Nembalan patarosan kan Sidik sareng Oom Budi (atanapi 
tibalik ?).
Punten yeuh, abdi bade norolang heula, mugi tiasa 
kabandungan. ETA PERKAWIS USULAN USAHA TEA
1. Urang sadaya, cobi ngetang : kinten-kinten  balanja 
kabutuhan sapopoe sabarahaeun unggal bulanna ? 
Kabutuhan urang teh kapan teu leupas ti sabun 
mandi/cuci,odol, enteh, kopi, panyeungit anggean, obat 
ngepel/ngumbah wadah, samara masak, baju,kaos, tas, 
parabot dapur jeung rea deui.

2. Kinten-kinten panuju henteu upama tina balanja 
kabutuhan eta, unggal bulan urang meunang komisi anu 
 beuki lila beuki gede, nepi ka kabeuli sababaraha mobil 
jeung  sababaraha imah ?

3. Tah ieu teh elmuna aya dina sistim "network marketing", 
hartina urang saukur balanja kabutuhan sapopoe, bari 
ngajak batur ngiluan balanja oge.

4. Lamun aya patarosan : Ti mana eta datangna komisi 
sagede kitu teh ? Dina sistim ieu, Perusahaan teu 
ngaluarkeun biaya iklan, biaya distribusi jeung teu mayar 
gudang sarwa fasilitas penunjangna. Biaya-biaya eta teh 
pinasti pisan, bakal dibikeun ka urang anu jadi 
anggota/distributor perusahaan.

5. Sistim ieu mah, beuki lila teh, lain anteng atawa 
ngaleutikan, malah jaringan teh bet beuki panjang. Teu 
heran, lamun nepi ka jadi usaha warisan ka anak incu. 
Contona tos kaasaan ku urang Medan, aya budak ngora anu 
jadi milyarder (ngaranna Iwan Naibaho), lantaran Bapakna 
baheula ngiring usaha network marketing, manehna ngan 
saukur meunang warisan nuluykeun narima komisi bulanan anu 
jadi hak jenat Bapakna.

6. Tah ... ayeuna mah, mangga upami aya anu bade 
ngiringan, sareng peryogi kajentrean. Diantos atuh ku sim 
kuring. Margi, mung anu aya minat wungkul panginten anu 
tiasa kapayunan ku sim kuring mah.

On Thu, 17 Jun 2004 04:03:41 +0100 (BST)
  Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>Ahhh, cep Budi mah sok ngabodo-bodo anjeun, ulah kitu 
>bilih katuliskeun jurig....heheh.
>Perkawis "profit oriented" tangtos kapayuna mah kedah di 
>emutan (kuurang sadaya)
>ku anu tiasa sareng kersa.
>Perkawis jalana rupi-rupi, tiasa iuran, tiasa sumbangan 
>tiasa muka jalan usaha (kanggo kapayuna), anu ayeuna nuju 
>dijajagi/dipelajari ku kang Oman, atuh wargi-wargi 
>sanesna dihaturan mostingkeun emutan-emutana, 
>pangalaman-pangalamanana oge ide-ide dina engoning 
>ngiring ngamajeungkeun ki Sunda. 
>Geuning dinten kamari tos aya wargi enggal neng Rosanti 
>bade ngiring sumbang sih pangalaman, mugi-mugi bae dina 
>waktos anu henteu lami posting na tiasa lebet.
> 
>Sakitu anu kapihatur
> 
>SSW
> 
>
>
>budhi setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>Rada lila nitenan kahoyong wa Sidik teh, ma'lum tuna ku 
>pangabisa .. jeung rek kamana leorna ieu pakempelan can 
>pati kaharti ..
>Lamun ningali yen Paguyuban teh keur pamanggul tumbak, 
>meureun kudu profit oriented, neangan dana saloba-lobana 
>keur kamajuan Yayasan Perceka misalna. 
>Ningali pamendak teh Rosanti sareng kang Oman ngeunaan 
>sistem MLM misalna, rek ka mana leorna can ngarti keneh 
>... belet tea meureun nya ...
>Atuh ningali e-mail ti baraya sadaya, aya kacindekan saha 
>nu bade ngamimitianna, da geuningan ngiringan bae .. he 
>.. he ....
> 
>wassalam,
>budhi
>oritate permai
> 

===========================================================================================
Netkuis Instan untuk wilayah Bandung (kode area 022) - SD,SMP,SMA berhadiah total 
puluhan juta rupiah... periode I dimulai 1 April 2004
===========================================================================================



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke