Aya bedana antara dunya itungan dagang jeung dunya
politik.
ari ceuk itung-itungan dagang mah lamun rugi tong
diteruskeun teu aya gunana. Tapi ari ceuk itungan
politik mah cara ningalina lain tina untung rugi dina
soal materi.
Bisa jadi AG teh rek ngayakinkeun maneh, nepi kamana
kapopuleranana di masyarakat awam (balarea). Kapaning
ari di golongan elit mah AG teh kakoncara mantan
komandan Kopassus (tangtara), Pupuhu KONI (widang olah
raga), Alumni panghadena jeung Pupuhu Ikatan alumni
LEMHANAS (hiji lembaga bergengsi tempat ngagodog para
elite birokrasi nagara jeung tokoh masyarakat).Lamun
enya oge engke eleh dina pamilihan Cawapres, pan
ngaranna nyambuangan sa nusantara, bakal dipikawanoh
ku masyarakat awam saha AG teh. Boa-boa AG teh aya
maksud sejen salian ngudag CAWAPRES. Kapaning Rosihan
Anwar di PR, mani jentre ngajelaskeun analisa-analisa
anu nyebar di kalangan IKEL (ikatan Keluarga
Lemhanas).
jadi kadang-kadang itung-itungan dina politik sok tara
katebak ku pikiran urang awam (balarea).
Perkara AG kuring boga dongeng kieu.
Waktu keur jadi taruna AKABRI, AG teh ku babaturanana
sok dilandih "Agum gelo", sabab kalakuanana rada
mahiwal. Naon anu dilakukeun ku AG teu bisa diturutan
ku taruna sejenna.
Hiji mangsa AG dipercaya jadi ajudan Komandan Jenderal
Taruna AKABRI. kapaning ari di ABRI tea sagala teh
mani disiplin pisan. Tah lamun Danjen AKABRI dines ka
Jakarta AG teh sok diajak. Tugas ajudan tea, kudu jadi
pembantu serba bisa. Di jakarta kadang-kadang sok
nganganteur (jadi supuir)dulur-dulurna bapa Danjen
AKABRI, nganteur ka Kampus, maturan lalajo film,
teater, jeung sajabana. Tah eta anu sok diaanteur ku
AG teh dosen (awewe) kuring. Tapi anu diincer
sabenerna mah nya anakna Danjen AKABRI tea, nyaeta
Linda Agum Gumelar, anaknya Ahmad Tahir. Tah ti harita
AG ku babaturanana disebut "gelo", sabab kuwani
ngabogohan anak Danjen AKABRI.
mrachmatrawyani
--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Atuh ari geus kaukur ku diri ti samemehna mah, naha
> make jeung nyalonkeun
> sagala? Keur naon? Materi rugi, jaba (bakal)
> ngerakeun deuih...
>
> isk
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/