Nya eta tea Teh Ia, teu kapikiran meser novel harita mah. Maklum nuju kaweur Teh, ngapalkeun rupi-rupi baraya kunet. Sarengna deui, harita mah Abdi na oge masih 'malu-malu kucing' hehehehe....

Maos ringkesan caritana mah dihandap, jigana rame tah novel-novel MJ teh. Edun euy MJ....!!!
Tiasaan milari ideu carita na mah. Komo tah ideu carita novel fetussaga....kreatif lah pokona mah....Pantesan euy MJ tiasa lebet Desain ITB hahaha, da singhoreng 'otak kanan'-na jalan....
*** Fetussaga teh naon hartosna nya...??!!

Engke mah pami ka Bandung, bade ngahajakeun ka Ultimus ah.....
Da mesen langsung ka MJ mah isin atuh, da mung hiji meser na oge. MJ tiasa kitu meser mung hiji langsung...??!!Aaah isin ketang hiji mah mendingan ka Ultimus we lah.
 


"sunda pituin" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

05/02/2006 06:03 PM

Please respond to
[email protected]

To
[email protected]
cc
Subject
Re: [Urang Sunda] lalakon hidup...urut kopdar





Euh padahal mah kamari Kang Ono ngagaleuh langsung ti MJ, pan nyandak sababaraha hiji tah novelna, sim kuring oge kenging tah fetussaga 'disubsidi' pangaosna, hehe. Tos kitu, kenging tandatangan MJ deuih :).
 
fetussaga te-o-pe lah MJ!*bari ngacungkeun jempol*. Langsung dilalap habis (basa sunda na naon nya?) da etamah. Resep tuda, janten ngawawaas ka jaman baheula, bari bahasana runtut teu bosen macana. Sing sanaos ngabahas sejarah, teu lieur, duka pedah sakedikna terang kana dongeng onom panginten. Diantos Epigram na, kenging subsidi deui kan Mang? hehe

mj <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

di tb Gramedia tos janten barang langka. fetussaga nu medal taun kamari, aya keneh hiji dua.
cobi we ka Gramedia jkt/Matraman. mun teu mendak, taroskeun ka nu jaga
 
fetussaga nyaritakeun hiji jelema sateu acan jadi jelema. lieur pan? henteu. da memang lalakon hiji jabang bayi. hehe. setting Ciamis, jadi dikawal ku bangsa Onom, ngulampreng ka jaman baheula, pendak jeung raja Prabu Wastukancana. hehe. ah, kuma uing we nu ngarang. hehe
 
novel2 mj nu diskon 10-15% aya di tb Ultimus, payuneun Unpas Jl. Lengkong. nya ari hoyong ngangge tanda tangan/otograf nu ngarangna mah, japri we ka si kuring. siga kang Hendry Epson, unggal medal si eta sok pesen sapuluh jilid, tapi make sarat, tanda tangan. heuheu...
 
tamatna mah tangtos we pas si utun lahir. heuheu. tapi salila dina rahim indungna, bisa ngulampreng bin jarambah ka mana mendi. ka astana gede kawali, ka karangkamulyan, ah pokona piknik ka tempat karuhun. hehe
 
ari carita samodel nu diguar ku kang Ono mah, teu aneh kang, jeung teu perlu nanya ka batur, da si kuring oge opat adi, caritana teh kurang leuwih standar karitu. jadi geus jadi carita generik. baheula sangsara, sakola, kuliah, terus we sangsara deui. hehe.

carita Louisiana2 mirip ketang, tapi lalakon hiji jelema, geus gede, sakola di luar negeri/denmark. ngalaman tabrakan budaya. hehe. oge, ngahaja tokohna nu urang sunda/kuningan/cirebon teh jadi jagoan naklukeun istri bule. hehehe.
 
nu katilu, settingna di bandung, aya pasar seni sagala. hehe. carita terasna di finlandia.
 
nu kaopat, Epigram, ayeuna nuju dicitak ku Gramedia Pustaka Utama, bahan bakuna demo di sakola cap gajah cindeten taun 1989, basa mendagri rudini ka itb, di demo msiswa tea. minangka ngaluarkeun trauma kuring, nu harita masih anak bawang, karek naek ka tingkat 2/sem.3.
 
sabot panggih jeung kang Mikihiro, jadi mucunghul deui hayang nyoba deui nulis dina basa sunda. kungsi baheula oge, tapi teu terus, seurieus teuing, jadi kalah cireumbay. kuduna make jurus heureuy, ulah seurieus, sok jadi dareuda, melankolis. lalaki raheut manah, haha. cengeng pisan urang sunda teh. hehe



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke