Ahhh, cep Budi mah sok ngabodo-bodo anjeun, ulah kitu bilih katuliskeun jurig....heheh.
Perkawis "profit oriented" tangtos kapayuna mah kedah di emutan (kuurang sadaya)
ku anu tiasa sareng kersa.
Perkawis jalana rupi-rupi, tiasa iuran, tiasa sumbangan tiasa muka jalan usaha (kanggo kapayuna), anu ayeuna nuju dijajagi/dipelajari ku kang Oman, atuh wargi-wargi sanesna dihaturan mostingkeun emutan-emutana, pangalaman-pangalamanana oge ide-ide dina engoning ngiring ngamajeungkeun ki Sunda.
Geuning dinten kamari tos aya wargi enggal neng Rosanti bade ngiring sumbang sih pangalaman, mugi-mugi bae dina waktos anu henteu lami posting na tiasa lebet.
Sakitu anu kapihatur
SSW
budhi setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rada lila nitenan kahoyong wa Sidik teh, ma'lum tuna ku pangabisa .. jeung rek kamana leorna ieu pakempelan can pati kaharti ..Lamun ningali yen Paguyuban teh keur pamanggul tumbak, meureun kudu profit oriented, neangan dana saloba-lobana keur kamajuan Yayasan Perceka misalna.Ningali pamendak teh Rosanti sareng kang Oman ngeunaan sistem MLM misalna, rek ka mana leorna can ngarti keneh ... belet tea meureun nya ...Atuh ningali e-mail ti baraya sadaya, aya kacindekan saha nu bade ngamimitianna, da geuningan ngiringan bae .. he .. he ....wassalam,budhioritate permai
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

