Muhun memang seorang pamimpin teh kudu/wajib berkorban...sae pisan bahkan salut upami pamimpin wani berkorban sampai masuk naraka gara2 memperjuangkeun rakyatna.
Tapi memperjuangkeun judi, kinten2 salain pamimpin eta anu asup naraka , saha deui anu bakal asup ka naraka?...yakin mung eta pamimpin anu asup ka naraka teh?wallohualam..najan abdi dosana agueng oge ari kedah nantang2 masuk neraka mah alim komo pikeun ngarojong judi mah embung ... Kantos kapungkur sakilas membaca membakar surga menyiram neraka...leres kitu..semacam itulah...tetapi utk menegakkan judi? apa cukup pantas ? risikona teu terlalu ageung? judi ok, lalu pelacuran maju oge mabuk2an ..terakhirna narkoba. Upami judi mung di tujukeun ka etnis cina wungkul, bisa penjudi2 miskin itu terima? naha cenah nagara2 dewek, cina kaci judi dewek tidak? boro2 di persilahkan , dilarang oge maceuh boh keur nu miskin oge anu beunghar. Meureun bade jakarta teh bade nyontoh las vegas...tapi beda panginten pamendak abdi anu bodo mah, di urang tidak pantas seperti itu teh, judi, obat2an, wanita2 satengah talanjang...moal jauh ti kitu engke teh panginten. Ayeuna awal2 mungkin masih tiasa di kendalikan , tapi engke?.... Punten ah ngacapruk. Nia -----Original Message----- From: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Wednesday, March 30, 2005 11:44 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Jaman geus robah --> Re: Ali Sadikin: Demi Judi, Saya Rela Masuk Neraka Jaman geus robah, kitu cenah ceuk panganteur Majalah Tempo dina wawancarana sareng Ali Sadikin. Robahna teh baheula mah di taun 1978'an Ali Sadikin teh idolana budak ngora, utamina mah mahasiswa. Waktos Ali Sadikin masihan kuliah Studium Genarale di Aula Barat ITB, nu dikhususkeun keur tingkat akhir, eta aula teh pinuh sanes wae kunu tingkat akhir tapi oge ku mahasiswa tingkat sahandapeunana, kaasup kuring nu seseledek hayang terang jiga kumaha ari Bang Ali teh. Mahasiwa teh sadayana jiga nu kasihir, jerempe teu aya nu nyarios, ngan pas aya di dipanujuan, ger surak. Padahal mahasiswa ITB di taun 1970'an kaasup mahasiswa panggalakna ka pejabat, lamun pejabat nu teu dipikaresep, pas masihan kuliah SG teh, kalahka ngadamel kakapalan tina kertas, teras dikalayangkeun, malah sok rajeun aya nu keuna kana mastaka sang pejabat. Kantos aya nu "pundung" ngagejlig kaluar, bari ngancam arek manjarakeun. Ali Sadikin di taun 1977 (saprakna liren jadi gupernur DKI) seueur nu ngadorong-dorong supaya jadi Presiden RI, ngan henteu dimungkinkeun dan anggota MPRna ditunjuk ku Suharto sadayana. Ide bang Ali perkawis judi sareng lokalisasi pelcuran di jaman ayeuna, dijaman urang Indonesia leuwih laleket aribadahna dibanding taun 1970'an (tiasa ditingali ku tambah seueurna masjid, peminat naek haji anu henteu katampung), tantos ide Bang Ali teh kacida kontroversialna. Tapi leupas tidinya, ucapan Bang Ali "Saya rela masuk ke neraka", ceuk kuring mah leuwih nunjukkeun sifat ksatria anjeunna, anjeunna sanggeum menderita sanajan tepi ka kudu asup di naraka oge, asal rakyat nu dipingpinna ku anjeunna sejahtera. Jadi leres Bang Ali mirip sareng syair sufi nu diposting Kang Oman. Di jaman pamingpin jaman ayeuna nu leuwih mentingkeun pribadi, tong boro asup ka naraka, dititah hirup didunya entong mewah teuing oge, mumul alias ogah (malah menta gaji dtambahan 15 juta!). Ucapan Ali Sadikin ieu mere conto, lamun jadi pamingpin kudu wani berkorban, eukeur rakyatna, sanajan annjeunna kudu ........asup ka naraka! Tapi eta mah ceuk kuring ....... Baktos, WALUYA > > > > > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

