Sanggeus jauh ti tempat datangna oray, japra eureun tina lumpatna. Ngareureuh sakeudeung bari nyarande handapeun tangakal turi. Teu lila manehna ngarasa aneh. Naha dina lebah liang taina asa cepel jaba geuning bobogaana teh asa ting siriwing tiis katebak angin. Panasaran manehna ngarampa boboganana, "euleuh, naha aing teu di calana? Kamana calana aing, euy? Oh...enya tinggaleun ditempat ngising. Jaba urang can cecewok deuih" Nyaho kitu mah japra teh balik deui ka tempat tadi bari liak lieuk sieun katimu oray deui. Maksudmah rek nyokot calana jeung sakalian cewok di sisi hawangan.
***
Peutingna japra sanajan geus ngagoler di ranjang dipan anggeur bae teu bisa hees. Lain pedah bantalna anu henteu empuk, lain pedah can nyatu kejo (can nyatu mah lantaran deungeuna teu enak. Ngan aya goreng dage, mirong, celem asem, jeung pia-pia), tapi masih kaingetan keneh kajadian keur beurang.
Urang teruskeun, nya, dongengna. make basa sunda ciayumajakuning (cirebon-indramayu-majalengka-kuningan);
Karek sakeudeung nagog ti rungkud beulah ditu kadenge sora ting korosak. Japra kaget. Sajongjonganmah manehna nyeuleukeun ka asal sora. Teu lila leor bae kaluar ula sagede ping-ping jama. Atuh tangtu japra biraraeun. Berebet bae manehna lumpat sakalumpat lampet bari ngagorowok, "aya ulaaaaa!!!!". Saroalnamah tinggaleun diurut manehna nagog.
Sanggeus jauh ti tempat datangna ula japra eureun tina lumpatna. Ngareureuh sakeudeung bari nyelede teoheun tangakal turi. Teu lila manehna ngarasa aneh. Naha dina lebah liang taina asa laleget jaba geuning bobogaana teh asa ting siriwing tiis katebak angin. Panasaran manehna ngarampa boboganana, "euleuh, naha aing teu di saroal? Kamana saroal aing, euy? Oh...enya tinggaleun ditempat ngising. Jaba urang can cecewok deuih" Nyaho kitu mah japra teh balik deui ka tempat tadi bari liak lieuk sieun katimu ula deui. Maksudmah rek nyokot calana jueng sakalian cewok di sisi hawangan.
***
Peutingna japra sanajan geus ngagoler di ranjang dipan anggeur bae teu bisa hees. Lain pedah karang huluna anu henteu empuk, lain pedah can nyatu kejo (can nyatu mah lantaran deungeuna teu enak. Ngan aya goreng dage, mirong, celem asem, jeung pia-pia), tapi masih kaingetan keneh kajadian keur beurang.
(geus ah. Rek neruskeun deui pagawen. Nginstall linux ubuntu)..![]()
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

