Sae pisan Kang eta pangemut (gagasan) teh. Paguyuban Kusnet, tiasa jadi "suporting system"-na Perceka. Paguyuban Kusnet (PK, punten sanes kampanye Partai Keadilan ieu mah) tiasa bae engkena ngajanggelek jadi hiji organisasi massa. Upami Perceka ambahan langkung jembar, anggotana sanes ukur anu aktif di internet, upamana, PK tiasa langkung khusus keur anu aktif di Internet. Keur saheulaanan, sigana heunteu kedah jadi organisasi resmi heula.
Mangga atuh dilajengkeun, kumaha pikahareupeun PK teh?. Baktos, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Para wargi sadaya.....asana mah parantos ngaratus wargi Kusnet teh, namung raraosan asa teu acan aya, hiji wadah kanggo ngahijikeun tujuan, nyamikeun irama lengkah, sauyunan, ngaraketkeun tali sliturahmi/duduluran, sanaos di ieu milis moal tiasa di pungkir, ngajantenkeun seueur dulur/baraya, ngaraketkeun tali silaturakhmi, namung asana teu acan kabeungkeut ku hiji tatali kakulawargian. > Kukituna sim abdi gaduh emutan, kumaha upami ieu wargi-wargi Kusnet anu sakitu seueurna, urang beungkeut ku hiji tali kakulawargian > Perkawis nami tiasa : Paguyuban Kusnet, Paguyuban Wargi Kusnet atanapi naon bae lah kumaha ragemna. > Atuh mottona (naonnya motto tehnya basa Sundana) : Kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak, atanapi naon bae lah saena. > Tah upami eta paguyuban janten, aya tilu unsur janten hiji, nyaeta ; web KUSNET ibarat sarana/kandaraan/tutunggan, Yayasan Perceka (YP) ibarat mata tumbakna/pakarang, Paguyuban ibarat pamanggul tumbakna, pan bleg jiga hiji satria nunggang kuda manggul tumbak siap tandang, sanes tandang perang, namung tandang kanggo ngamajengkeun harkat darajat ki Sunda. > Kumaha tah para wargi ...??? > > Tansah > SSW ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

