Euh padahal mah kamari Kang Ono ngagaleuh langsung ti MJ, pan nyandak sababaraha hiji tah novelna, sim kuring oge kenging tah fetussaga 'disubsidi' pangaosna, hehe. Tos kitu, kenging tandatangan MJ deuih :).
fetussaga te-o-pe lah MJ!*bari ngacungkeun jempol*. Langsung dilalap habis (basa sunda na naon nya?) da etamah. Resep tuda, janten ngawawaas ka jaman baheula, bari bahasana runtut teu bosen macana. Sing sanaos ngabahas sejarah, teu lieur, duka pedah sakedikna terang kana dongeng onom panginten. Diantos Epigram na, kenging subsidi deui kan Mang? hehe
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
di tb Gramedia tos janten barang langka. fetussaga nu medal taun kamari, aya keneh hiji dua.cobi we ka Gramedia jkt/Matraman. mun teu mendak, taroskeun ka nu jagafetussaga nyaritakeun hiji jelema sateu acan jadi jelema. lieur pan? henteu. da memang lalakon hiji jabang bayi. hehe. setting Ciamis, jadi dikawal ku bangsa Onom, ngulampreng ka jaman baheula, pendak jeung raja Prabu Wastukancana. hehe. ah, kuma uing we nu ngarang. hehenovel2 mj nu diskon 10-15% aya di tb Ultimus, payuneun Unpas Jl. Lengkong. nya ari hoyong ngangge tanda tangan/otograf nu ngarangna mah, japri we ka si kuring. siga kang Hendry Epson, unggal medal si eta sok pesen sapuluh jilid, tapi make sarat, tanda tangan. heuheu...tamatna mah tangtos we pas si utun lahir. heuheu. tapi salila dina rahim indungna, bisa ngulampreng bin jarambah ka mana mendi. ka astana gede kawali, ka karangkamulyan, ah pokona piknik ka tempat karuhun. heheari carita samodel nu diguar ku kang Ono mah, teu aneh kang, jeung teu perlu nanya ka batur, da si kuring oge opat adi, caritana teh kurang leuwih standar karitu. jadi geus jadi carita generik. baheula sangsara, sakola, kuliah, terus we sangsara deui. hehe.
carita Louisiana2 mirip ketang, tapi lalakon hiji jelema, geus gede, sakola di luar negeri/denmark. ngalaman tabrakan budaya. hehe. oge, ngahaja tokohna nu urang sunda/kuningan/cirebon teh jadi jagoan naklukeun istri bule. hehehe.nu katilu, settingna di bandung, aya pasar seni sagala. hehe. carita terasna di finlandia.nu kaopat, Epigram, ayeuna nuju dicitak ku Gramedia Pustaka Utama, bahan bakuna demo di sakola cap gajah cindeten taun 1989, basa mendagri rudini ka itb, di demo msiswa tea. minangka ngaluarkeun trauma kuring, nu harita masih anak bawang, karek naek ka tingkat 2/sem.3.sabot panggih jeung kang Mikihiro, jadi mucunghul deui hayang nyoba deui nulis dina basa sunda. kungsi baheula oge, tapi teu terus, seurieus teuing, jadi kalah cireumbay. kuduna make jurus heureuy, ulah seurieus, sok jadi dareuda, melankolis. lalaki raheut manah, haha. cengeng pisan urang sunda teh. hehe
On 5/2/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mang Jamal...
Atos tacan ngarang hiji novel (atanapi roman panginten) nu nyarioskeun ngeunaan 'perjuangan' lalakon hirup hiji jalmi ti alit nepika dewasa, ti mimiti ti handap nepika sukses janten 'jalmi'....??!!Hiji novel nu ngaguar ngeunaan kumaha peurih-peuheurna naratas jalan kahirupan heuheuheu nu asalna ti kulawargi teu mampu dugi ka janten kulawargi 'terpandang'....Pami pernah mah, cingan pasihan terang judulna naon....??!!Jigana matak dareuda tah...
Eta we Abdi mah sok ras emut ka dongengna Mang Jaya di Radio Linggarjati Kuningan, kapungkur waktos Abdi masih sakola SD sareng SMP, aya dongeng nu nyarioskeun 'luka-liku' na 'perjuangan hidup' hiji jalmi....nepika mewek Abdi mah euy....
Novel-novel Mang Jamal teh biasana diical dimana nyaaa....??!!Di Gramedia Bandung aya kitu Mang....??!!
"mj" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]05/01/2006 04:44 PM
Please respond to
[email protected]
To[email protected] cc Subject[Urang Sunda] lalakon hidup...urut kopdar
rame kitu? mun rame mah sok atuh dongengkeun ke dijieun novel. tapi
ditambahan, keur praktek di lab teknik kimia, meledak. ti harita Ono jadi
pinter nyieun bom...suplier ka teroris..cilaka
Kanggo Mang Jamal :
Anprediktebel men....??!!Hoyong hmmm lalakon hirup Abdi janten carita novel
mj
http://geocities.com/mangjamal
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.idSPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
--
geocities.com/mangjamal
Baktos,
-eeya-
http://tawadhu.blogspot.com
ym id : l_indry99
ym id : l_indry99
Love cheap thrills? Enjoy PC-to-Phone calls to 30+ countries for just 2ยข/min with Yahoo! Messenger with Voice.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

