Tah-tah, geuningan ngajanggelek ayeuna mah, naon anu dimaksad aya 
hiji usaha teh. Mangga para wargi sadaya, galih bae ku sadayanan, da 
raraosan mah sanes Neng Risanti bae anu ngajalankeun networking ti 
pausahaan luar nagreg di ieu milist teh. Kang Rachmat Rawyani oge 
cariosna kapungkur, parantos ngiringan sababaraha MLM. 

Upami leres-leres anu bade ditawiskeun ku Neng Risanti teh kanggo 
kawalatraan kulawarga Kusnet, teu aya lepatna. Mangga atuh pedar 
kumaha carana? Naha hiji ewang pajiwir-jiwir jadi member? Anu 
kabayang mah rada paciweuh dina silih jadikeun member alias paheula-
heula ngengingkeun member di ieu milist. Namung, boa-boa Neng 
Risanti mah gaduh cara jitu kanggo ngawujudkeun impianna pikeun 
kalohjinawian warga Kusnet. Der ah guar ku sadayana.

Baktos,
manAR






--- In [EMAIL PROTECTED], "Risanti Salfiah" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hatur nuhun ka akang-akang anu masihan lolongkrang kangge 
> sim kuring ngajengkeun usulan "USAHA PAMEUNGKEUT WARGA 
> KUSNET".
> Usulan Usaha versi sim kuring mah estu sederhana :
> 1. Zaman kiwari teh, zaman sarwa pating gumantung antawis 
> hiji jalmi sareng nu sanes. Margi kitu, urang tiasa 
> ngamangfaatkeun ieu kaayaan.
> 2. di Amerika tea, ceuk Majalah BisnisKita edisi Juni 2004 
> dibahas kieu : tina panalungtikan Universitas Stanford & 
> The Street Journal, 50% - 65% barang dina wangkid milenium 
> 3, dijual ku cara "Network Marketing". Di Amerika mah, 
> "network marketing" tos dugi ka omzet raksasa : Rp. 324 
> triliun ($36 M). Network marketing teh diajarkeun di 
> sakola-sakola bisnis anu punjul di sababaraha nagara maju.
> 20% milyarder di AS mah, diantarana meunang rejeki tina 
> industri network marketing.Warta pamungkas, 
> dikinten-kinten, unggal wulan ngurunyung 40 urang 
> milyarder anyar di Amerika tina bisnis network marketing.
> 3. Tina kaayaan anu tangtos nyieun panon jadi hejo eta, 
> kumaha dibandingkeun urang ? Ceuk sim kuring mah, Teu aya 
> lepatna, upama urang tiasa nurutan ka urang sabrang, sanes 
> tuturut munding atawa "taklid lolong", tapi lamun buktina 
> tiasa ngamajukeun sadaya, ngantosan naon deui.
> 4. Aya hiji sistim anu gampil diwangun, nyaeta sistim "swa 
> konsumsi". Sistim ieu teh, tos dibuktoskeun ku urang 
> Ciamis, Bapak Kusnandi (mantan dosen universitas Galuh 
> Ciamis), anu unggal sasih tiasa ngantongan ratusan juta 
> rupiah, tina komisi network marketing. Anjeuna, tiasa 
> nangtoskeun upama sistim ieu kompak dijalankeun, insya 
> Allah urang tiasa hirup gemah ripah loh ji nawi, tata 
> tentrem kerta raharja. Aya deui buktos : Bapak Haji Darman 
> (Ciamis oge), Bapak Deden Lazuardi (Tasik), Pak Mohammad 
> Ikhwan (Jakarta), sareng seueur deui, para milyarder 
> network marketing di Jawa Barat/Jakarta.
> 5. Mangga urang emutan, estu kedah dina kaayaan tiis ceuli 
> herang panon tea.
> 
=====================================================================
======================
> Netkuis Instan untuk wilayah Bandung (kode area 022) - SD,SMP,SMA 
berhadiah total puluhan juta rupiah... periode I dimulai 1 April 2004
> 
=====================================================================
======================



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke