Kang Dudi oge sadayana,
 
Paribasa eta mah medalna lain tina urusan darajat sasatoan, sato nu hiji leuwih handap atawa leuwih luhur ti sato anu sejen. Eta paribasa lahir tina pangaweruh luluhur urang kana jenis atawa talajak sasatoan. Sakumaha anu tos terang mikawanoh yen boh Peusing atawa Julang sarua papada sato anu lingas (hese katewakna), boh kulantaran tangginas lumpatna, seukeut panenjo jeung pangambeuna, oge kulantaran - kabehdieunakeun - duanana sarua sato-sato anu geus meh teu bisa kapanggih deui di alam. Jadi, i'tibar atawa ngalap silib tina talajak eta dua sato, nya mucunghul paribasa "Moro Julang, Ngalepaskeun Peusing". Hartina? sakumaha anu tos dipedar ku Kang Dudi.
 
Catetan:
 
Julang teh sarupa manuk gede, sa-genus jeung Rangkong atawa. Lamun di Kalimantan - ayeuna aya keneh sok sanajan geus langka, disebutna  manuk Enggang.

salam,
manAR
 
On 8/31/06, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kang kumi neruskeun panaros kang ota, lamun paribasa nu nyebutkeun:
moro julang ngaleupaskeun peusing nu artina (kira-kira cek kuring) jadi ngaleupaskeun kasempetan nu geus nyampak pikeun neangan nu can karuh. naha "darajat" peusing memang leuwih handap tinimbang julang? kumaha tah dongengna nepi ka ngajanggelek jadi paribasa di luhur?

sikuring nanya teh pedah we ari ka julang mah can wawuh heuheu...

dh


On 8/31/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED] > wrote:

Yéy.... ngérakeun... heuheu... Hanjakal teu dikirimkeun jeung potona...

Peusing teh mun ceuk basa Ingdonesiana mah trenggiling, sedengkeun ceuk basa Malayuna pengguling (gara2 sok ngagulungkeun awak tea). Ngaran "pengguling" teh laju dipaké ku urang Inggris, jadi wéh basa Inggrisna pangolin.

Di urang gé asana mah peusing téh sok didahar... atawa diaérkeras pikeun hiasan.



On 31/08/06, [EMAIL PROTECTED] < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kang Kumi, sok sanajan uing urang sunda, tapi da teu apal peusing teh naon. Cingan bahasa Indonesia na naon...?!
Heuheuheu jadi panasaran ku peusing. Pernah oge mireng aya kolot nu nyarita kieu ka anakna : "Jangan pipis disana ntar bau 'peusing'...!!"







--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke