--- usman soleh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Asalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh, > Kumargi dina jaman ayeunamah geuning seueur anu > ngaku-ngaku urang sunda malihanmah sok nganggo > bahasa linuhung urang, nanging teu pas dina bahasana > janteun didangukeunnana meni asa teu pararuguh > malihanmah pribadosmah tersinggung upami aya nu > nganggo bhs sunda teu pas teh raraosan teh asa di > lelewean kumargi kitu pribados ngarep2 kisunda, > atanapi urang sunda anu sanesna tiasa ngayakeun > mangrupi seminar supados budaya sunda teh kajagi > tinu sagala rupi pangaruh. hatur nuhun pisan,
Aya komentar dulur urang kana perkara rencana penataran undak-usuk basa, nu rencana diayakeun di Caraka Sundanologi, Jalan Naripan 7 Bandung, Maret 2005. Komentarna aya di SundaNet, jiga kieu unina: "ayeuna mah geus teu jamanna masih nyekel pegeuh undak usuk basa, barina oge undak usuk basa mah asalna ti Jawa tengah. coba bukaan deui buku sajarahna tur tengetan aya euweuh undak usuk dina basa sunda karuhun. geus tinggalkeun wae da undak usuk basa sunda mah di bukukeunna oge ku Walanda, mendingan ayeun urang susun ulang deui weh basa Sunda anu leuwih merenah tur teu ngagunakeun undak usuk - undak usukan. geuning urang banten oge anu teu wawuheun undak - usuk basa nyahoeun ari masalah sopan santun mah. da sopan mah lain artina kudu make basa undak - undakan. ongkohna pan nabi SAW ge ngalarang ngagunakeun basa anu ngabeda - bedakeun jalma tur di manis -manis (eufemisme meureun). ngomongmah satarabasna weh tong di arula arileu munafik eta teh ngaranna. hampura nya" Bewara eta acara aya dihandap. Cing kumaha pandangan baraya, kana perkara ieu? Salam, MH ================= PANATARAN UNDAK-USUK BASA SUNDA 1. Saha wae, urang mana wae ge tiasa ngiring panataran bari henteu kasengker ku yuswa, pendidikan sareng kalungguhan. Lamina panataran 3 dinten @ 2 jam, ti tabuh 10.00 - 12.00 WIB. Tempatna di Caraka Sundanologi, Jalan Naripan 7, Bandung. 2. Jumlah anu ngiring panataran (pamilon) diwatesana mung 60 urang anu dibagi janten 3 entragan, masing-masing diwangun ku 20 urang, dumasar kana nomer urut pendaftaran. 3. Jadwal Panataran. Entragan Kahiji : Nomer urut 1 dugi ka 20. Panataran ping 14, 15, 16 Maret 2005 Entragan Kadua : Nomer urut 21 dugi ka 40. Panataran ping 21, 22, 23 Maret 2005. Entragan Katilu : Nomer urut 41 dugi ka 60. Panataran ping 28, 29, 30 Maret 2005. 4. Dinten kahiji sareng dinten kadua, sabundeureun pangaweruh undak-usuk basa sunda (tiori) anu baris didugikeun ku Drs. Budi Rahayu sareng Drs. Cece Hidayat. Sedengkeun dina dinten katilu, husus larap kecap sareng praktek ngagunakeun undak usuk basa sunda dina panguneman, anu baris didugikeun ku H. Adang S. 5. Sakur anu kagungan maksad bade ngiring panataran undak-usuk basa sunda kedah ngalebetan formulir anu parantos disadiakeun sakantenan ngalunasan waragad anu ageungna Rp. 100.000,- (Saratus Rebu Rupiah) kalebet waragad langganan koran sunda "Galura" kanggo sasasiheun. 6. Pendaftaran ngawitan dibuka dinten ieu, ping 7 Maret 2005 ti tabuh 10.00 - 17.00 WIB, di Caraka Sundanologi Jl. Naripan 7, Bandung ditutup ping 10 Maret 2005. ============== ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Small Business - Try our new resources site! http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

