Ehmmm....peusing...!
asa kaingetan mangsa baheula keur budak di lembur, aya tatangga tukang lahang/gula kawung anu sok moro peusing malah kuring oge pernah ngasaan dagingna. Ampir saminggu sakali mang Aja sok meunang peusing da anjeuna mah kabeneran sok mondok di leuweung lamun tas ngala lahang sakalian ditaheur di saung kebona.
Peusing lamun panggih jeung jalma atawa nu liana sok murungkut atawa ngagulung siga bal...jeung kulitna rada teuas aya sisikan (naon basa Sundana) sok resep nempokeun lamung mang Aja geus meunang deui peusing teh sok dirarojoka ku rokrak atawa awi bari jeung sieun oge....hehehhe..
peusing hirupna kalolobaan di sisi leuweung bari jeung sok ngaliang....

cag....ah,

"kkbm'69"

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke