Hatur nuhun ka akang-akang anu masihan lolongkrang kangge 
sim kuring ngajengkeun usulan "USAHA PAMEUNGKEUT WARGA 
KUSNET".
Usulan Usaha versi sim kuring mah estu sederhana :
1. Zaman kiwari teh, zaman sarwa pating gumantung antawis 
hiji jalmi sareng nu sanes. Margi kitu, urang tiasa 
ngamangfaatkeun ieu kaayaan.
2. di Amerika tea, ceuk Majalah BisnisKita edisi Juni 2004 
dibahas kieu : tina panalungtikan Universitas Stanford & 
The Street Journal, 50% - 65% barang dina wangkid milenium 
3, dijual ku cara "Network Marketing". Di Amerika mah, 
"network marketing" tos dugi ka omzet raksasa : Rp. 324 
triliun ($36 M). Network marketing teh diajarkeun di 
sakola-sakola bisnis anu punjul di sababaraha nagara maju.
20% milyarder di AS mah, diantarana meunang rejeki tina 
industri network marketing.Warta pamungkas, 
dikinten-kinten, unggal wulan ngurunyung 40 urang 
milyarder anyar di Amerika tina bisnis network marketing.
3. Tina kaayaan anu tangtos nyieun panon jadi hejo eta, 
kumaha dibandingkeun urang ? Ceuk sim kuring mah, Teu aya 
lepatna, upama urang tiasa nurutan ka urang sabrang, sanes 
tuturut munding atawa "taklid lolong", tapi lamun buktina 
tiasa ngamajukeun sadaya, ngantosan naon deui.
4. Aya hiji sistim anu gampil diwangun, nyaeta sistim "swa 
konsumsi". Sistim ieu teh, tos dibuktoskeun ku urang 
Ciamis, Bapak Kusnandi (mantan dosen universitas Galuh 
Ciamis), anu unggal sasih tiasa ngantongan ratusan juta 
rupiah, tina komisi network marketing. Anjeuna, tiasa 
nangtoskeun upama sistim ieu kompak dijalankeun, insya 
Allah urang tiasa hirup gemah ripah loh ji nawi, tata 
tentrem kerta raharja. Aya deui buktos : Bapak Haji Darman 
(Ciamis oge), Bapak Deden Lazuardi (Tasik), Pak Mohammad 
Ikhwan (Jakarta), sareng seueur deui, para milyarder 
network marketing di Jawa Barat/Jakarta.
5. Mangga urang emutan, estu kedah dina kaayaan tiis ceuli 
herang panon tea.
===========================================================================================
Netkuis Instan untuk wilayah Bandung (kode area 022) - SD,SMP,SMA berhadiah total 
puluhan juta rupiah... periode I dimulai 1 April 2004
===========================================================================================



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke