Naha kang Yudi bet elehan.....he he,
Tos dugi kamana eta RUU APP teh, si ipeut mah teu ngabandungan. Sanes teu
hoyong terang mung anu janten perhatosan si terteh perkawis beas , eta wae
karek terang harga beas geuning tos menjulang tinggi, nyaan....mani ngarenjag..!
Waktos pun adi ka Sby, naros ...kieu , teh ..!. ari harga beas didieu
sabaraha sakilo? di jawab teh paling awis 3000 rupia, anjeula mani olohok
oh...didieu mah mirah, ah...rek jualan beas waenya...teu percaya harga beas
3000, si horeng ari ditanyakeun ka warung geus harga 5000 perak...baruk..! mani
awis, malihan beas begawan mah 6300 sakilo, Kuring ngahuleng
sajongjonan...euleuh kumaha rahayat di lembur..? paingan atuh tos seueur anu
busung lapar, beas oge sakitu awisna, ti harita janten hulang-huleng, boro2
resep macaan RUU APP, mikiran beas oge teu masuk akal bet mahal....
Janten RUU APP teh tos ngabahayakeun masyarakat...? ceuk pikiran si teteh
mah, anu langkung urgen ngabahas kumaha carana rahayat teu busung lapar, di
lembur2 pedesaan anu miskin tos sakali sadinten tuang sangu, malih tos tuang
gaplek, tuang sesa sangu anu tos di poe, piwatireun.
Nyaan teu katarik sama sakali padungdengkeun RUU APP teh, da masyarakat upami
tos ma'mur mah moal pajeng sarupaning anu berbau porno, sok wae tinggal di
nagara tatanggi aya teu UU APP ? asa can ngadangu.....
Punten kang Yudi, bilih teu nyambung si teteh gaduh pamadegan nyalira,
wiosnya....
ipeut
yudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sigana mah kuring teh cape euy miluan paadu caturna ruu teh. Asa eleh sora
ku koran nu nolak nu tarik sorana sanajan can tangtu loba henteuna mah. Jadi
geus we lah rek ngelehan, kuring deuk milu nolak ruu. Ngan salian rek milu
nolak, kuring mah nambahan milu usul ngarah teu diprotes: "ah silaing mah
bisana ngan nolak wungkul!"
Usul kuring didasaran teorina abah Weber ngeunaan parobahan sosial. Ceuk
manehna salah sahiji tanaga nu bisa mucunghulkeun parobahan sosial hiji
masarakat teh nyaeta rasionalisasi kahirupan eta masarakat. Ceuk manehna oge,
kulantaran di masarakat teh aya macem-macem kapentingan, rasionalisasi teh
dina prosesna sok mawa konflik jeung riributan.
Tah tina dua pamikiran Weber di luhur, usul kuring hayu lah urang
rasionalisasikeun kahirupan urang dina widang 'perpronigrafian' tea. Kumaha
cara rasionalisasina? Gampaaang, turutan wae nagara batur nu geus kabukti
"maju" lah! Tapi urang mah ulah pipilueun ributna nagara2 eta zaman baheula nu
nepi ka aya perang sipil sagala. Urang mah hayu we plek turutan siga kumaha
manehna ayeuna ngatur masarakatna.
Kumaha prakna usul ieu teh? Kuring ayeuna rek ngusulkeun teu perlu aya RUU
APP. Tapi salian ti eta, hayu oge urang ngarobah cara hirup urang jeung milu
dina sosialisasi parobahan cara hirup eta. Hayu urang galakkeun hirup bebas,
hayu urang halakeun pelacuran, aborsi, sakalian cabut we lah UU perkawinan,
nanahaon lah kawin sagala ngan ukur sumber ribut wungkul.
Tah mun geus sarua kabeh aturanna pan urang bisa tenang teu kudu mikiran
hal-hal eta. Barudak bisa bebas macaan naon wae tur bisa soson-soson diajar.
Naon sababna? Sabab mun misalna maranehna nempo jelma buligir teu kudu
susumputan bisi kapanggih ku kolotna atawa ku batur da geus loma ieuh. Keun we
misalna si Enok adi kuring geus ningali si Anjas buligir terus hayang indehoy
mah sina menta we ka babaturan lalakina, asal suka jeung suka wae lah daripada
susumputan. Atuh para kolot teu kudu mikiran ka saha anak-anakna ulah sok
hayeuh ngadesek anak awewena sangkan ati-ati jeung teu kudu sieun diperkosa,
moalenya geus dibebaskeun palacuran jeung bisa meunang indehoy suka pada suka
masih keneh aya nu merkosa?
Kumaha mun budak hamil umur 14/15/16 taun siga anu kajadian di nagara2 maju
tea? Nya tong kapalang atuh, turutan oge: urang halalkeun aborsi. Turutan oge
pamarentah nagara2 eta nu ngajamin tiap bayi nu lahir di eta nagara. Siga di
Inggris tea geuning, tiap bayi lahir dibere tunjangan. Keun bae upama misalna
ku aturan ieu urang kudu bayar pajak gede siga di nagara2 eta nu bisa nyampe
50% atawa 70%.
Tah sigana mah mun sakabeh cara hirupna geus diturutan pamohalan atuh urang
teu maju. Da tetela pornografi mah ngan hiji subsistem tina sistem sosial nu
leuwih gede. Jadi moal bisa urang boga subsistem nu dilandasan hiji ideologi
mun kahirupan sosial masarakat nu lianna tacan nganut eta ideologi. Mun urang
ngan nyonto sabagian-sabagian, teorina si Abah Weber tea bakal kajadian: urang
bakal moal maju-maju da tanaga urang beak ku konflik jeung riributan siga
ayeuna. Contona hayang boga kabebasan pers tapi para kolot masih sieun budak
awewena indehoy tapi teu nikah heula, teu produktip lin?
Kumaha jelma2 nu boga pamadegan yen hirup siga kitu teh teu saluyu jeung
kayakinnana? Keun wae lah, salah sorangan sieunan jeung leutik burih. Mun teu
satuju titah ingkah nyieun nagara sorangan ka dituh!
Yudi
Maret 2006
..:::..
Regards
[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
---------------------------------
Brings words and photos together (easily) with
PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail.
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish
culture
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "urangsunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/