Muhun kang. Ieu kuring, durahman tea nu tadina make email [EMAIL PROTECTED].

Heu..heu...rada aneh pan ningali basa sunda dialek priangan wetan beulah kaler? Ya..itulah kajembaran basa sunda.


On 29/06/06, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

heu heu heu.. enya kang maman (ieu teh kang durahman tea kitu?) lieur. loba nu teu terang. cing ah nyobian ngira-ngira. upami lepat lereskeunnya!
 
***mimitian****
 
Karek sakeudeung nagog ti rungkun beulah ditu kadenge sora ting korosak. Japra kaget. Sajongjongan mah manehna ningalikeun/neuleukeun ka asal sora. Teu lila leor bae kaluar oray sagede ping-ping jama. Atuh tangtu japra kaget. Berebet bae manehna lumpat sakalumpat lampet bari ngagorowok, "aya oray!!!!". Calanana mah tinggaleun diurut manehna nagog.

Sanggeus jauh ti tempat datangna oray, japra eureun tina lumpatna. Ngareureuh sakeudeung bari nyarande handapeun tangakal turi. Teu lila manehna ngarasa aneh. Naha dina lebah liang taina asa cepel jaba geuning bobogaana teh asa ting siriwing tiis katebak angin. Panasaran manehna ngarampa boboganana, "euleuh, naha aing teu di calana? Kamana calana aing, euy? Oh...enya tinggaleun ditempat ngising. Jaba urang can cecewok deuih" Nyaho kitu mah japra teh balik deui ka tempat tadi bari liak lieuk sieun katimu oray deui. Maksudmah rek nyokot calana jeung sakalian cewok di sisi hawangan.

***

Peutingna japra sanajan geus ngagoler di ranjang dipan  anggeur bae teu bisa  hees. Lain pedah bantalna anu henteu empuk, lain pedah can nyatu kejo (can nyatu mah lantaran deungeuna teu enak. Ngan aya goreng dage, mirong, celem asem, jeung pia-pia), tapi masih kaingetan keneh kajadian keur beurang.
 
***pamungkas***
 
geus ah... ngan hanjakal kadaangana mah kuring teu patos terang. lamun dina seratan kang dul diluhur, kecap heneg sareng ruyuk sok dianggo di lembur sim kuring, banjarasih.. sumedang.
 
cag ah,
 
dh
On 6/29/06, maman durahman < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

Urang teruskeun, nya, dongengna. make basa sunda ciayumajakuning (cirebon-indramayu-majalengka-kuningan);

Karek sakeudeung nagog ti rungkud beulah ditu kadenge sora ting korosak. Japra kaget. Sajongjonganmah manehna nyeuleukeun ka asal sora. Teu lila leor bae kaluar ula sagede ping-ping jama. Atuh tangtu japra biraraeun. Berebet bae manehna lumpat sakalumpat lampet bari ngagorowok, "aya ulaaaaa!!!!". Saroalnamah tinggaleun diurut manehna nagog.

Sanggeus jauh ti tempat datangna ula japra eureun tina lumpatna. Ngareureuh sakeudeung bari nyelede teoheun tangakal turi. Teu lila manehna ngarasa aneh. Naha dina lebah liang taina asa laleget jaba geuning bobogaana teh asa ting siriwing tiis katebak angin. Panasaran manehna ngarampa boboganana, "euleuh, naha aing teu di saroal? Kamana saroal aing, euy? Oh...enya tinggaleun ditempat ngising. Jaba urang can cecewok deuih" Nyaho kitu mah japra teh balik deui ka tempat tadi bari liak lieuk sieun katimu ula deui. Maksudmah rek nyokot calana jueng sakalian cewok di sisi hawangan.

***

Peutingna japra sanajan geus ngagoler di ranjang dipan  anggeur bae teu bisa  hees. Lain pedah karang huluna anu henteu empuk, lain pedah can nyatu kejo (can nyatu mah lantaran deungeuna teu enak. Ngan aya goreng dage, mirong, celem asem, jeung pia-pia), tapi masih kaingetan keneh kajadian keur beurang.

(geus ah. Rek neruskeun deui pagawen. Nginstall linux ubuntu).



--
Wasalam,
Durahman __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke