Leres, upami maos sejarah elmu pangaweruh, widang kaelmuan anu mimiti aya teh nya falsafah tea. Falsafah sigana dikawitan di Yunani, teras disebarkeun jeung dibeungharan ku ahli-ahli pikir muslim. Nya munasabah upama seueur ahli elmu eksakta baralik deui pamuaranana kana pamianganana. Kalebet Teh Karlina tea.
Ceuk cenah, aya dua aliran utama dina mangsa awalna: Plato (Platonis) jeung Aristoteles (Aristotelian). Nu kahaji katelah ku "ide"-na tea, sagalana dikawitan ku "ide" atawa pipikiran, anu diteruskeun ku adagium "Aku berpikir, maka aku ada" tea (ti saha nya, hilap deui). Ari Aristotelian kawentar ku motode empirisna anu ngalahirkeun positifisme dina widang paradigma kaelmuan. Ti rengrengan filosof muslim mah anu kawentar salaku anu neruskeun Aristoteles teh nya Ibnu Sina tea. Di dunya Islam, falsafah kabagi dua. Anu kahiji di dunya Arab anu cenah falsafah maot samangsa jeung ngantunna Ibn Rusyd. Tapi di dunya Islam hiji deui, khususna di Iran, falsafah masih terus tumuwuh subur. Falsafah warisan Yunani, khususna Aristotelian, samemehna, dialokan di dunya Islam ku elmu kalam (tokohna, upamana, Al-Ghazali) tea, Irfan atawa metode tasawuf tea (tokohna Syek Akbar Muhyidin Al-Arabi atawa Ibn Arabi tea), jeung metode "pencerahan"-na Al-Maqtul (Suhrawardi). Kabehdieunakeun, ti Persia, anu tradisi falsafahna terus hirup, mucunghul falsafah anu ngagabungkeun anu tilu tadi, nya anu kawentar salaku "Al-Hikmah Al-Muta'aliyyah"- ti Mulla Shadra (Shadruddin Al- Shirozi). Upama di dunya kulon ayeuna keur rame aliran postmo anu ngabongkar sagala lambang, di dunya wetan, khususna anu diluluguan ko tokoh-tokoh falsafah ti Iran, malah lahir falsafah anu ngagabungkeun sababaraha metode dina neangan bebeneran samemehna, kayaning: nalar atawa pikiran rasional (positifisme, elmu kalam), dzauq (rasa/Irfan), pencerahan atawa ilham (isroqiyyah) dina tradisi hikmah anu luhur (kearifan puncak). Anu dina jero kurung bieu sakaligus ngarupakeun judul buku tarjamahan dina basa Indonesia tina "Al-Hikmah Al-Muta'aliyyah" (anu narjanahkeunana doktor widang IT/fungsi kontrol ti itb). Kana tangtu Teh Karlina parantos lalayaran dina jalur-jalur falsafah anu ditataan di luhur. Sakuduna urang ngarasa reueus aya ti kalangan wanoja anu ahli filsafat sapertos Teh Karlina. Jeung deui, sigana US oge Teh Karlina teh, sanes? keur smp-na mah cenah di Sukabumi anjeuna teh? Baktos, manAR --- In [email protected], Jalak Harupat <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Mamat, > Sanes kalahiran SUkabumi teh Karlina teh? > abdi ge resep kana sepak terjang si Teteh, komo kana > filsafat mah. Emang seuseueurna anu resep kana ilmu > Eksakta mah sok tungtungna teh kana Filsafat. > Emut waktos alit, nuju SMP upami teu lepat mah diajar > IPA teh pan di hareupna na di tegeskeun heula asal > muasalna IPA nyaeta hasil pamikiran ahli pikir urang > Yunani Kang Aris tea....alias Aristoteles. Upami tos > tidinya mah janten seueur muara Elmu teh tina Filsafat > langsung IPA aya Geologi,Astronomi, Fisika Kimia Jrr. > Tapi rada lieur upami langsung urang nelaah Filsafat, > abdi ngaos dadasar Filsafat teh meh ngartos kana dasar > Filsafat ngaos buku "Dunia Sophie/Sophie's World" > karangan si Jostein Gaarder urang Skandinavia(hilap > deui nagarana. > Rada leuheung tah teu lieur teuing! > > Kang Mat, abdi mah hoyong literature na upami aya > mah....meh tiasa diaos nambahan elmu kanggo urang. Aya > teu? Eh fotona ge geulis ketang!! > > Jalak > > --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > > Tah ieu aya sababaraha foto Ceu Karlina nuju masihan > > ceramah di UI. Mangga nyanggakeun. > > Upami teu lepat mah asana teh kalahiran Bogor Ceu > > Karlina teh. > > > > > > baktos, > > > > mrachmatrawyani > > > > > > ===== > Sumedang Tandang Nyandang Kahayang > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > The all-new My Yahoo! - Get yours free! > http://my.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

