Teh Risanti atanapi akang nya .. punten pami lepat ...
 
Pedaran ngeunaan bisnis MLM panginten sapertos saur kang Oman tos seueur anu uninga malah nu nyobian oge teu kirang ... kalebet sim kuring waktos di bandung, mung rumaos rada kuuleun sareng eraan oge tuna ku pangabisa ahirna mah teu maju-maju...
 
Ningali tina pedaran e-mail salira, asana ceuk kuring anu sanes ahli dina widang ekonomi, teu acan ngajelaskeun sacara riil, kumaha hubungan MLM anu dipedar sareng kamajengan yayasan KUSNET upamina ... Logika sim kuring, meureun kauntungan teh dibagi ku para anggota sanes kanggo ka yayasan .. kecuali upami yayasan anu jadi pioner MLM na asana eta mah tos benten carita ... punten pami lepat .. kaleresan sim kuring mah kalebet penganut ekonomi klasik alias ekonomi pasar ...
 
Hatur nuhun ...
 
wassalam,
budhi
oritate permai
----- Original Message -----
From: o_arahman
Sent: Wednesday, June 16, 2004 9:44 PM
Subject: [UrangSunda] Re: Usulan Usaha warga Kusnet

Tah-tah, geuningan ngajanggelek ayeuna mah, naon anu dimaksad aya
hiji usaha teh. Mangga para wargi sadaya, galih bae ku sadayanan, da
raraosan mah sanes Neng Risanti bae anu ngajalankeun networking ti
pausahaan luar nagreg di ieu milist teh. Kang Rachmat Rawyani oge
cariosna kapungkur, parantos ngiringan sababaraha MLM.

Upami leres-leres anu bade ditawiskeun ku Neng Risanti teh kanggo
kawalatraan kulawarga Kusnet, teu aya lepatna. Mangga atuh pedar
kumaha carana? Naha hiji ewang pajiwir-jiwir jadi member? Anu
kabayang mah rada paciweuh dina silih jadikeun member alias paheula-
heula ngengingkeun member di ieu milist. Namung, boa-boa Neng
Risanti mah gaduh cara jitu kanggo ngawujudkeun impianna pikeun
kalohjinawian warga Kusnet. Der ah guar ku sadayana.

Baktos,
manAR



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke