He..he.. kang oman hodi kusplus oge, sami euy!

sonirosa

On Mon, 24 Apr 2006 15:07:57 +0700
  "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Soni,
>
> Sigana elmu hikmah kasebatna anu didadarkeun  ku salira
>mah. Nya tiasa oge
> kanggo waleran patarosan "naon sababna..." jst. Ari aya
>anu naroskeun naon
> sababna teh sok ras inget lagu Koes Plus anu judulna
>seueur nganggo kecap
> "mengapa". Aya saena oge, kanggo bahan ngahudangkeun
>pikiran.
>
> manAR
>
>
> On 4/24/06, soni rosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> Haturan kang...
>> ngiring mairan bari rada mahiwal.
>> ieu mah pangalaman kuring anu kungsi kokotetengan
>> panasaran hayang nyaho naon sababna daging babi
>> diharamkeun.
>> panasaran...
>> kulantaran waktu baheula keur budak guru agama pernah
>>net
>> elakeun yen sarat abus islam teh salah sahijina nyaeta:
>>
>>                      "baleg jeung boga akal"
>>
>> ti harita kuring boga kayakinan naon wae anu masih bisa
>> kahontal ku akal mah pasti aya jawabana (teuing bener
>> henteuna mah..he..he..).
>>
>> kira2 tahun 1992 keur kuring ngarasa meunang jawaban
>>"Naon
>> Sababna Daging Babi Haram"
>>
>> jawabna gumantung kana ti beulah mana urang nyawangna,
>> saupama/diantarana:
>>
>> "Lantaran Gusti Aloh maha welas tur maha asih"
>>
>> , katerangana basajan pisan "aya mang rewu-rewu
>>kadaharan
>> daging anu bisa didahar ku urang, kulantaran bageurna
>> mantenna ngan hiji anu teu meunang didahar nyaeta
>>sakadang
>> B.A.B.I" he....he....
>>
>> "Lantaran manusamah hese/kurang/sok poho/tara  tumarima
>> kana kanimatan ti kami"
>>
>> katerangana enya eta tina mang rewu2 kadaharan daging
>> anu meunang didahar ku urang dicaram hiji wae mani
>>keukeuh
>> hayang ngalanggar jeung sok di tambahan ku kukulutus oge
>> murukusunuh .. hi..hi...meureun.
>>
>> kabehdieunakeun ka pikir deui:
>> anu  'terlibat' dina palaturan teh pan aya dua pihak
>> mantena jeung urang/manusa.
>> jadi kuayana 'daging babi haram" tea urang bisa leuwih
>> tetela nyawang sifat2 mantena jeung sifat2 urang nya
>> manusa tea.
>>
>> mangga geura cobian jadi seueur pisan jawabanana.
>> sareng teu langkung bade nyawang ti lebah mana, ti sifat
>> gusti Aloh/sifat manusa, sawangan positif/negatif,
>> sawangan optimis/pesimis.
>>
>> heug rek timana wae nyawangna, muga2 wae ngajadikeun
>>hirup
>> urang sarerea jadi leuwih aya hartina.
>>
>> cag.
>> tutup lawang sigotaka.
>>
>> sonirosa
>> On Mon, 24 Apr 2006 12:55:54 +0700
>> "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> > Rampes,
>> >
>> > Talatah Kang Gibson teh, mun dibasakeun ku anu
>> >saujratna, meureun kieu:
>> > "tinimbang ngamasalahkeun atawa ngotektak neangan
>>sabab
>> >musabab Pangeran
>> > ngaharamkeun ngadahar daging babi (anu geus qot'i
>>atawa
>> >teu kudu dipasoalkeu
>> > deui) mendingan neangan atawa natanyakeun atawa
>> >ngamasalahkeun sabab musabab
>> > masih lobana kajadian korupsi di nagara urang  jeung
>> >cara ngahulagna.
>> >
>> > Daging babi geus jelas diharamkeun, ieu urusan atawa
>> >wilayah Pangeran. Nepi
>> > ka iraha oge lamun neangan sabab-musabab ilmiahna moal
>> >aya anggeusna kana
>> > wilayah otoritas Pangeran mah. Malah bisa jadi, lamun
>> >hiji sabab tina
>> > katerangan paelmuan dicekel salaku kayakinan, bisa
>> >mengparkeun kayakinan
>> > urang kana aturan Pangeran. Sabab, paelmuan tea
>>sifatna
>> >relatif, gumantung
>> > data jeung bukti anyar.
>> >
>> > Anapon korupsi, jelas-jelas akibat sosialna sakitu
>> >gedena. Apan agama teh
>> > utamana keur ngatur kahirupan hirup kumbuh masyarakat,
>> >sanes? Hayu urang
>> > milih-milih skala prioritas dina madungdengkeun hiji
>>hal
>> >teh, sangkan teu
>> > mubah tanaga jeung pikiran.
>> >
>> > baktos,
>> > manAR
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> > On 4/24/06, Lodaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> >>
>> >> Sampurasun,
>> >> Saur saha daging babi diharamkeun....? Haram soteh
>>ceuk
>> >>anu ngagem
>> >> agama Islam jeung nganiatan seja turut kana
>> >>aturanana.....
>> >> Tong boro boro daging babi (anu taya akibatna pikeun
>>anu
>> >>lian), dalah
>> >> korupsi oge (anu bisa mawa mamala ka anu lian) teu
>> >>diharamkeun, iwal
>> >> jalma anu nganggap yen duit hasil korupsi teh
>>haram....!
>> >>Buktina loba
>> >> jalma anu dahar daging babi oge loba anu korupsi, eta
>> >>hartina ku
>> >> inyana teu diharamkeun..... Aya Istilah di kalangan
>> >>maranehna,
>> >> "sanajan korupsi kubatur diharamkeun oge da duitna
>>mah
>> >>harum......".
>> >> Jadi ari "HARAM" teh naon atuh....?
>> >>
>> >>
>> >> Hikhikhik....... ngaconya? Enya ceuk anu nganggap
>>ngaco
>> >>mah.....
>> >>
>> >> baktos kuring,
>> >> AG./bdg
>> >>
>> >>
>> >>
>> >>
>> >>
>> >>
>> >> Komunitas Urang Sunda -->
>>http://www.Urang-Sunda.or.id
>> >>
>> >> Yahoo! Groups Links
>> >>
>> >>
>> >>
>> >>
>> >>
>> >>
>> >>
>>
>>
>> ========================================================================================
>> Ikuti Lomba Puisi Online Jawa Timur, dapatkan hadiah
>>menarik setiap
>> bulannya
>> dan hadiah total senilai 60 juta rupiah
>> hanya di http://www.plasa.com
>>
>> ========================================================================================
>>
>>
>> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>

========================================================================================
Ikuti Lomba Puisi Online Jawa Timur, dapatkan hadiah menarik setiap bulannya
dan hadiah total senilai 60 juta rupiah
hanya di http://www.plasa.com
========================================================================================


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke