Urang teruskeun, nya, dongengna. make basa sunda ciayumajakuning (cirebon-indramayu-majalengka-kuningan);

Karek sakeudeung nagog ti rungkud beulah ditu kadenge sora ting korosak. Japra kaget. Sajongjonganmah manehna nyeuleukeun ka asal sora. Teu lila leor bae kaluar ula sagede ping-ping jama. Atuh tangtu japra biraraeun. Berebet bae manehna lumpat sakalumpat lampet bari ngagorowok, "aya ulaaaaa!!!!". Saroalnamah tinggaleun diurut manehna nagog.

Sanggeus jauh ti tempat datangna ula japra eureun tina lumpatna. Ngareureuh sakeudeung bari nyelede teoheun tangakal turi. Teu lila manehna ngarasa aneh. Naha dina lebah liang taina asa laleget jaba geuning bobogaana teh asa ting siriwing tiis katebak angin. Panasaran manehna ngarampa boboganana, "euleuh, naha aing teu di saroal? Kamana saroal aing, euy? Oh...enya tinggaleun ditempat ngising. Jaba urang can cecewok deuih" Nyaho kitu mah japra teh balik deui ka tempat tadi bari liak lieuk sieun katimu ula deui. Maksudmah rek nyokot calana jueng sakalian cewok di sisi hawangan.

***

Peutingna japra sanajan geus ngagoler di ranjang dipan  anggeur bae teu bisa  hees. Lain pedah karang huluna anu henteu empuk, lain pedah can nyatu kejo (can nyatu mah lantaran deungeuna teu enak. Ngan aya goreng dage, mirong, celem asem, jeung pia-pia), tapi masih kaingetan keneh kajadian keur beurang.

(geus ah. Rek neruskeun deui pagawen. Nginstall linux ubuntu).
 



On 29/06/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya, hayu urang tengetan :

-Dongeng 1-

Kang Japra keur sanggetul disisi hawangan, matana teu kiceup-kiceup
nyeuleu ka teoh, kana cai nu kiruh. Sarua kiruhna jeung
pikiranana. Huluna karasa menit pisan, dadana heneg. Keur kitu
ujug-ujug beuteungna karasa mules, tajam ngising. Buru-buru bae
manehna lumpat kana ruyuk awi, gog nagog tuluy ngaheujeun.




--
Wasalam,
Durahman __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke