ngiring mairan bari rada mahiwal.
ieu mah pangalaman kuring anu kungsi kokotetengan
panasaran hayang nyaho naon sababna daging babi
diharamkeun.
panasaran...
kulantaran waktu baheula keur budak guru agama pernah net
elakeun yen sarat abus islam teh salah sahijina nyaeta:
"baleg jeung boga akal"
ti harita kuring boga kayakinan naon wae anu masih bisa
kahontal ku akal mah pasti aya jawabana (teuing bener
henteuna mah..he..he..).
kira2 tahun 1992 keur kuring ngarasa meunang jawaban "Naon
Sababna Daging Babi Haram"
jawabna gumantung kana ti beulah mana urang nyawangna,
saupama/diantarana:
"Lantaran Gusti Aloh maha welas tur maha asih"
, katerangana basajan pisan "aya mang rewu-rewu kadaharan
daging anu bisa didahar ku urang, kulantaran bageurna
mantenna ngan hiji anu teu meunang didahar nyaeta sakadang
B.A.B.I" he....he....
"Lantaran manusamah hese/kurang/sok poho/tara tumarima
kana kanimatan ti kami"
katerangana enya eta tina mang rewu2 kadaharan daging
anu meunang didahar ku urang dicaram hiji wae mani keukeuh
hayang ngalanggar jeung sok di tambahan ku kukulutus oge
murukusunuh .. hi..hi...meureun.
kabehdieunakeun ka pikir deui:
anu 'terlibat' dina palaturan teh pan aya dua pihak
mantena jeung urang/manusa.
jadi kuayana 'daging babi haram" tea urang bisa leuwih
tetela nyawang sifat2 mantena jeung sifat2 urang nya
manusa tea.
mangga geura cobian jadi seueur pisan jawabanana.
sareng teu langkung bade nyawang ti lebah mana, ti sifat
gusti Aloh/sifat manusa, sawangan positif/negatif,
sawangan optimis/pesimis.
heug rek timana wae nyawangna, muga2 wae ngajadikeun hirup
urang sarerea jadi leuwih aya hartina.
cag.
tutup lawang sigotaka.
sonirosa
On Mon, 24 Apr 2006 12:55:54 +0700
"oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Rampes,
>
> Talatah Kang Gibson teh, mun dibasakeun ku anu
>saujratna, meureun kieu:
> "tinimbang ngamasalahkeun atawa ngotektak neangan sabab
>musabab Pangeran
> ngaharamkeun ngadahar daging babi (anu geus qot'i atawa
>teu kudu dipasoalkeu
> deui) mendingan neangan atawa natanyakeun atawa
>ngamasalahkeun sabab musabab
> masih lobana kajadian korupsi di nagara urang jeung
>cara ngahulagna.
>
> Daging babi geus jelas diharamkeun, ieu urusan atawa
>wilayah Pangeran. Nepi
> ka iraha oge lamun neangan sabab-musabab ilmiahna moal
>aya anggeusna kana
> wilayah otoritas Pangeran mah. Malah bisa jadi, lamun
>hiji sabab tina
> katerangan paelmuan dicekel salaku kayakinan, bisa
>mengparkeun kayakinan
> urang kana aturan Pangeran. Sabab, paelmuan tea sifatna
>relatif, gumantung
> data jeung bukti anyar.
>
> Anapon korupsi, jelas-jelas akibat sosialna sakitu
>gedena. Apan agama teh
> utamana keur ngatur kahirupan hirup kumbuh masyarakat,
>sanes? Hayu urang
> milih-milih skala prioritas dina madungdengkeun hiji hal
>teh, sangkan teu
> mubah tanaga jeung pikiran.
>
> baktos,
> manAR
>
>
>
>
>
> On 4/24/06, Lodaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> Sampurasun,
>> Saur saha daging babi diharamkeun....? Haram soteh ceuk
>>anu ngagem
>> agama Islam jeung nganiatan seja turut kana
>>aturanana.....
>> Tong boro boro daging babi (anu taya akibatna pikeun anu
>>lian), dalah
>> korupsi oge (anu bisa mawa mamala ka anu lian) teu
>>diharamkeun, iwal
>> jalma anu nganggap yen duit hasil korupsi teh haram....!
>>Buktina loba
>> jalma anu dahar daging babi oge loba anu korupsi, eta
>>hartina ku
>> inyana teu diharamkeun..... Aya Istilah di kalangan
>>maranehna,
>> "sanajan korupsi kubatur diharamkeun oge da duitna mah
>>harum......".
>> Jadi ari "HARAM" teh naon atuh....?
>>
>>
>> Hikhikhik....... ngaconya? Enya ceuk anu nganggap ngaco
>>mah.....
>>
>> baktos kuring,
>> AG./bdg
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
========================================================================================
Ikuti Lomba Puisi Online Jawa Timur, dapatkan hadiah menarik setiap bulannya
dan hadiah total senilai 60 juta rupiah
hanya di http://www.plasa.com
========================================================================================
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

