Meunggpeung keur ngabahas pangajaran basa sunda di sakola. Kamari adi kuring nu masih sakola di sd nanya ka kuring. Pok na teh, "Aa Maman, urang teh pan urang sunda. Di imah sapopoe ngomongna make basa sunda tapi kunaon pelajaran basa sunda disakola geuning hese, nya?"

Kuring sekeudeng ngahuleung neangan pijawabeunana. Ari pek teh pamajikan kuring miheulaan ngajawab. Kieu jawabanana teh, "Ari basa sunda nu sapopoe dipake ku urangmah basa sunda kasar sedengkeun nu diajarkeun di sakola basa sunda lemes. Atuh tangtu wae hese pan urang mah teu biasa make basa sunda lemes.

Tos, ah. Sakitu heula dongengna.

Wasalam,
Durahman, urang cirebon tea.

On 29/06/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

ieu teh sigana mah salah sahiji hasil tina riungan simpay poe kamari,
anu midangkeun Pa Ayip salaku panyatur, kalawan dimorerasi ku Kang
Maman S. Mahayana (kakara nyaho).



On 29/06/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ari UI teh ayana di Depok nya? Ari Depok pan aya di
> Jabar sanes? Ari Jabar teh apan wewengkon Tatar Sunda
> lin? Hehehe. Tapi kunaon nya di FIB UI bejana teu aya
> Jurusan Sastra Sunda? Bejana deui wae, ari Jurusan
> Sastra Jawa mah aya cenah di FIB UI teh. Cing Kang
> Rahmat, rada dipedar, kunaon tah kira-kirana.

mun teu salah mah hal ieu kungsi dipedar ku kang Rahmat nalika
nyaritakeun riungan SIMPAY. Nya kurang leuwihna mah--punten mayunan,
Kang--ayana riungan Simpay teh dina raraga taratas pikeun dibentukna
program studi sunda. Ngeunaan kunaha2na mah, nya utamana mah kusabab
kurangna sumberdaya manusa. Kapan parantos kauninga, widang
budaya/basa mah teu seueur nu minat, komo basa daerah mah...


> > "Materi pelajarannya sangat linguistik, tidak
> > ditekankan pada penguasaan bahasa percakapan
> > sehari-hari," kata staf pengajar Fakultas Ilmu
> > Pengetahuan Budaya Universitas Indonesia (UI), Maman
> > S Mahayana, dalam percakapan dengan Kompas di kampus
> > UI Depok, Rabu (28/6).

Da ceuk kuring mah, nu utama ngajarkeun basa Sunda (dina leresan
dieu), nya kolotna. Hanjakalna, pikeun conto ieu mah, Kang Maman bae
nu urang Sunda (matuh di Bogor mun teu salah) basa Sundana atok2an.
Kamari ge pan pada ngageuhgeuykeun, da keukeuh Kang Maman mah make
basa Indonesia. Ngandelkeun sakola bari teu dibiasakeun prakna dina
sapopoe mah atuh kawas diajar basa inggris. Leuheung sotenan basa
inggris mah pada boga rasa butuh, da pan diajar basa Sunda mah teu
sirikna kapaksa pisan.


> > Maman menyayangkan siswa SD kini dijejali hal-hal
> > seperti itu sehingga pelajaran Bahasa Sunda menjadi
> > hal yang mengerikan. "Seharusnya pelajaran
> > itu ditekankan pada aspek komunikasi dalam tata
> > pergaulan dan kehidupan sehari-hari," katanya.




__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke