Baraya, hayu urang tengetan : -Dongeng 1-
Kang Japra keur sanggetul disisi hawangan, matana teu kiceup-kiceup nyeuleu ka teoh, kana cai nu kiruh. Sarua kiruhna jeung pikiranana. Huluna karasa menit pisan, dadana heneg. Keur kitu ujug-ujug beuteungna karasa mules, tajam ngising. Buru-buru bae manehna lumpat kana ruyuk awi, gog nagog tuluy ngaheujeun. -Dongeng 2- Kang Japra keur sanggetul disisi walungan. Matana teu kiceup-kiceup nempo ka handap, kana cai nu kiruh. Sarua kiruhna jeung pikiranana. Huluna karasa lieur kacida, dadana eungap. Keur kitu ujug-ujug beuteungna karasa mules, hayang ngising. Buru-buru bae manehna lumpat kana rungkun awi, gog nagog tuluy ngaheujeun. ---------------------------------------------------------------- Cik naon bedana ? Dongeng 1, eta teh make basa wewengkon Kuningan. Mun nu macana urang Bandung mah pasti bakal rada kerung tarangna, kusabab loba bahasa nu teu kaharti. Dongeng 2, eta teh make basa lulugu. Boa basa lulugu teh hartina lu-lu gua-gua (meureun) heu..heu.. ZZZadi, kumaha mun pangajaran basa Sunda di sakola teh make basa wewengkon sewang2an bae ? Maksudna mah meh teu karasa hese ku barudak sakola. Teu karasa beurat kusabab geus dikenal jeung digunakeun sapopoe. Nu ngaluarkeun bukuna cukup ti Depdikbud tingkat Kabupaten. teu kudu didrop ti Bandung, da geuning sanajan aya standar pangajaran ge, kalah ka hararese diajarna ? usil eh..usul we ieu mah.. -dul- --- In [email protected], "maman durahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Meunggpeung keur ngabahas pangajaran basa sunda di sakola. Kamari adi kuring > nu masih sakola di sd nanya ka kuring. Pok na teh, "Aa Maman, urang teh pan > urang sunda. Di imah sapopoe ngomongna make basa sunda tapi kunaon pelajaran > basa sunda disakola geuning hese, nya?" > > Kuring sekeudeng ngahuleung neangan pijawabeunana. Ari pek teh pamajikan > kuring miheulaan ngajawab. Kieu jawabanana teh, "Ari basa sunda nu sapopoe > dipake ku urangmah basa sunda kasar sedengkeun nu diajarkeun di sakola basa > sunda lemes. Atuh tangtu wae hese pan urang mah teu biasa make basa sunda > lemes. > > Tos, ah. Sakitu heula dongengna. > > Wasalam, > Durahman, urang cirebon tea. > > On 29/06/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > ieu teh sigana mah salah sahiji hasil tina riungan simpay poe kamari, > > anu midangkeun Pa Ayip salaku panyatur, kalawan dimorerasi ku Kang > > Maman S. Mahayana (kakara nyaho). > > > > > > On 29/06/06, mh <[EMAIL PROTECTED] <khs579%40yahoo.com>> wrote: > > > > > > Ari UI teh ayana di Depok nya? Ari Depok pan aya di > > > Jabar sanes? Ari Jabar teh apan wewengkon Tatar Sunda > > > lin? Hehehe. Tapi kunaon nya di FIB UI bejana teu aya > > > Jurusan Sastra Sunda? Bejana deui wae, ari Jurusan > > > Sastra Jawa mah aya cenah di FIB UI teh. Cing Kang > > > Rahmat, rada dipedar, kunaon tah kira-kirana. > > > > mun teu salah mah hal ieu kungsi dipedar ku kang Rahmat nalika > > nyaritakeun riungan SIMPAY. Nya kurang leuwihna mah--punten mayunan, > > Kang--ayana riungan Simpay teh dina raraga taratas pikeun dibentukna > > program studi sunda. Ngeunaan kunaha2na mah, nya utamana mah kusabab > > kurangna sumberdaya manusa. Kapan parantos kauninga, widang > > budaya/basa mah teu seueur nu minat, komo basa daerah mah... > > > > > > > > "Materi pelajarannya sangat linguistik, tidak > > > > ditekankan pada penguasaan bahasa percakapan > > > > sehari-hari," kata staf pengajar Fakultas Ilmu > > > > Pengetahuan Budaya Universitas Indonesia (UI), Maman > > > > S Mahayana, dalam percakapan dengan Kompas di kampus > > > > UI Depok, Rabu (28/6). > > > > Da ceuk kuring mah, nu utama ngajarkeun basa Sunda (dina leresan > > dieu), nya kolotna. Hanjakalna, pikeun conto ieu mah, Kang Maman ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Check out the new improvements in Yahoo! Groups email. http://us.click.yahoo.com/6pRQfA/fOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

