Sae tah konsepna mah. Naha ieu teh ti MQnet kitu? Upami ti MQnet mah 
atuh buka bae panutupna da seueur di milist ieu anu ngidolakeun Aa 
Gym. Anu teu acan kawaler teh patarosan:"kumaha hubungan antara 
lebet member salira sareng cita-cita awal salira dina posting salira 
anu ngawitan?". 

Cobi aos deu posting salira nau ngawitan teras pedar hubunganna 
sareng bisnis anu ditawarkeun. Upami ukuranna kanggo ngaageungkeun 
jaringan pribadi mah langkung sae "person to person" bae, heunteu 
kedah mengatasnamakeun usaha kanggo warga Kusnet. 

Aya patarosan sakedik, dina nami salira nganggo nami Risanti (istri, 
sanes?), tapi dina id-yahoo salira migunakeun nami pameget. Naha aya 
maksadna? Punten.

Sakitu anu kapihatur, punten upama karaos rada heuras.

Baktos,
manAR

--- In [EMAIL PROTECTED], "Risanti Salfiah" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nembalan patarosan kan Sidik sareng Oom Budi (atanapi 
> tibalik ?).
> Punten yeuh, abdi bade norolang heula, mugi tiasa 
> kabandungan. ETA PERKAWIS USULAN USAHA TEA
> 1. Urang sadaya, cobi ngetang : kinten-kinten  balanja 
> kabutuhan sapopoe sabarahaeun unggal bulanna ? 
> Kabutuhan urang teh kapan teu leupas ti sabun 
> mandi/cuci,odol, enteh, kopi, panyeungit anggean, obat 
> ngepel/ngumbah wadah, samara masak, baju,kaos, tas, 
> parabot dapur jeung rea deui.
> 
> 2. Kinten-kinten panuju henteu upama tina balanja 
> kabutuhan eta, unggal bulan urang meunang komisi anu 
>  beuki lila beuki gede, nepi ka kabeuli sababaraha mobil 
> jeung  sababaraha imah ?
> 
> 3. Tah ieu teh elmuna aya dina sistim "network marketing", 
> hartina urang saukur balanja kabutuhan sapopoe, bari 
> ngajak batur ngiluan balanja oge.
> 
> 4. Lamun aya patarosan : Ti mana eta datangna komisi 
> sagede kitu teh ? Dina sistim ieu, Perusahaan teu 
> ngaluarkeun biaya iklan, biaya distribusi jeung teu mayar 
> gudang sarwa fasilitas penunjangna. Biaya-biaya eta teh 
> pinasti pisan, bakal dibikeun ka urang anu jadi 
> anggota/distributor perusahaan.
> 
> 5. Sistim ieu mah, beuki lila teh, lain anteng atawa 
> ngaleutikan, malah jaringan teh bet beuki panjang. Teu 
> heran, lamun nepi ka jadi usaha warisan ka anak incu. 
> Contona tos kaasaan ku urang Medan, aya budak ngora anu 
> jadi milyarder (ngaranna Iwan Naibaho), lantaran Bapakna 
> baheula ngiring usaha network marketing, manehna ngan 
> saukur meunang warisan nuluykeun narima komisi bulanan anu 
> jadi hak jenat Bapakna.
> 
> 6. Tah ... ayeuna mah, mangga upami aya anu bade 
> ngiringan, sareng peryogi kajentrean. Diantos atuh ku sim 
> kuring. Margi, mung anu aya minat wungkul panginten anu 
> tiasa kapayunan ku sim kuring mah.
> 
> On Thu, 17 Jun 2004 04:03:41 +0100 (BST)
>   Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >Ahhh, cep Budi mah sok ngabodo-bodo anjeun, ulah kitu 
> >bilih katuliskeun jurig....heheh.
> >Perkawis "profit oriented" tangtos kapayuna mah kedah di 
> >emutan (kuurang sadaya)
> >ku anu tiasa sareng kersa.
> >Perkawis jalana rupi-rupi, tiasa iuran, tiasa sumbangan 
> >tiasa muka jalan usaha (kanggo kapayuna), anu ayeuna nuju 
> >dijajagi/dipelajari ku kang Oman, atuh wargi-wargi 
> >sanesna dihaturan mostingkeun emutan-emutana, 
> >pangalaman-pangalamanana oge ide-ide dina engoning 
> >ngiring ngamajeungkeun ki Sunda. 
> >Geuning dinten kamari tos aya wargi enggal neng Rosanti 
> >bade ngiring sumbang sih pangalaman, mugi-mugi bae dina 
> >waktos anu henteu lami posting na tiasa lebet.
> > 
> >Sakitu anu kapihatur
> > 
> >SSW
> > 
> >
> >
> >budhi setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >Rada lila nitenan kahoyong wa Sidik teh, ma'lum tuna ku 
> >pangabisa .. jeung rek kamana leorna ieu pakempelan can 
> >pati kaharti ..
> >Lamun ningali yen Paguyuban teh keur pamanggul tumbak, 
> >meureun kudu profit oriented, neangan dana saloba-lobana 
> >keur kamajuan Yayasan Perceka misalna. 
> >Ningali pamendak teh Rosanti sareng kang Oman ngeunaan 
> >sistem MLM misalna, rek ka mana leorna can ngarti keneh 
> >... belet tea meureun nya ...
> >Atuh ningali e-mail ti baraya sadaya, aya kacindekan saha 
> >nu bade ngamimitianna, da geuningan ngiringan bae .. he 
> >.. he ....
> > 
> >wassalam,
> >budhi
> >oritate permai
> > 
> 
> 
=====================================================================
======================
> Netkuis Instan untuk wilayah Bandung (kode area 022) - SD,SMP,SMA 
berhadiah total puluhan juta rupiah... periode I dimulai 1 April 2004
> 
=====================================================================
======================



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke