Alhamdulillah pangesto Neng nia,..wilujeng enjing baraya sadayana....
nembe deui tiasa mukaan mail ti KUSnet yeuh,biasa we alesanana mah
klasik "sibuk bin pakepuk"he.he..sareng wilujeng patepang sareng wargi
KUSnet anu enggal
(tos aya deui nu enggal kitu?).....
Sae tah Neng Nia pamadegan teh,...
Alhamdulillah geuning najan pernah ngingetan kanu janten rama oge,
tapi na jero hate leitik Nia tos gaduh sifat Demokrasi sareng henteu
memaksakan kehendak kepada orang lain...da sadayana oge
gaduh hak masing-masing kangge nangtukeun pendirianna masing2...
saluyu sareng di lindungi ku UUD 45,he..he.....
Sim kuring oge ngaraos reueus wengi ninggal dina TV, upami teu lepat mah
dina acara Debat calon Presiden sareng acara Ada AAgym, ninggal sareng
nguping jawaban-jawaban AG anu saur kuring nu bodo mah hade pisan
tibatan jawaban-jawaban cawapres anu gigireunnana anu jawabanna standar
pisan,
ngan masih hanjakal pisan lamun kuring milih AG berarti milih nu hijina
deui...
ah...alim eta mah, lamun AG mah anu kahijina InsyaAlloh dipilih...
janten kanggo ayeuna mah �Hapunten wae ka kang AG sareng sadaya
pendukungna sing jembar manah nampi demokrasi na US sareng rakyat indonesia
umumna.
pan saur AG oge wengi yen demokrasi teh kedah tiasa nampi sareng menghargai
pendapat nu sanes anu benten.
Oge dina pemilihan Capres+cawapres ayeuna teh panginten aya harepan
sareng amanat ti urang anu milih ka anu dipilih(capres_cawapres)teh,
namung dina postingan kamari oge gening cenah AG teh pasti eleh
saur tim suksesna oge (sanajan can tangtos)
tapi nilikan kitu oge atuh upami kitu mah aspirasi/harepan/amanah urang teh
moal dugi
da anu dititipan amanahna oge teu janten (sanajan can tangtos)
sapertos simkuring nitip amanat/serat ngaliwatan Nia kanggo ka kang
kumincir di jakarta,
tapi Nia teh henteu ka Jakarta da mung tiasa dugi ka Cianjur, atuh moal
dugi eta amanat/serat
ti simkuring teh panginten....
kitu tah baraya pamendak simkuring anu bodo mah, wios nya da Demokrasi
iyeuh...
namina oge pemilu teh pan Pesta Demokrasi, namung hapunten pisan bilih aya
kalepatan
sareng aya cariosan anu matak baraya kasuat manah, mugi dihapunten wae....
Salam,
-ts-
From: Ni nia <[EMAIL PROTECTED]> on 08/06/2004 08:45 AM
Please respond to urangsunda
To: � � � [EMAIL PROTECTED]
cc:
cc: � � � �(bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC)
bcc: � � � �Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC
Fax to:
Subject:Re: [UrangSunda] sms:AGUM PASTI ELEH....
Teh tien,..damang?? oge baraya sadaya?...
Abdi mah muhun ngaraos urang sunda, nyunda pisan asa
teh,...... tah kulantaran kitu, abdi teh ngarasa
reueus pami aya urang sunda anu gumelar....anu janten
inohong di nagara ieu, tapi danget ieu mah..muhun
kawasna hapunten moal ngadukung ka AG, teu acan sreg.
jeung masalah ieu mah apanan hak masing2 bade milih
saha bae oge, sanes persoalan ngadukung teu
ngadukung...gumelarna urang sunda.
Heheheee hak masing2 cenah...padahal mah muhun ,
kamari teh tos uih ka majalengka, ngobrol sareng
bapak, asa2 keuheul ngadangu bapak teh mani keukeuh ka
golkar. ceuk abdi teh " ciik...bapak atuh geura
insyaf, naha teu kapok2 milih bae golkar ti
baheula..."... padahal mah nya, enya..hak masing2....
Nia
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/