Hatur nuhun kang Yudi, kana penjelasanana sareng referensina. Janten 
kapitalisme teh asalna mah tina "budaya sodagar" panginten nya?.  
Tapi kieu kang margi akang nyebat-nyebat Lenin sagala, jadi akibat 
aya faham kapitalisme ieu Komunisme lahir. Jigana mah reaksi kana 
faham kapitalisme "bebas" di abad ka 19 (revolusi Industri). Tapi 
komunisme apan akhirna jadi ideologi nu "dimusieumkeun", da teu 
cocog jeung "fitrah" jelema, nu dasarna mah individualis ( atawa 
individu nu independen tinu sejen). Komunis rek nyieun masyarakat 
jelema jiga "masyarakat" rinyuh atawa nyiruan nu saragam jeung geus 
kabagi-bagi dina tugasna. Individu rinyuh atawa nyiruan ukur 
unsur tina "koloni"na, teu boga ambisi jeung kapentingan atawa 
neangan kauntungan keur individuna.

Kulantaran jelema mah lain rinyuh, lamun dikitukeun jiga rinyuh  teh 
jadi kararedul da euweuh kauntungan keur pribadina. Akibatna nagara 
Komunis lain jadi subur makmur loh jinawi malah bubar atawa "pura-
pura" tetep komunis padahal geus robah jadi Kapitalis. Jadi didieu 
geus kabuktian, ngabebaskeun jelema ngudag kahayangna leuwih alus 
tinimbang nyengker kahayang jelema. Da buktina nagara nu fahamna 
kapitalis nagarana mararaju. Tapi kuring oge teu nyebutkeun alus 
kana Kapitalisme liberal model jaman revolusi Industri di 
abad ka 19, nu malah nyangsarakeun rakyat. Sistem nagara-nagara 
Kapitalis jaman ayeuna, geus loba dikoreksina, geus teu jiga 
kapitalisme liberal jaman baheula. Didieu kaleuwihan "dunya bebas" 
teh, wani ngoreksi diri, dimana kalemahanana, terus dibebener. Beda 
jeung Komunis, nu maen mutlak-mutlakan,asa sistem 
pangbenerna ................nu tungtungna malah amburadul.

Eta Kapitalisme jeung Komunisme, nu memang dua faham nu patulang-
tonggong. Tah ayeuna jeung Islam? kumaha nya, Kang Yudi na ge 
nyebat "duka" teu kersaeun ngajawab. Cikan aya baraya deui anu 
langkung paos? .............diantos waleranana

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> 
> Wah janten balik deui ka nu dasar atuh panginten nya Bah, tapi teu
> nanaon ngarah jentre sareng 'sama persepsi' ceuk bahasa Orba mah 
hehe..
> 
> 
> Intisari/dasar paham kapitalisme leres tiasa dirunut dugi ka jaman
> Romawi, sanes ka urang Arab zaman awal abad pertengahan wungkul. 
Paham
> ieu mucunghul tina aktivitas distribusi barang (dagang) pikeun 
nyiar
> kauntungan. Paham tukang dagang ieu disebat mercantilisme. Sanaos
> dasarna sami,paham ieu teh benten sareng kapitalisme numutkeun
> pangartian ayeuna.
> 
> Istilah kapitalisme ayeuna lahirna dinisbahkeun ka zaman pencerahan
> Eropa (1500-1600-an; Dupi urang Portugis dongkap ka Indonesia taun
> sabaraha nya?). Zaman eta mercantilisme mulai dianut ku urang 
eropa nu
> mulai dagang kamamana. Bentenna sareng mercantilisme Islam? Sadaya
> panginten terang, urang Arab (Islam) mah dagangna teu ngangge 
bedil. Ari
> urang Eropa? Tapak bedil sareng meriemna urang Eropa panginten aya 
di
> mamana.Makana ceuk abah Lenin mah kolonialisasi jeung 
imperialisasi teh
> karya agung-na kapitalisme.
> 
> 
> Langkung ti eta, paham mercantilisme ditambihan ku urang ditu. 
Kahiji,
> praktek ngumpulkeun faktor produksi (taneuh jst) di SAWATARA jelema
> (kapitalistea) dianggap sah. Kadua, buruh (jelema) disarukeun jeung
> mesin: gawe pikeun DUIT lain pikeun nyieun barang (janten kuli 
sanes
> jantenwirausahawan). Nu katilu, itung2an rasio dipentingkeun pisan 
dina
> ngudag untung. Kulantaran paham ieu bentenna tos tebih pisan 
janten we
> dipasihan nami enggal: KAPITALISME.
> 
> 
> Kadieukeun kapitalisme dianggap bisa jadi waleran tur strategi/cara
> hirup pikeun ngamajukeun hiji masarakat, sanes wungkul sistem di
> ekonomi/bisnis.Cara hirup ieu ditandaan ku: ngagungkeun 
individualisme
> (logika maranehna: mun individu dibebaskeun ngudag kahayangna,
> masyarakatna bakal sentosa); kasejahteraan (material) jadi tujuan 
utama;
> analisis2ekonomi bebas tina disiplin lain (adat, agama, 
etika,politik
> jst);ekonomi dianggap tunduk kana hukum mekanis siga mesin (bisa
> diitung);mentingkeun budaya konsumsi tur teu mirosea hubungan 
sosial
> antawisjelema (produsen jeung konsumen).
> 
> Langkung jentrena ngeunaan sajarah kapit ieu salah sawiosna tiasa 
dibaca
> di dieu <http://www.wsu.edu:8080/%7Edee/GLOSSARY/CAPITAL.HTM> . 
Punten
> ah bilih panjang teuing tur sanes bade mamatahan ngojay ka meri, 
tapi
> ari pamendak abdi mah tina ciri2na wae tos jelas Islam teh teu 
cocok
> sareng kapitalisme? Palih mana nya? Ah duka…
> 
> 
> Baktos
> Yudi






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke