Hatur nuhun kang Yudi, kana penjelasanana sareng referensina. Janten kapitalisme teh asalna mah tina "budaya sodagar" panginten nya?. Tapi kieu kang margi akang nyebat-nyebat Lenin sagala, jadi akibat aya faham kapitalisme ieu Komunisme lahir. Jigana mah reaksi kana faham kapitalisme "bebas" di abad ka 19 (revolusi Industri). Tapi komunisme apan akhirna jadi ideologi nu "dimusieumkeun", da teu cocog jeung "fitrah" jelema, nu dasarna mah individualis ( atawa individu nu independen tinu sejen). Komunis rek nyieun masyarakat jelema jiga "masyarakat" rinyuh atawa nyiruan nu saragam jeung geus kabagi-bagi dina tugasna. Individu rinyuh atawa nyiruan ukur unsur tina "koloni"na, teu boga ambisi jeung kapentingan atawa neangan kauntungan keur individuna.
Kulantaran jelema mah lain rinyuh, lamun dikitukeun jiga rinyuh teh jadi kararedul da euweuh kauntungan keur pribadina. Akibatna nagara Komunis lain jadi subur makmur loh jinawi malah bubar atawa "pura-pura" tetep komunis padahal geus robah jadi Kapitalis. Jadi didieu geus kabuktian, ngabebaskeun jelema ngudag kahayangna leuwih alus tinimbang nyengker kahayang jelema. Da buktina nagara nu fahamna kapitalis nagarana mararaju. Tapi kuring oge teu nyebutkeun alus kana Kapitalisme liberal model jaman revolusi Industri di abad ka 19, nu malah nyangsarakeun rakyat. Sistem nagara-nagara Kapitalis jaman ayeuna, geus loba dikoreksina, geus teu jiga kapitalisme liberal jaman baheula. Didieu kaleuwihan "dunya bebas" teh, wani ngoreksi diri, dimana kalemahanana, terus dibebener. Beda jeung Komunis, nu maen mutlak-mutlakan, asa sistem pangbenerna ................nu tungtungna malah amburadul. Eta Kapitalisme jeung Komunisme, nu memang dua faham nu patulang-tonggong. Tah ayeuna jeung Islam? kumaha nya, Kang Yudi na ge nyebat "duka" teu kersaeun ngajawab. Cikan aya baraya deui anu langkung paos? .............diantos waleranana Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: Yudi Irmawan To: [email protected] Sent: Tuesday, January 31, 2006 1:37 PM Subject: [Urang Sunda] Re: Kapitalis vs Islam?--> Tadina: Naha saukur bungkeuleukna? Wah janten balik deui ka nu dasar atuh panginten nya Bah, tapi teu nanaon ngarah jentre sareng 'sama persepsi' ceuk bahasa Orba mah hehe.. Intisari/dasar paham kapitalisme leres tiasa dirunut dugi ka jaman Romawi, sanes ka urang Arab zaman awal abad pertengahan wungkul. Paham ieu mucunghul tina aktivitas distribusi barang (dagang) pikeun nyiar kauntungan. Paham tukang dagang ieu disebat mercantilisme. Sanaos dasarna sami,paham ieu teh benten sareng kapitalisme numutkeun pangartian ayeuna. Istilah kapitalisme ayeuna lahirna dinisbahkeun ka zaman pencerahan Eropa (1500-1600-an; Dupi urang Portugis dongkap ka Indonesia taun sabaraha nya?). Zaman eta mercantilisme mulai dianut ku urang eropa nu mulai dagang kamamana. Bentenna sareng mercantilisme Islam? Sadaya panginten terang, urang Arab (Islam) mah dagangna teu ngangge bedil. Ari urang Eropa? Tapak bedil sareng meriemna urang Eropa panginten aya di mamana.Makana ceuk abah Lenin mah kolonialisasi jeung imperialisasi teh karya agung-na kapitalisme. Langkung ti eta, paham mercantilisme ditambihan ku urang ditu. Kahiji, praktek ngumpulkeun faktor produksi (taneuh jst) di SAWATARA jelema (kapitalistea) dianggap sah. Kadua, buruh (jelema) disarukeun jeung mesin: gawe pikeun DUIT lain pikeun nyieun barang (janten kuli sanes jantenwirausahawan). Nu katilu, itung2an rasio dipentingkeun pisan dina ngudag untung. Kulantaran paham ieu bentenna tos tebih pisan janten we dipasihan nami enggal: KAPITALISME. Kadieukeun kapitalisme dianggap bisa jadi waleran tur strategi/cara hirup pikeun ngamajukeun hiji masarakat, sanes wungkul sistem di ekonomi/bisnis.Cara hirup ieu ditandaan ku: ngagungkeun individualisme (logika maranehna: mun individu dibebaskeun ngudag kahayangna, masyarakatna bakal sentosa); kasejahteraan (material) jadi tujuan utama; analisis2ekonomi bebas tina disiplin lain (adat, agama, etika,politik jst);ekonomi dianggap tunduk kana hukum mekanis siga mesin (bisa diitung);mentingkeun budaya konsumsi tur teu mirosea hubungan sosial antawisjelema (produsen jeung konsumen). Langkung jentrena ngeunaan sajarah kapit ieu salah sawiosna tiasa dibaca di dieu. Punten ah bilih panjang teuing tur sanes bade mamatahan ngojay ka meri, tapi ari pamendak abdi mah tina ciri2na wae tos jelas Islam teh teu cocok sareng kapitalisme? Palih mana nya? Ah duka. Baktos Yudi --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Yudi, punten mayunan Bah Sutriwa. Ke kuring mah rada bingung ieu teh, Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

