Sae mang usulanana, mangga abdi mah ngiringan.

--- In [EMAIL PROTECTED], Siddik Wiradireja 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Para wargi sadaya.....asana mah parantos ngaratus wargi Kusnet 
teh, namung raraosan asa teu acan aya, hiji wadah kanggo ngahijikeun 
tujuan, nyamikeun irama lengkah, sauyunan, ngaraketkeun tali 
sliturahmi/duduluran, sanaos di ieu milis moal tiasa di pungkir, 
ngajantenkeun seueur dulur/baraya, ngaraketkeun tali silaturakhmi, 
namung asana teu acan kabeungkeut ku hiji tatali kakulawargian. 
> Kukituna sim abdi gaduh emutan, kumaha upami ieu wargi-wargi 
Kusnet anu sakitu seueurna, urang beungkeut ku hiji tali 
kakulawargian  
> Perkawis nami tiasa : Paguyuban Kusnet, Paguyuban Wargi Kusnet 
atanapi naon bae lah kumaha ragemna.
> Atuh mottona (naonnya motto tehnya basa Sundana) : Kacai jadi 
saleuwi kadarat jadi salebak, atanapi naon bae lah saena.
> Tah upami eta paguyuban janten, aya tilu unsur janten hiji, 
nyaeta ; web KUSNET ibarat sarana/kandaraan/tutunggan, Yayasan 
Perceka (YP) ibarat mata tumbakna/pakarang, Paguyuban ibarat 
pamanggul tumbakna, pan bleg jiga hiji satria nunggang kuda manggul 
tumbak siap tandang, sanes tandang perang, namung tandang kanggo 
ngamajengkeun harkat darajat ki Sunda. 
> Kumaha tah para wargi ...???
>  
> Tansah
> SSW



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke