Haturan baraya sadaya...!!!damang...??? Sae tah pamendak Ua Siddik, insya Allah sim abdi ngiring ngarojong kana ieu pamadegan teh. Da atuh leres pisan tos sakedahna kusnet teh ngagaduhan hiji wadah pikeun ngalegaan ambahan kapayuna. (sayang lancah tea panginten). perkawis naon namina teu langkung bade paguyuban warga kusnet atanapi naon deui mangga nyanggakeun (tapi kumaha pami diayakeun polling deui kanggo namina bin ngarana...???).
Cag...ah, hatr nuhun. BM'69 --- In [EMAIL PROTECTED], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Para wargi sadaya.....asana mah parantos ngaratus wargi Kusnet teh, namung raraosan asa teu acan aya, hiji wadah kanggo ngahijikeun tujuan, nyamikeun irama lengkah, sauyunan, ngaraketkeun tali sliturahmi/duduluran, sanaos di ieu milis moal tiasa di pungkir, ngajantenkeun seueur dulur/baraya, ngaraketkeun tali silaturakhmi, namung asana teu acan kabeungkeut ku hiji tatali kakulawargian. > Kukituna sim abdi gaduh emutan, kumaha upami ieu wargi-wargi Kusnet anu sakitu seueurna, urang beungkeut ku hiji tali kakulawargian > Perkawis nami tiasa : Paguyuban Kusnet, Paguyuban Wargi Kusnet atanapi naon bae lah kumaha ragemna. > Atuh mottona (naonnya motto tehnya basa Sundana) : Kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak, atanapi naon bae lah saena. > Tah upami eta paguyuban janten, aya tilu unsur janten hiji, nyaeta ; web KUSNET ibarat sarana/kandaraan/tutunggan, Yayasan Perceka (YP) ibarat mata tumbakna/pakarang, Paguyuban ibarat pamanggul tumbakna, pan bleg jiga hiji satria nunggang kuda manggul tumbak siap tandang, sanes tandang perang, namung tandang kanggo ngamajengkeun harkat darajat ki Sunda. > Kumaha tah para wargi ...??? > > Tansah > SSW ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

