moro julang ngaleupaskeun peusing nu artina (kira-kira cek kuring) jadi ngaleupaskeun kasempetan nu geus nyampak pikeun neangan nu can karuh. naha "darajat" peusing memang leuwih handap tinimbang julang? kumaha tah dongengna nepi ka ngajanggelek jadi paribasa di luhur?
sikuring nanya teh pedah we ari ka julang mah can wawuh heuheu...
dh
On 8/31/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]
> wrote:
Yéy.... ngérakeun... heuheu... Hanjakal teu dikirimkeun jeung potona...
Peusing teh mun ceuk basa Ingdonesiana mah trenggiling, sedengkeun ceuk basa Malayuna pengguling (gara2 sok ngagulungkeun awak tea). Ngaran "pengguling" teh laju dipaké ku urang Inggris, jadi wéh basa Inggrisna pangolin.
Di urang gé asana mah peusing téh sok didahar... atawa diaérkeras pikeun hiasan.On 31/08/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Kang Kumi, sok sanajan uing urang sunda, tapi da teu apal peusing teh naon. Cingan bahasa Indonesia na naon...?!
Heuheuheu jadi panasaran ku peusing. Pernah oge mireng aya kolot nu nyarita kieu ka anakna : "Jangan pipis disana ntar bau 'peusing'...!!"
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

