Ari di metro mah atuh da ngan ukur keur nu aya di lebur Mang. Apan dulur-dulur US teh geuning lampar, aya nu di Nagri Sakura, aya nu di Nagri Koboy, aya nu di Nagri Ginseng, aya nu di Nagri Aladin, jeung rea-rea deui.
 
Ieu mah itung-itungan kasarnya. Ninggali rahayat Kusnet teh aya kana 5 ratusna. Lamun tiap rahayat teh geus baranahan, - kulantaran nitenan dongengna mah resep nyandung - anggap we rata-rata boga buntut tilu, jadi aya kana 2 rebuna tah. Salian ti eta katinggalina rakyat kusnet lingkungan terdidik, jadi manehna bisa mangaruhan dulur-dulur jeung mitohana jigana mah. Anggap geui wae tiap rahayat boga dulur saindung-sabapa 3an, tambah indung-bapana, tambah mitohana, tambah dulur ti kulawarga pamajikannana, geus sabaraha tah. Tinggal ngalikeun we.
 
Salian ti eta, kampanye capres make teleconference, saperti chating asana can aya nu nyoba. Jigana lamun ieu di uar-uar ka koran ka TV, bakal 'edun' euy.
 
MH

MANG N'JUH <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punteun ah, AG kantos di Metro TV.
Salam,
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, June 08, 2004 6:44 AM
Subject: Re: [UrangSunda] sms:AGUM PASTI ELEH....

Kuring satuju kana pamendak ti kang MH (beda sakedik sareng MJ ... he .. he ... )
 
Salila ieu mun hayang apal kana program2 capres cawapres noongan di Liputan6 dot com, sanajan sanes real time, lumayan lah aya lalajoan. Capres SBY, Amin pernah diwawancara ku radio IPDF, radio mahasiswa di dieu, ti heula aya rek wawancara AG, ngan duka kunaon da geuningan teu jadi.
 
Nepi ka wanci kiwari asa can aya wawancara atawa kompanye ti AG teh, sugan atuh lamun di teleconference mah jadi apal kumaha anu sabenerna ...
 
Wassalam,
BS
- nurutan ah disingkat oge
----- Original Message -----
From: mh
Sent: Monday, June 07, 2004 11:46 PM
Subject: Re: [UrangSunda] sms:AGUM PASTI ELEH....

Hua ha ha ha, eta MJ mani keukeuh ngabobotohan Kang
AG. Nepi kanyenyerian kitu, majar US mah geus 'aredun'
jeung 'hebring' sagala.

Ayeuna mah kieu we atuh. Lamun capres lain mah ngaprak
ka pasar, ka terminal, ka sawah, ka sakola, ka
pasantren, sarta ka rumah sakit - ngadon silaturahmi
ka rahayat - tah kumaha mun Kang AG sina ulin ka
Kusnet geura. Sina nulis tah Kang AG teh di Kusnet.
Atawa nyieun acara teleconference, make chating YM oge
cukup jigana.

Mun bisa mah, ieu ide kuring teh tepikeun tah ka tim
sukses AG, supaya manehna nagmangpaatkeun IT. Rek
nulis di milis pek, rek make teleconference heug,
atawa make media chating. Da teu kudu lila meureun,
paling-paling oge sajam. Terus ku MJ bewarakeun ka
balarea, dulur-dulur nu aya di satungkebing langit
satangkaraking jagat, yeh rek aya pasamoan jeung
inohong Sunda.

Sugan we atuh, ari kaalaman sorangan mah ku
dulur-dulur - jiga kumaha dedeg pangadeg Kang AG teh -
bakal mangaruhan kana pilihan dulur urang sarerea anu
geus 'aredun' jeung 'hebring' teh.

Sok tah wani teu! Da ieu mah jigana teu kudu ngamodal
sagala. Teu kudu mere kaos, nasi bungkus, ongkos
kampanye sagala. Cukup ku niat hade we, jeung aya
kahayang wanoh ka dulurna.

Lamun tea mah eta ideu teh kalaksanakeun, hebat lah
Kang AG teh, bakal aya kesan ngarakyat geura.

Der ah!
MH


Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke